:

Wahyu 6

1

Ti dinya segel anu kahiji ku Anak Domba dibuka. Mahluk hirup anu hiji ngucap, tarik sada gelap, "Hiap!"

2

Kaula nenjo hiji kuda bodas. Anu tumpakna nyekel gondewa, tuluy diserenan makuta, semprung maju jadi nu unggul tukang naluk-nalukkeun.

3

Anak Domba muka segel anu kadua. Mahluk hirup anu kadua ngucap, "Hiap!"

4

Kaula nenjo hiji kuda beureum. Nu tumpakna diserenan pedang gede jeung dibere kawasa ngayakeun peperangan di bumi supaya manusa silih paehan.

5

Anak Domba muka segel nu katilu. Mahluk hirup nu katilu ngucap, "Hiap!" Kaula nenjo hiji kuda hideung. Nu tumpakna nyekel taraju sapasang.

6

Ti lebah mahluk hirup anu opat tea bijil soara, pokna, "Gandum saliter keur upah sapoe, hanjeli tilu liter keur upah sapoe. Tapi tangkal jetun jeung kebon anggur ulah diruksak!"

7

Anak Domba muka segel nu kaopat. Mahluk hirup nu katilu ngucap, "Hiap!"

8

Kaula nenjo hiji kuda warna pias. Anu tumpakna dingaranan Paeh, dibarengan ku Alam Paeh anu nuturkeun deukeut pisan ti tukangeunana; duanana diserenan kawasa pikeun maehan manusa saparapat dunya ku perang, ku kalaparan, ku pagebug jeung ku sato-sato galak.

9

Anak Domba muka segel nu kalima. Breh di handapeun altar katenjo aya nyawa para sahid, anu diparaehan lantaran nguarkeun sabda Allah jeung saratia nerangkeun hal kayaktianana.

10

Nyawa para sahid teh nyoara tarik pisan, pokna, "Nun Gusti Nu Maha Kawasa, anu suci sareng sipat saestu! Iraha Gusti bade mariksa sareng ngahukum jalmi-jalmi nu di bumi, nu parantos maehan ka abdi-abdi?"

11

Seug maranehna masing-masing dileler jubah warna bodas jeung ditimbalan reureuh heula sakeudeung, ngadago sasamana ngabdi anu oge bakal diparaehan kawas maranehna, supaya jangkep kabeh.

12

Anak Domba muka segel anu kagenep. Tuluy aya lini kacida rongkahna, reup panonpoe pareum, ngabelegbeg kawas cita hideung kasar, bulan robah jadi beureum kawas getih,

13

bentang-bentang ragragan ka bumi kawas buah kondang tacan asak geus murubut digedang ku angin gede.

14

Langit leungit lir digulungkeun, gunung-gunung jeung pulo-pulo ngaleser tina tempatna.

15

Nu aya di bumi, raja-raja, kapala-kapala, panglima-panglima perang, nu baleunghar jeung jugala jeung salianna, nu karumawula, nu lalugina, marubus ka guha-guha jeung ka handapeun-handapeun cadas di gunung-gunung.

16

Maranehna ngaromong ka eta gunung-gunung jeung cadas-cadas bari tingjarerit, "Kuring urugan! Bunikeun ti soca anu linggih dina tahta! Sumputkeun ti Anak Domba anu keur amarah!

17

Poe pikasieuneun anu pinuh ku amarah maranehna geus datang, saha nu tahan?"

Link: