Yeheskel 11
Kaula ku Roh PANGERAN diangkat, dicandak ka gapura Bait Allah beulah wetan. Di dinya ningal aya dua puluh lima jelema, di antarana aya dua pamingpin bangsa, nya eta Yaasanya bin Asur jeung Pelaca bin Benaya.
Allah nimbalan ka kaula, "Eh anak manusa, eta jelema-jelema teh tukang ngararancang kajahatan, tukang ngajurung kana teu bageur di ieu kota.
Carekna, ‘Urang kudu buru-buru nyarieun deui imah. Ieu kota lir upama kastrol, ari urang lir upama daging anu digodog dina eta. Tapi kieu-kieu oge lumayan jadi hahalang, urang teu kungsi antel kana seuneu.’
Pek ayeuna ieu omongkeun ku maneh ka maranehna, eh anak manusa!"
Seug kaula dituyun ku Roh PANGERAN, sarta PANGERAN nimbalan sangkan kaula ngucapkeun sabda-Na, kieu timbalana-Na, "Eh urang Israil! Kami uninga kana ucap-ucapan jeung sagala paniatan maneh.
Maraneh di ieu kota geus maehan pirang-pirang jelema, nepi ka bangke-bangke patulayah di jalan-jalan.
Ku sabab kitu, kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ka maneh: Bener pisan, ieu kota teh kastrol. Cik dagingna naon? Dagingna teh bangke-bangke meunang maraneh mergasa! Maraneh baris euweuh ti dieu, ku Kami rek dibalangkeun ti ieu kota!
Sarieun maneh ku pedang? Kami rek ngadatangkeun jelema-jelema nu marawa pedang, sina narajang ka maraneh.
Maraneh ku Kami arek digiring kaluar ti ieu kota, diselehkeun ka urang asing. Maraneh ku Kami geus ditigas ku hukum pati.
Bakal paraeh ku perang di nagri sorangan, sangkan unggal jelema nyaho yen Kami teh PANGERAN.
Ieu kota moal bisa dipake nyalindung ku maraneh, moal cara kastrol ngajaga daging sangkan teu antel kana seuneu. Aya di mana bae di ieu nagri Israil, maraneh moal teu dihukum ku Kami.
Engke kakara nyaraho, Kami teh PANGERAN, kakara ngarasa yen tuhu kana hukum bangsa-bangsa tatangga teh hartina miceun hukum-hukum Kami, nolak kana parentah-parentah Kami."
Sabot kaula ngucapkeun eta sabda, Pelaca ngarumpuyuk tuluy maot. Bruk kaula nyuuh kana taneuh bari ngajerit, "Nun PANGERAN Nu Maha Agung, kutan Gusti teh bade maehan unggal jalmi Israil anu nyesa keneh?"
Allah nimbalan ka kaula,
"Eh anak manusa, maneh jeung batur-batur dipangbuangan, diaromongkeun ku nu araya di Yerusalem. Ceuk maranehna, ‘Jalma-jalma nu dibuang mah geus kacida jarauhna ti dieu, moal bisa daratang ngabakti ka PANGERAN. Ieu nagri ku PANGERAN geus dibikeun jadi milik urang.’
Ayeuna ucapkeun ka sasama buangan ieu sabda Kami. Bejakeun, nya Kami anu ngirim maranehna sina aya di tengah bangsa-bangsa jauh ti nagrina, dibacacarkeun di nagri-nagri lian. Tapi sajeroning maranehna araya di tempat-tempat pangluntaanana, ku Kami rek direujeungan.
Ku sabab eta, bejakeun ka maranehna sabda Kami, PANGERAN Nu Agung. Sebutkeun yen maranehna baris dibawa kaluar ti nagri tempat maranehna bacacar, sarta nagri Israil ku Kami rek diserenkeun deui ka maranehna.
Lamun maranehna geus araya deui di lemah caina, lamun manggih brahala najis jeung pikaijideun tangtu dipiceun.
Hate jeung pipikiranana baris dianyarkeun. Sipatna anu bedegong, hatena anu teuas cara cadas, baris disalin ku hate anu nurut.
Maranehna baris tuhu kana parentah-parentah Kami, baris tigin kana aturan-aturan Kami, jaradi umat Kami, sarta Kami Allah maranehna.
Tapi Kami baris ngahukum ka jelema-jelema anu nyarembah ka brahala-brahala anu pikaijideun. Ku karana kalakuanana, ku Kami tangtu dihukum." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.
Mahluk-mahluk tea tuluy haliber, dituturkeun ku kikiping-kikiping, diauban ku cahaya kamulyaan Allah anu gumebyar.
Cahaya anu gumebyar teh ninggalkeun kota, tuluy kebat ka gunung wetaneunana.
Dina eta titingalan, kaula diangkat ku Roh Allah, dicandak ka tempat pangbuangan deui di Babul. Les titingalan teh leungit.
Sagala rupa anu ku PANGERAN ditembongkeun ka kaula, ku kaula dicaritakeun ka sasama buangan.