:

Yeheskel 18

1

PANGERAN nimbalan ka kaula,

2

timbalana-Na, "Paribasa naon anu sok diarucapkeun di Israil? Kieu: ‘Kolot nu ngadahar buah anggur haseum, anak nu ngarasa linu.’

3

Demi Kami Allah nu jumeneng," timbalan PANGERAN, "eta paribasa moal disebut-sebut deui di Israil.

4

Unggal jalma, boh bapa, boh anak, umurna Kami nu boga. Saha nu boga dosana, eta anu kudu paeh.

5

Upamakeun, aya jelema bageur, bener, jujur.

6

Henteu nyembah ka brahala urang Israil, tara ngadahar kurban anu dibaktikeun di tempat pamujaan brahala, tara ngagoda pamajikan batur, tara sapatemon jeung awewe nu keur haid,

7

tara hianat, tara rarampas, daek mulangkeun barang anu dijieun tandon ku nu boga hutang, daek mere dahar ka nu kalaparan, mere pake ka nu teu boga pakean,

8

ka nu nginjeum duit tara morot kauntungan, tara jail kaniaya, adil palamarta ka pada jalma.

9

Cindekna tigin kana parentah-parentah Kami, tuhu kana hukum-hukum Kami. Eta nu ibadah kitu tangtu salamet," timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.

10

"Upamakeun eta jelema boga anak. Anakna ngarampog, maehan,

11

boga kalakuan anu ku bapana mah dipahing. Sok ngadahar kadaharan tina kurban-kurban di candi-candi, ngagoda pamajikan batur,

12

hianat ka nu balangsak, rarampas, nahan barang anu ku nu boga hutang dijieun tandon, asup ka candi-candi umat brahala ngadon muja ka brahala-brahala pikaijideun,

13

morot kauntungan ti nu nginjeum duit. Naha jelema kitu bakal salamet? Moal, moal salamet. Geus migawe kalakuan-kalakuan anu sakitu pikaijideunana mah kudu paeh, katulah ku dosana.

14

Upamakeun eta jelema jahat teh boga anak, anakna nyahoeun yen bapana jahat, tapi teu nurutan jahat.

15

Teu milu muja ka brahala urang Israil, teu milu ngadahar kadaharan tina kurban di candi-candina, tara ngagoda pamajikan batur,

16

ka sasaha tara meres tara rarampas, barang anu ditandonkeun ku manehna dipulangkeun, daek mere dahar ka nu kalaparan, mere pakean ka nu rudin,

17

mahing kana kajahatan, tara morot kauntungan ka nu nginjeum duit, tuhu kana hukum-hukum Kami, tigin kana parentah-parentah Kami. Eta jelema moal cilaka ku karana dosa bapana, hirupna tangtu jamuga.

18

Sabalikna bapana anu tupa-tipu jeung rarampas, jahat ka sasama hirup, tangtu paeh ku dosana sorangan.

19

Carek maneh, ‘Ku naon eta anakna wet teu nanggung dosa bapana?’ Jawabanana: Anakna mah bener lampahna, hade kalakuanana, tuhu kana hukum-hukum Kami, nurut sarta ati-ati, geus tangtu salamet.

20

Nu kudu paeh mah nu boga dosana. Anak moal bisa nanggung dosa bapa, bapa moal bisa nanggung dosa anak. Mana nu hade meunang ganjaran, mana nu jahat meunang siksaan tina kajahatanana.

21

Lamun jalma jahat tobat tina kajahatanana sarta nurut kana hukum-hukum Kami, lampahna jadi bener, kalakuanana jadi hade, tangtu salamet moal paeh.

22

Dosa-dosana kabeh dihampura, sarta ku sabab kalakuanana geus bener tangtu hirup.

23

Dikira Kami bungah ningali jalma doraka paeh?" timbalan PANGERAN Nu Maha Agung. "Kami leuwih bungah saupama ningali jelema tobat sangkan bisa hirup.

24

Sabalikna lamun jelema ibadah geus henteu ibadah tuluy nyieun kajahatan, nyieun hal-hal anu pikaijideun anu biasa dipigawe ku nu jarahat, na eta teh kudu hirup? Moal, moal! Malah kabageuranana nu enggeus-enggeus moal diinget-inget acan. Kudu paeh ku tamahana, ninggalkeun ibadah terus migawe dosa.

25

Ari carek maraneh mah, ‘Salah ari kitu mah PANGERAN teh.’ Dengekeun eh urang Israil. Carek pamikir maraneh jalan Kami kitu teh salah? Puguh jalan maraneh anu salah.

26

Lamun jelema ibadah geus henteu ngalampahkeun deui nu hade sarta terus nyieun kajahatan, seug paeh, paehna teh ku karana dosana sorangan.

27

Sabalikna lamun jelema jahat eureun tina kajahatanana tuluy nyieun kalakuan anu hade jeung bageur, eta teh matak rahayu kana hirupna.

28

Manehna eling tina kajahatanana, seug eureun tina nyieun dosa, geus tangtu moal paeh, geus tangtu hirup rahayu.

29

‘Salah ari kitu mah PANGERAN teh,’ lain kitu carek maraneh, urang Israil? Puguh pikiran maraneh anu salah.

30

Ayeuna Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngabejaan ka maraneh, urang Israil, yen Kami bakal ngahukum ka maraneh satimpal jeung kalakuan maraneh. Geura areling tina kajahatan, sangkan ulah cilaka ku dosa sorangan.

31

Geura eureunan kajahatan maraneh, anyarkeun hate jeung pikiran. Na harayang paeh maraneh teh, eh urang Israil?

32

Kami mah henteu hayang ningali aya jelema paeh," timbalan PANGERAN Nu Maha Agung. "Geura tarobat supaya harirup."

Link: