:

Yeheskel 19

1

Allah miwarang kaula nganyanyikeun ieu lagu duka pikeun dua urang pangeran Israil:

2

Indung maneh lir singa bikang nu luar biasa, anu ngagedekeun anak-anakna di antara singa-singa jalu anu garalak.

3

Anakna nu hiji diwarah moro, tungtungna jadi tukang ngakan jelema.

4

Bangsa-bangsa mareunang beja, eta singa ditaheunan ku cubluk nepi ka beunang, tuluy digusur make kakait ka Mesir.

5

Indungna nu ngadadago, ngarasa yen anakna geus lapur, seug ngawarah hiji deui anakna, nepi ka gede jeung gagah.

6

Sanggeus jadi singa dewasa, milu jeung singa-singa sejen neangan mangsa. Ieu oge diwarah moro, sarta jadi tukang ngakan jelema.

7

Eta singa ngadobrak benteng-benteng, ngacak-ngacak kotana, saban manehna ngagaur, jalma-jalma eusi nagri ngarasa sieun.

8

Jalma-jalma sabilulungan, ti mana-mana daratang. Eta singa geus dikepung, ditaheunan make jaring.

9

Sanggeus beunang, diasupkeun ka jero kandang, tuluy dibawa ka raja Babul, dijaga bisi leupas. Sada gaurna moal kadenge deui di pagunungan Israil.

10

Indung maneh saibarat tangkal anggur, nu dipelak sisi susukan. Ku sabab teu kurang cai, jadina alus, daunna gomplok buahna leubeut.

11

Regang-regangna baradag sarta tareuas, pantes dijieun iteuk karajaan. Tangkalna terus keneh ngaluhuran, nepi kana mega, katembong ku sarerea tur semu iuh.

12

Kek dicekel ku nu ambek, dirabut jeung akar-akarna, dibalangkeun kana taneuh, geus kitu katiup angin ti wetan, buahna gararing, dahan-dahanna saremplak, jaradi pangpung tuluy kahuru.

13

Eta tangkal tuluy dipelak di gurun keusik, tanah kelang euweuh cai.

14

Malah dahan-dahanna keuna ku seuneu, kahuru buahna beak. Dahanna geus teu pantes dijieun iteuk karajaan. Ieu hiji lagu duka; geus dinyanyikeun bulak-balik.

Link: