Wahyu 11
Kaula ku anjeunna diserenan kayu sateukteuk siga iteuk ukuran, sarta diparentah, "Ukur Bait Allah jeung altar. Itung jelema anu keur ngabarakti di dinya.
Buruan luarna ulah diukur, sabab geus dibikeun ka jalma-jalma lain umat Allah, anu bakal ngaleyek Kota Suci lilana opat puluh dua bulan.
Kami rek ngutus saksi kami duaan. Di jero 1.260 poe tea maranehna bakal ngembarkeun amanat Allah bari marake pakean kasungkawaan."
Eta dua saksi teh nya eta dua tangkal jetun jeung dua lampu anu aya di payuneun Gustina sakuliah bumi.
Musuh anu ngaganggu ka maranehna pasti binasa ku seuneu anu kaluar tina sungut eta dua saksi. Jadi sing saha anu wani-wani nyusahkeun ka maranehna tangtu paeh.
Maranehna barisaeun ngabendung langit nahan hujan satungtung keur ngajalankeun tugasna. Kawasa kana sumber-sumber cai, bisa ngarobah cai jadi getih, barisaeun ngadatangkeun rupa-rupa musibat ka bumi najan sakumaha seringna oge.
Lamun tugasna ngembarkeun amanat geus anggeus, bakal tarung jeung hiji sato ti guha kandungan bumi, tapi eleh nepi ka tiwas duanana.
Mayitna ngalalumbuk di jalan raya di hiji nagara urut Gustina disalib. Eta nagara ngaran kiasanana Sadumu, atawa Mesir.
Mayitna henteu dibikeun dikubur, dilalajoanan ku jalma-jalma ti unggal bangsa, ti unggal kaom, ti unggal basa, jeung ti unggal seler bangsa, lilana nepi ka tilu satengah poe.
Jalma-jalma sukan-sukan, silih kiriman hadiah, aratoheun ku tiwasna eta dua nabi anu geus ngabahlakeun ka umat manusa.
Tapi sanggeus meunang tilu satengah poe ku Allah diasupan deui ambekan, harudang harirup deui, nepi ka jelema-jelema anu narenjoeunana kacida sarieuneunana.
Eta dua nabi ngadenge soara ti sawarga, ungelna, "Hiap unggah!" Tuluy arasup kana mega, unggah ka sawarga, dipalencrong ku musuh-musuhna.
Harita keneh bumi digedag ku lini kacida rongkahna, nepi ka saperpuluh eta kota lebur, jalma-jalma tariwas, aya tujuh rebu urang nu paeh. Anu harirup keneh beak karep sarieuneunana, seug bae ngaraku kana kaagungan Allah nu di sawarga.
Balahi kadua geus liwat, nu katilu tereh nyusul!
Malaikat katujuh niup tarompetna. Sawarga ngageder ku soara anu ungelna, "Kakawasaan geusan murba alam dunya geus dicangking ku Pangeran jeung ku Kristus-Na. Mantenna bakal kawasa salalanggengna!"
Sesepuh anu dua puluh opat urang anu caralik dina tahta di hadirat Allah tea bruk nyaruuh, ngahormat ka Allah,
tuluy ngarucap kieu, "Sewu nuhun nun Pangeran, Allah Nu Maha Kawasa, nu jumeneng ayeuna, nu jumeneng ti jaman baheula! Gusti parantos kersa nyangking kawasa rongkah, ngawitan kersa marentah.
Umat brahala amarah, margi wawales ti Gusti parantos nitih kana wanci: Nerapkeun hukuman ka nu parantos paraeh, ngaganjar ka para abdi, ka nabi-nabi, sareng ka sugri anu ngabakti ka Gusti, ageung alit sami. Ayeuna mangsana ngabasmi maranehna, anu ngaruksak sakuliah bumi."
Bray Bait Allah di sawarga muka, breh Peti Perjangjian Allah anu disimpen di dinya katembong. Karelep kilat tingburinyay, guludug tinggulugur, dibarengan ku lini jeung hujan es kacida rongkahna.