:

Wahyu 15

1

Geus kitu aya deui hiji pamandangan aheng di langit, agung jeung matak helok kabina-bina. Aya tujuh malaikat nyangking tujuh rupa balahi anu panutup, sabab nya ku ieu balahi-balahi Allah nganggeuskeun bebendu-Na.

2

Kaula nenjo aya anu jiga laut kaca awor jeung seuneu. Jelema-jelema anu geus bisa ngelehkeun sato katut arcana tea jeung ngelehkeun jelema-jelema anu marake cap angka ngaran eta sato, narangtung di sisi eta laut kaca bari nyarekel kacapi ti Allah,

3

sarta nganyanyikeun pupujian Musa abdi Allah jeung pupujianana Anak Domba, kieu: "Nun Gusti, Allah Nu Maha Kawasa, estu agung tur aheng dadamelan Gusti! Nun Raja sagala bangsa, jalan Gusti adil sareng sayaktosna!

4

Saha anu teu bade gimir ka Gusti? Saha anu moal ngaku kana kaagungan Gusti? Mung Gusti bae nu suci. Bangsa-bangsa bakal darongkap sadaya, sembah sujud ka pangersa, wireh tindakan-tindakan Gusti nu adil, kasaksi ku sadayana."

5

Geus kitu katenjo Bait Allah di sawarga muka, di jerona tembong aya Kemah Tepangan Allah.

6

Tujuh malaikat anu nyangking tujuh balahi nu panutup tea kalaluar ti eta Bait Allah, pakeanana tina lawon linen ngeplak bodas harerang, dadana marake solempang emas.

7

Eta tujuh malaikat ku salah sahiji mahluk nu opat dibagi tujuh pinggan emas anu dieusi ku bebendu Allah anu jumeneng salalanggengna.

8

Geus kitu eta Bait Allah teh pinuh ku haseup tina kaagungan jeung kakawasaan Allah, nepi ka taya nu bisa asup ka dinya samemeh balahi anu tujuh rupa anu dicangking ku tujuh malaikat tea dibuktikeun kabeh.

Link: