Yeheskel 17
PANGERAN nimbalan ka kaula.
"Eh anak manusa," timbalana-Na, "ucapkeun ieu misil ka urang Israil,
sangkan nyarahoeun sabda Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Kieu: Aya hiji manuk rajawali kacida gedena, buluna alus, jangjangna rubak tur tohaga, hiber ka Gunung Libanon, motongkeun pucuk hiji tangkal kiputri.
Eta pucuk dibawa ka hiji kota niaga, ka tempat para sudagar.
Geus kitu manuk rajawali teh mindahkeun hiji petetan ti tanah Israil, dipelakkeun di hiji lahan anu subur jeung teu kurang cai.
Petetan teh jadi tangkal anggur alus pisan, mani nguyupuk ngarambat ka mana-mana, regang-regangna tingpelengkung ka lebah manuk rajawali tea. Akarna jero, regang-regangna rekep, daunna gomplok, tangkalna mani teu tembong.
Aya deui manuk rajawali sejen. Jangjangna rubak jeung tohaga, buluna kandel. Akar anggur teh malik ka lebah eta manuk, daunna ge malik ngaroyom ka lebahna, hayang meunang cai leuwih loba ti batan di lahan tempat nangtungna.
Padahal di dinya ge kacida suburna tur teu kurang cai, daunna geus gomplok, buahna moal teu leubeut, pijadieun tangkal anggur anu alus.
Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, rek nanya: Kira-kirana eta tangkal anggur teh bakal jadi tur hirup? Naha moal dirabut jeung akar-akarna ku rajawali anu melakna, buahna diorag, regang-regangna dipites-piteskeun sina terus paeh? Pikeun nyabutna teu kudu ku bangsa anu kuat atawa ku tanaga gede.
Memang eta teh dipelak, tapi naha bakal jadi tur hirup? Jeung lamun katebak angin ti wetan naha moal perang?"
PANGERAN nimbalan ka kaula,
"Tanyakeun ka eta bangsa anu bangkawarah, nyaho atawa henteu kana hartina eta misil. Omongkeun kieu: Bareto raja Babul datang ka Yerusalem, nyokot raja jeung para gegeden dibawa ka Babul.
Ti turunan raja tea, aya saurang anu ku raja Babul diajak nyieun hiji perjangjian, jeung disumpah dipenta satiana. Jelema-jelema nu parentingna ku raja Babul dijieun tandon,
maksudna supaya eta bangsa ulah bisa barontak, jeung supaya perjangjian tea bisa jalan.
Tapi eta raja Yuda teu burung barontak, ngirim utusan ka Mesir, menta dikirim kuda jeung tentara loba. Kumaha pamentana teh bakal dicumponan? Kumaha eta pagaweanana teh bakal mulus? Naha eta anu ngalanggar jangji teh moal meunang hukuman?
Demi Kami Allah nu jumeneng," timbalan PANGERAN Nu Maha Agung, "eta raja bakal paeh di Babul, lantaran ngalanggar sumpah jeung jangjina ka raja Babul, anu ngangkat manehna kana tahta.
Balad Mesir anu gagah rongkah oge moal bisa nulungan manehna perang, upama urang Babul geus prak nyarieun gugunungan jeung ngarali lombang-lombang pikeun ngagempur jeung maehan.
Manehna geus tangtu moal salamet, tamahana ngalanggar sumpah jeung jangji."
PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Demi Kami Allah anu jumeneng, tangtu manehna ku Kami dihukum, lantaran ngalanggar jangji anu diikrarkeun kalawan sumpah nyebut jenengan Kami.
Ku Kami rek ditaheunan ku jaring, rek dibawa ka Babul, sina narima hukumanana lantaran henteu satia ka Kami.
Baladna anu garagah bakal tumpur di pangperangan, anu harirup keneh bakal paburisat. Kakara engke nyaraho yen Kami teh PANGERAN. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."
Kieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung, "Kami arek motong pucuk hiji tangkal kiputri anu luhur, jeung rek ngala hiji sirung. Rek dipelak di hiji gunung anu luhur,
gunung di Israil anu pangluhurna, sina dahanan, sina buahan, jadi kiputri anu nya gede nya luhur. Rupa-rupa manuk bakal areunteup di dinya, baretah ngariuhan.
Tatangkalan di eta tanah bakal nyaraho, Kami teh PANGERAN. Nu laluhur ku Kami rek dituaran, nu harandap sina ngajarangkungan. Nu harejo rek disina ngarangrangan, nu ngarangrangan rek disina harejo. Kami, PANGERAN geus ngandika kitu, tangtu baris dibuktikeun, luyu jeung ucapan Kami."