:

Yeheskel 37

1

Kaula ngarasa aya dina kakawasaan PANGERAN, sarta ku Roh Mantenna kaula dibawa, terus diturunkeun di hiji lebak anu pinuh ku tulang-taleng.

2

Ti dinya dibawa ngurilingan eta lebak. Tulang-taleng teh kacida reana jeung geus gararing.

3

Mantenna ngalahir, "Eh anak manusa, kumaha eta tulang-taleng teh bisa harirup deui?" Kaula ngawangsul, "Nun PANGERAN Nu Maha Agung, Gusti nu langkung uninga!"

4

Dawuhana-Na, "Ucapkeun ieu ramalan ka eta tulang-taleng. Bejakeun ka eta tulang-taleng nu gararing, barandungan kituh ieu ucapan PANGERAN.

5

Bejakeun yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, ngandika kieu ka maranehna: Maraneh rek diasupan napas, dihirup-hirupkeun deui.

6

Rek dilengkepan ku urat sarap jeung otot sarta ditutup ku kulit, tuluy diasupan napas sangkan harirup deui. Geus kitu maraneh bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN."

7

Seug kaula ngucapkeun ramalan sakumaha anu dipiwarang. Sabot kaula ngomong keneh, kadenge tulang-taleng teh disarada trak-trek-trok, tuluy mimiti nyararambung.

8

Sabot diawaskeun, tulang-taleng anu geus nyararambung teh geus katutup ku urat sarap, ku otot-otot jeung ku kulit, ngan can aya ambekanana.

9

Allah ngadawuh ka kaula, "Eh anak manusa, ramalkeun ieu ka angin. Bejakeun ka angin yen dipiwarang ku PANGERAN Nu Maha Agung kudu daratang ti saban juru, geusan mere napas ka ieu jasad-jasad nu paraeh sina harirup deui."

10

Seug kaula ngaramal numutkeun timbalana-Na. Sup napas arasup kana eta jasad-jasad, sarta jasad-jasad teh harirup tuluy narangtung. Ari lobana cukup keur ngawangun hiji angkatan perang.

11

Allah ngadawuh ka kaula, "Eh anak manusa, urang Israil teh sakumaha eta tulang-taleng. Carekna, maranehna teh geus gararing, geus pegat hamo bisa menyat.

12

Ku sabab kitu ramalkeun kieu ka eta umat Kami Israil, bejakeun yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, baris muka kuburan maranehanana. Maranehanana ku Kami arek dikaluarkeun tina kuburan, rek dipulangkeun ka tanah Israil.

13

Saupama tempat-tempat umat Kami dikubur tea ku Kami geus dibuka, sarta maranehanana dikaluarkeun ti dinya, bakal nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN.

14

Maranehna rek diasupan napas Kami sina harirup deui, sina nyaricingan tanahna sorangan. Geus kitu bakal nyarahoeun yen Kami teh PANGERAN. Kitu ikrar Kami, ku Kami tangtu dijalankeun. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

15

PANGERAN ngadawuh deui ka kaula.

16

"Eh anak manusa," dawuhana-Na, "maneh kudu nyokot hiji iteuk kai, ukir ku tulisan anu unina: ‘Karajaan Yuda’. Geus kitu nyokot hiji deui, ukir ku tulisan nu unina ‘Karajaan Israil’.

17

Geus kitu eta dua iteuk teh tungtung pada tungtung keupeul sina siga ngan hiji.

18

Di mana bangsa maneh menta katerangan pihartieunana,

19

caritakeun yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, bakal nyokot eta iteuk anu ngalambangkeun Israil, rek dihijikeun jeung iteuk anu ngalambangkeun Yuda. Tina eta dua iteuk, Kami rek nyieun hiji iteuk anu baris digenggem ku Kami.

20

Cekel ku leungeun maneh eta dua iteuk teh, jeung sina katarenjoeun ku jalma-jalma.

21

Tuluy caritakeun yen Kami, PANGERAN Nu Maha Agung baris nyandak sakumna umat Kami ti antara bangsa-bangsa, rek dikumpulkeun sina ngahiji, tuluy dibawa mulang ka tanahna sorangan.

22

Di eta tanah, di pagunungan Israil, maranehanana ku Kami rek dijadikeun sabangsa, diparentah ku raja saurang, moal dijadikeun deui dua bangsa atawa dipecah jadi dua karajaan.

23

Moal nganistakeun dirina deui ku brahala-brahala anu pikacuaeun, moal ngarurujit deui hirupna ku dosa. Ku Kami baris dibebaskeun tina sagala hal anu matak jadi dosa atawa matak ngahianat ka Kami. Rek disucikeun, baris jadi umat Kami sarta Kami jadi Allahna.

24

Ari pirajaeunana nya raja anu cara abdi Kami Daud. Maranehanana bakal jadi sahiji di bawah hiji kapala tur garumati kana hukum-hukum Kami.

25

Baris marukim di tanah anu ku Kami geus dipaparinkeun ka Yakub, tanah urut karuhunna. Baris maratuh di dinya salalawasna, kitu deui anak incuna turun-tumurun, diparentah ku hiji raja anu cara abdi Kami Daud.

26

Jeung maranehna Kami rek ngayakeun perjangjian anu mere kapastian hal kaamanan hirupna sapapanjangna. Ku Kami rek diberkahan, jumlahna sina tambah loba, sarta Bait Allah baris diperenahkeun di dinya, sina ngadeg salalawasna.

27

Kami bakal aya di dinya nyarengan maranehanana, Kami bakal jadi Allahna, maranehna bakal jadi umat Kami.

28

Lamun Bait Allah geus merenah di maranehna pikeun salalawasna, bangsa-bangsa bakal nyaraho yen Kami, PANGERAN, geus ngangkat Israil jadi umat Kami."

Link: