:

Wahyu 8

1

Barang segel anu katujuh dibuka, sawarga jempling kira-kira satengah jam lilana.

2

Geus kitu kaula nenjo aya tujuh malaikat narangtung di hadirat Allah, tuluy diserenan tujuh tarompet.

3

Aya hiji malaikat deui datang mawa parukuyan emas tuluy nangtung deukeut altar. Seug diasongan dupa loba pisan, kukuskeuneun dina altar emas hareupeun tahta, dicampurkeun jeung paneda-paneda umat Allah.

4

Haseup kukus dupa anu dicampur jeung paneda-paneda umat Allah teh ngelun tina leungeun eta malaikat anu nangtung di hadirat Allah.

5

Geus kitu parukuyanana ku eta malaikat dicokot, dieusian ruhak tina altar, tuluy diawurkeun ka bumi. Guludug disada ngagulugur, kilat tingjorelat, sarta aya lini di bumi.

6

Malaikat nu tujuhan tea sadia-sadia rek nariup tarompet.

7

Malaikat kahiji niup tarompetna. Ti dinya bumi katinggang ku hujan es jeung seuneu campur getih. Sapertilu bumi, sapertilu tatangkalan, dangdaunan jeung jujukutan anu harejo musna kahuru.

8

Malaikat kadua niup tarompetna. Ti dinya aya anu siga gunung ngagedur ku seuneu dikunclungkeun ka laut. Sapertilu laut jadi laut getih.

9

Sapertilu mahluk laut paraeh, sapertilu kapal-kapal barejad.

10

Malaikat katilu niup tarompetna. Seug aya hiji bentang kacida gedena ragrag ti langit, hurung kawas obor, ninggang ka sapertilu walungan jeung sumber-sumber cai salian ti eta.

11

(Ngaran ieu bentang teh "Pait".) Sapertiluna cai jadi pait. Jalma-jalma loba anu paraeh, sabab sakur anu nginum eta cai tuluy paeh ku paitna.

12

Malaikat kaopat niup tarompetna. Sapertilu panonpoe, sapertilu bulan, sapertilu bentang-bentang, kateumbrag ku sorana. Sapertilu cahayana masing-masing pareum. Sapertilu beurang jeung sapertilu peuting teu kabagian caang.

13

Geus kitu kaula nenjo hiji manuk rajawali hiber luhur di awang-awang, sarta kadenge disada tarik jeung aya unina: "Balahi! Balahi! Balahi pangeusi bumi lamun tarompet anu tilu deui geus ditiup ku malaikat!"

Link: