:

Yeheskel 12

1

PANGERAN nimbalan ka sim kuring,

2

"Eh anak manusa, maneh hirup teh di antara jelema-jelema tukang ngalawan. Maranehna barogaeun mata, tapi teu narenjoeun naon-naon, barogaeun ceuli tapi teu ngadarengeeun naon-naon, lantaran ngaralawan bae.

3

Eh anak manusa, ayeuna maneh kudu bubuntel cara anu rek ngungsi. Memeh reup peuting kudu indit. Sing katangen ku sarerea maneh indit ti dieu rek ka tempat sejen, sugan daraekeun maranehna malire ari nenjo kitu mah.

4

Meungpeung beurang, geura bubuntel sakumaha jalma nu rek dibuang, sina katarenjoeun ku maranehna, jeung sina diarawaskeun maneh indit engke peuting saperti nu rek ka pangbuangan.

5

Sabot maranehna ngarawaskeun, maneh kudu ngabobok bilik imah, poncorkeun barang-barang maneh ti dinya.

6

Sina katarenjoeun maneh poek-poek indit nanggung babawaan jeung peungpeunan panon nepi ka maneh talag-tolog teu nenjo jalan. Sapeta-peta maneh kitu baris jadi galagat pikeun urang Israil."

7

Sapamundut PANGERAN ku kaula dijalankeun. Kaula bubuntel kawas anu rek ngungsi. Sanggeus reup poek tuluy nyieun liang dina tembok imah, ku leungeun bae, tuluy moncor ti dinya. Sabot jalma-jalma malencrong, kaula indit manggul babawaan.

8

Poe isukna PANGERAN nimbalan,

9

"Eh anak manusa," timbalana-Na, "urang Israil nu baredegong teh naranyakeun, carekna maneh teh nanaonan.

10

Bejakeun ieu sabda Kami, PANGERAN, ka maranehna, pikeun raja anu keur marentah di Yerusalem jeung pikeun bangsa Israil anu araya di dinya.

11

Bejakeun, anu dipetakeun ku maneh teh hiji totonde anu bakal karandapan ku maranehna. Nya eta: maranehna bakal naringgalkeun padumukanana, jaradi tawanan.

12

Rajana anu kawasa ka maranehna bakal manggul babawaanana bari mopoek, kabur, jalanna moncor kana tembok beunang ngabobok rahayatna. Inditna bari meungpeun, nepi ka teu nyaho arek ka mana.

13

Tapi ku Kami rek ditaheunan ku jaring, tuluy rek dibawa ka kota Babul, sina paeh di ditu kalawan teu kungsi nenjo heula eta kota.

14

Anggota-anggota pangadilanana, juru-juru nasehatna, jeung para pangawalna ku Kami rek dipabalencarkeun, sarta bakal ditareangan ku rahayatna rek dipaehan.

15

Sanggeus pabalencar, di tengah bangsa lian, di nagri-nagri asing, kakara maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.

16

Bakal aya sawareh anu ku Kami dihaja sina salamet, henteu kasabet ku perang, teu kasorang ku kalaparan jeung ku sasalad panyakit, sina karasaeun di tengah bangsa-bangsa nu ngaboyongna, yen kalakuan-kalakuanana teh pohara pikaijideunana, sarta bakal ngaraku yen Kami teh PANGERAN."

17

PANGERAN nimbalan ka kaula,

18

"Eh anak manusa", timbalana-Na, "maneh saban dahar kudu bari ngadaregdeg, saban nginum kudu bari ngagebeg sieun.

19

Bejakeun ka bangsa Israil anu araya keneh di nagrina: Saban maranehna dahar, tangtu bari jeung ngadaregdeg, saban nginum tangtu bari jeung gegebegan sieun. Nagrina bakal suwung, ku karana pamolah jelema-jelemana anu teu malire kana hukum.

20

Nagri-nagri anu ayeuna gegek pangeusina teh bakal jadi leuweung. Engke kakara maranehna nyaraho yen Kami teh PANGERAN."

21

PANGERAN nimbalan ka kaula,

22

"Eh anak manusa, ku naon urang Israil marake babasan kieu: ‘Waktu jalan terus, sarta piwejang-piwejang teu bukti’?

23

Bejakeun ka maranehna sabda Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngeunaan eta babasan. Rek dieuweuhkeun eta babasan teh ku Kami. Moal diucap-ucapkeun deui di Israil. Bejakeun, ieu pigantieunana: Waktu geus tangtu cunduk, piwejang-piwejang pasti bukti!

24

Pelengan-pelengan anu palsu, atawa ramalan-ramalan anu nyasabkeun, moal aya deui di Israil.

25

Kami, PANGERAN Nu Maha Agung baris nyarita, sarta pangandika Kami pinasti ngajadi. Jeung moal aya anu diengke-engke, jaman maraneh keneh kiwari, naon anu ku Kami geus diomat-omatkeun tangtu ngajadi. Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, geus ngandika."

26

PANGERAN nimbalan ka kaula,

27

"Eh anak manusa, tetenjoan maneh anu gaib, kitu deui piwejang-piwejang maneh, ceuk panyana urang Israil tangeh keneh kana pibuktieunana.

28

Bejakeun ka maranehna, yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngandika kieu: Pangandika Kami pasti bukti, moal aya anu diengke-engke. Kami, PANGERAN Nu Maha Agung geus ngandika."

Link: