:

Wahyu 10

1

Ti dinya kaula nenjo hiji deui malaikat anu gagah lungsur ti sawarga, salirana diharudum ku halimun, mastakana dikukudung kuwung-kuwung, rarayna lir panonpoe, sampeanana kawas tihang seuneu,

2

nyepeng gulungan kitab leutik anu muka. Sampeanana nu katuhu napak ka laut, nu kenca napak ka darat.

3

Anjeunna nyoara, ngagaur kawas gaurna singa, ditembalan ku gulugurna tujuh guludug.

4

Barang gulugur, geuwat ku kaula rek dituliskeun. Tapi kaburu aya gentra ti sawarga, dawuhanana, "Anu diucapkeun ku eta tujuh guludug ulah dicatet, kudu dirasiahkeun!"

5

Geus kitu malaikat anu ngadegna napak ka laut jeung napak ka darat teh ngacungkeun panangan katuhu ka langit,

6

tuluy sumpah nyambat jenengan Allah anu jumeneng salalanggengna, anu ngajadikeun langit, bumi, jeung laut, katut sagala eusina. Saurna, "Geus teu bisa dilila-lila deui!

7

Tapi lamun malaikat anu katujuh geus niup tarompetna, Allah bakal ngalaksanakeun pangrancang-Na anu rasiah keneh, sakumaha anu geus diandikakeun ka nabi-nabi, abdi-abdi Mantenna!"

8

Gentra anu tadi kadenge ti sawarga teh ngagentra deui ka kaula, "Cokot itu gulungan kitab anu muka teh, anu keur dicekel ku malaikat anu napak ka laut jeung ka darat!"

9

Kaula indit, nyuhunkeun eta kitab leutik ka eta malaikat. Ari saurna, "Heh tampanan terus hakan, dina sungut rasana amis asa madu, geus dina beuteung rasana haseum."

10

Ku kaula ditampanan tuluy didahar. Enya amis asa madu, tapi barang geus di jero beuteung bet haseum.

11

Ti dinya saurna ka kaula, "Embarkeun sakali deui amanat Allah perkara bangsa-bangsa, nagara-nagara, basa-basa, jeung raja-raja."

Link: