:

Yeheskel 15

1

PANGERAN nimbalan ka kaula.

2

"Eh anak manusa," timbalana-Na, "naon bedana areuy anggur jeung tangkal kai? Naon leuwihna dahan tina tangkal anggur ti kai-kai leuweung?

3

Bisa eta teh dijieun jadi hiji barang? Bisa dijieun gantungan upamana, paragi ngagantungkeun parabot?

4

Alus keur nyieun seuneu wungkul. Lamun tungtung-tungtungna geus beak kabeuleum jeung tengahna geus jadi seuneu, na bisa dipake juan-jieun?

5

Keur memeh kaduruk geus teu bisa dipake naon-naon, komo lamun geus tutung, moal bisa kapake naon-naon."

6

Ku sabab eta, kieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung: "Ibarat tangkal anggur diala ti leuweung tuluy diduruk, jelema-jelema nu araya di Yerusalem ku Kami rek dicokot,

7

sarta tuluy dihukum. Maranehna kungsi luput tina seuneu. Tapi ku seuneu anu ayeuna mah pasti beak kaduruk. Waktu maranehna keur dihukum kitu bakal tetela ka maneh yen Kami teh PANGERAN.

8

Maranehna geus miceun Kami. Ku sabab kitu ieu kota ku Kami rek dijieun leuweung." Kitu timbalan PANGERAN.

Link: