Wahyu 16
Ti Bait Allah aya gentra handaruan nimbalan ka malaikat nu tujuh, "Geura indit, tamplokkeun eusi pinggan bebendu Allah ka bumi!"
Malaikat nu kahiji namplokkeun pingganna ka bumi. Seug jelema-jelema anu marake tanda sato jeung nyarembah kana arcana teh awakna pinuh ku bisul jahat anu kacida nyerina.
Malaikat kadua namplokkeun pingganna ka laut. Seug cai laut barobah jadi kawas getih jalma paeh. Mahluk-mahluk laut paraeh.
Malaikat nu katilu namplokkeun pingganna ka walungan-walungan jeung sumber-sumber cai, bruy caina jadi getih.
Malaikat nu ngajaga cai nyoara, "Hukuman ti Gusti teh cocog, nun Anu Maha Suci, Gustina kiwari Gustina bihari!
Layak pisan jalmi-jalmi nu ngocorkeun getih umat Allah sareng nabi-nabi teh ku Gusti diinuman getih!"
Tina altar oge aya soara, "Ya Allah Nu Maha Kawasa! Hukuman-hukuman ti Gusti adil, cocog sakumaha kedahna!"
Malaikat nu kaopat namplokkeun pingganna ka panonpoe. Sebret panonpoe ngaluarkeun panas luar biasa, ngarerab manusa.
Jelema-jelema direrab ku panasna, seug nyarumpahan ka pajenengan Allah anu ngawasaan eta balahi-balahi. Maranehna teu eureun tina dosana, ulah-bon muji kana kaagungan Allah.
Malaikat nu kalima namplokkeun pingganna kana tahta sato tea. Reup wilayah kakawasaanana jadi poek, sarta jelema-jelema katarajang kanyeri luar biasa, tingpereket nepi ka huntuna nyareblok kana letahna.
Seug nyarumpahan ka Allah sawarga, aral ku bisul-bisulna, teu tahan ku kanyerina. Maranehna teu daraekeun tobat tina kalakuan jahatna.
Malaikat nu kagenep namplokkeun pingganna ka Walungan Eprat, walungan gede tea. Set caina saat ngoletrak, keur pijalaneun raja-raja ti tatar wetan.
Geus kitu aya tilu roh najis bangunna jiga bangkong, kaluarna tina sungut naga, tina sungut sato, jeung tina sungut nabi palsu.
Eta teh roh-roh jahat anu nyieun kaahengan-kaahengan, tuluy ngulayab ka dunya ngadatangan raja-raja, rek dibawa sakait perang dina poe agung, Poena Allah Nu Maha Kawasa.
"Regepkeun! Kami datang mo kasangka-sangka ibarat datangna bangsat. Salamet nu nyaring ngajaga pakeanana, moal taranjang leumpangna di tengah umum sarta moal nandangan kaera!"
Tilu roh tea ngerid raja-raja ka tempat anu dina basa Ibrani disebut Armagedon.
Malaikat katujuh namplokkeun pingganna ka awang-awang. Tina tahta di Bait Allah aya gentra handaruan ungelna, "Geus tinekanan!"
Tuluy aya kilat tingbaranyay, guludug tingjalegur, jeung lini kacida gedena. Ti barang manusa dijadikeun can aya lini anu sakitu hebatna. Panghebat-hebatna lini!
Kota nu gede tea nepi ka beulah tilu. Kota-kota sakabeh nagara di sadunya burak-barik. Allah emut ka Babul raya, seug eta nagara teh diinuman ku anggur tina lumur Mantenna, anggur bebendu-Na anu ngentab-ngentab.
Pulo-pulo, gunung-gunung, kabeh musna.
Breg hujan es batu anu pohara baradagna nepi ka beuratna masing-masing lima puluh kilogram, ngaburubut ninggangan manusa. Seug maranehna nyarumpahan ka Allah dumeh dibahlakeun ku hujan es anu sakitu hebatna.