Yeheskel 14
Aya sawatara urang kokolot Israil daratang ka kaula, naranyakeun pikersaeun PANGERAN.
Tapi PANGERAN ngadawuh kieu ka kaula.
"Eh anak manusa," dawuhana-Na, "eta jelema-jelema geus mikeun hatena ka brahala-brahala, daraek ku brahala dikusrukkeun kana dosa. Panyangkana Kami rek daek ngajawab?
Jawab ku maneh, kieu sabda Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Tiap jelema anu geus mikeun hatena ka brahala, sarta daraek dikusrukkeun kana dosa, lamun menta bongbolongan ka nabi, Kami anu bakal ngajawabna, jawaban anu pantes katarima ku brahala-brahalana anu sakitu lobana!
Eta brahala-brahala ngalantarankeun urang Israil naringgalkeun Kami. Tapi muga-muga jawaban Kami jadi lantaran maranehna saratia deui ka Kami.
Ku sabab eta, bejakeun ka urang Israil ieu sabda Kami, PANGERAN Nu Maha Agung: Geura baralik deui ka Kami, tinggalkeun brahala-brahala maraneh anu pikaijideun.
Samangsa-mangsa urang Israil, atawa urang asing anu matuh di urang Israil anu geus ninggalkeun Kami sarta nyembah ka brahala, lamun menta pituduh ka nabi, rek dijawab sorangan ku Kami, PANGERAN.
Kami anu baris nyanghareupanana! Ku Kami arek disuguhan hiji misil. Geus kitu arek disingkirkeun ti kalangan umat Kami, sangkan nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN.
Jadi upama nabi ngabobodo ku jawaban palsu, eta memang dihaja ku Kami. Sarta anu nanyana ku Kami tangtu disingkahkeun ti urang Israil.
Boh nabina, boh nu nanyana, duanana bakal dihukum, hukumanana sarua.
Ieu geusan ngajaga, sangkan urang Israil ulah nepi ka henteu malire ka Kami, ulah ngotoran dirina ku dosa. Urang Israil kudu jadi umat Kami, Kami anu kudu jadi Allah maranehna." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.
PANGERAN nimbalan ka kaula.
"Eh anak manusa," timbalana-Na, "upama aya nagri anu nyieun dosa jeung henteu satuhu ka Kami, leungeun Kami bakal ngabasmi bahan panganna. Sina kalaparan, nepi ka paraeh, boh jelemana, boh sato-satona.
Najan upama Enoh, Danel jeung Ayub harirup keneh di dinya, kaibadahanana ngan bisa keur nyalametkeun dirina masing-masing bae." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.
"Atawa bisa jadi Kami rek ngirimkeun sato-sato galak sina maehan jalma-jalma, nepi ka sakuliah nagri jadi bahaya sarta moal aya nu bisa indit-inditan.
Sanajan upama Enoh, Danel, jeung Ayub harirup keneh di eta nagri, demi Kami Allah anu jumeneng, PANGERAN Nu Maha Agung, maranehna moal bisa nyalametkeun anakna-anakna acan, ngan bisa nyalametkeun dirina masing-masing bae, sarta eta nagri teh bakal jadi leuweung.
Atawa bisa jadi ku Kami nagrina sina ditarajang ku perang, sina tumpur ku pakarang perang, boh jelemana, boh sato-satona beak disapu.
Sanajan upama eta anu tiluan harirup keneh di dinya, maranehna moal bisa nyalametkeun anak-anakna acan, ngan ukur bisa nyalametkeun dirina masing-masing bae, demi Kami Allah anu jumeneng, PANGERAN Nu Maha Agung.
Upama Kami nepi ka ngadatangkeun panyakit, sarta ku bawaning jengkel nepi ka maehan jelema jeung sasatoan kacida lobana,
sanajan upama Enoh, Danel jeung Ayub harirup keneh di dinya, demi Kami Allah anu jumeneng, PANGERAN Nu Maha Agung, maranehna moal bisa nyalametkeun anak-anakna acan, ngan bisa nyalametkeun dirina masing-masing bae. Kaibadahanana teh ngan bisa nyalametkeun maranehna masing-masing bae."
Kieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung, "Kami arek ngadatangkeun opat rupa hukuman anu pangbeuratna ka Yerusalem, nya eta: perang, kalaparan, sato galak jeung panyakit pikeun numpes, boh ka jelema boh ka sato.
Upama aya anu hirup keneh tur bisa nulungan anak-anakna, seug daratang ka maneh, tengetkeun, kumaha jahatna eta jelema-jelema teh. Tangtu maneh bakal ngarasa yen hukuman ti Kami ka Yerusalem teh adil kacida.
Tangtu tetela yen Kami ngahukum teh lain teu karana sabab." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.