:

Wahyu 12

1

Geus kitu di langit aya hiji tetenjoan luar biasa, kacida ahengna: Aya hiji awewe, pakeanana panonpoe, sukuna napak kana bulan, sirahna make makuta anu make dua welas bentang,

2

rek ngajuru geus sabroleun, ngoceak nyantekkeun brolna.

3

Aya deui tetenjoan aheng di langit: aya naga beureum kacida gedena, huluna tujuh, kabeh marake makuta, tandukna sapuluh.

4

Buntutna ngadudut sapertilu bentang-bentang, dibalangkeun ti langit ka bumi. Seug eta naga ngadangong hareupeun eta awewe, rek nyaplok orokna lamun geus kaluar.

5

Brol awewe teh ngajuru, orokna lalaki, anu bakal murba bangsa-bangsa, marentahna make iteuk beusi. Orokna harita keneh aya anu ngejatkeun ka Allah, kana tahta-Na.

6

Ari indungna ngejat ka gurun keusik, di ditu tempatna geus aya ti Allah, sarta bakal diurus di dinya lilana 1.260 poe.

7

Geus kitu aya perang di sawarga. Mikail jeung para malaikatna merangan naga jeung para malaikatna. Naga eleh, teu meunang deui ngancik di sawarga.

8

Naga sakitu gedena teh dibalangkeun ka luar ti sawarga.

9

Eta oray kahot ti jaman purba teh disebutna Iblis atawa Setan, tukang nyasarkeun saalam dunya. Manehna ditotogkeun ka bumi jeung para malaikatna.

10

Sawarga ngaguruh ku anu ngarucap, "Geus datang kasalametan kagungan Allah! Allah geus nembongkeun kakawasaan yen Mantenna Raja. Ayeuna Kristus-Na geus nembongkeun kakawasaana-Na. Si tukang ngadakwa, anu beurang peuting ngadakwakeun dulur-dulur urang ka Allah geus dibuang ti sawarga.

11

Dulur-dulur urang enggeus tarung paeh-paeh hirup-hirup nepi ka bisa unggul ngelehkeun manehna, ku karana getih Anak Domba, jeung ku karana kayaktian anu diuarkeunana.

12

Ku sabab kitu eh sawarga, eh anu ngarancik di sawarga, sing barungah! Sabalikna, cilaka bumi jeung laut! Sabab Iblis geus turun bari napsu ngagugudug, da nyahoeun geus deukeut kana panungtunganana."

13

Barang naga teh eling yen dirina geus ditotogkeun ka bumi, tuluy ngudag ka awewe anu tas ngajurukeun budak lalaki tea.

14

Tapi eta awewe ku Allah dibere jangjang rajawali sapasang sina hiber ka tanah gurun urut bareto, bakal diurus di dinya tilu satengah taun lilana, aman tina panarajang naga.

15

Naga murakeun cai tina sungutna ngajadi banjir rek malidkeun eta awewe.

16

Tapi bumi nulungan, seug calangap nyedot cai anu diburakeun ku naga.

17

Bawaning ku gemes ka eta awewe, naga indit rek ngabasmi turunanana, nya eta jelema-jelema anu tigin kana timbalan-timbalan Allah, jeung gumati kana kayaktian anu dipertelakeun ku Yesus.

Link: