:

Wahyu 7

1

Sanggeus kitu aya opat malaikat narangtung di opat juru bumi, nahan angin anu opat supaya henteu nebak ka bumi atawa ka laut atawa kana tatangkalan.

2

Jebul hiji deui malaikat ti beulah wetan, mawa hiji cap ti Allah anu jumeneng, cumeluk ka malaikat anu opat anu dibere kawasa pikeun ngaruksak daratan jeung lautan,

3

kieu cumelukna, "Daratan, lautan, tatangkalan, ulah waka dibasmi! Urang ngecapan heula tarang jalma-jalma anu ngarabdi ka Allah urang!"

4

Ti dinya kaula dibejaan yen anu dicapan tarangna ku cap Allah teh aya 144.000 urang ti dua welas kaom Israil,

5

sakaomna masing-masing 12.000 urang, nya eta ti kaom-kaom Yuda, Rubin, Gad, Aser, Naptali, Menase, Simon, Lewi, Isaskar, Sebulun, Yusup, jeung Binyamin.

6

(7:5)

7

(7:5)

8

(7:5)

9

Sanggeus kitu kaula ningal jelema kacida lobana nepi ka moal kaitung. Campur ti sagala bangsa, kaom, seler bangsa, katut basa-basana, narangtung di hareupeun tahta jeung Anak Domba, marake jubah bodas jeung nyarekel palapah daun palem.

10

Maranehna nyoara tarik ngucapkeun, "Kasalametan teh ti Allah urang, anu linggih dina tahta, jeung ti Anak Domba!"

11

Para malaikat anu keur ngalingkungan tahta jeung para sesepuh jeung opat mahluk hirup tea bruk sarujud hareupeun tahta, ngahormat ka Allah.

12

Kabeh nyarebut, "Amin! Puja jeung puji, kaagungan, kaluhungan, pamuji sukur, kahormatan, kakawasaan jeung kawisesaan, kagungan Allah urang salalanggengna. Amin!"

13

Aya sesepuh anu mariksa ka kaula, saurna, "Coba taksir, saha jeung ti mana eta anu dijarubah bodas teh?"

14

Walon kaula, "Sumuhun teu terang. Juragan anu langkung uninga." Saurna, "Eta teh jalma-jalma anu tas dikaniaya kacida hebatna. Ayeuna geus saralamet. Jubahna geus barodas beresih sabab geus diseuseuh ku getih itu Anak Domba.

15

Kitu sababna maranehna aya di dieu, di payuneun tahta Allah, beurang peuting ngawula ka Mantenna di bait-Na nu suci. Maranehna ditangtayungan ku Mantenna anu linggih dina tahta.

16

Moal kalaparan deui, moal ngarasa halabhab deui, moal kaseureud deui ku panasna panonpoe atawa ku panas naon bae,

17

sabab bakal diaping ku itu Anak Domba anu aya di tengah-tengah tahta, bakal dibawa ka cinyusu kahirupan, sarta cipanonna bakal disusutan ku Allah."

Link: