:

Yeheskel 38

1

PANGERAN nimbalan ka kaula.

2

Timbalana-Na, "Eh anak manusa, carekan Gog, kawasa utama bangsa Mesek jeung Tubal di tanah Magog.

3

Bejakeun Kami teh musuhna.

4

Ku Kami rek disina malik, rek dikait caheumna tuluy disered katut pasukanana. Bala tentarana, kuda-kudana jeung anu tarumpakna anu pakeanana saragem, jumlahna kacida lobana, sarta unggal prajuritna marawa tameng, pakarangna pedang.

5

Manehna direujeungan ku urang Persia, urang Sudan jeung urang Libia, kabeh marake tameng jeung marake topi waja.

6

Jalma-jalma anu tuman jurit ti Gomer jeung Bet-Togarma ti kaler, kitu deui ti bangsa-bangsa lianna oge milu ngabaturan.

7

Bejakeun, geura sadia marentah pasukanana.

8

Sanggeus pirang-pirang taun, engke manehna ku Kami diparentahkeun ngarurug hiji nagara, anu rahayatna geus dihijikeun deui ku Kami, geus dipulangkeun deui ti sagala bangsa, tur hirup tengtrem henteu sieuneun aya anu merangan. Manehna sina nempuh gunung-gunung di Israil anu suwung sakitu lilana, tapi ayeuna geus dicaricingan deui ku rahayatna kalawan aman.

9

Manehna jeung baladna dibarengan ku bangsa-bangsa kacida lobana, bakal datang lir angin ribut, nutupan eta tanah lir mega mendung."

10

Kieu anu bakal didawuhkeun ka Gog ku PANGERAN Nu Maha Agung, "Dina mangsa eta maneh bakal kadatangan niat jahat.

11

Seug nangtukeun arek ngarurug ka eta nagri anu euweuh kakuatanana, anu rahayatna keur ngarasa tengtrem jeung aman di kota-kota anu bolostrong, euweuh kuta, euweuh hahalang naon-naon.

12

Maneh bakal boga karep arek ngaranjah jeung ngarayah ka rahayat di dinya, di kota-kota anu tadina burak-barik tea. Eta jelema-jelema teh kakara beunang ngahijikeun deui, anyar mulang ti sagala bangsa, tapi enggeus menyat deui, geus baroga ingon-ingon, baroga harta banda, jongjon nyaricingan eta tanah puseur bumi.

13

Urang Syeba, urang Dedan jeung para sudagar kota-kota di Sepanyol bakal naranya kieu ka maneh, ‘Anjeun natakeun balad teh rek dipake ngarurug, rek dipake ngaranjah jeung ngarayah? Hayang perak jeung emas, ingon-ingon jeung harta banda, sangkan ari balik mawa barang-barang rampasan?’"

14

Ti dinya kaula ku PANGERAN Nu Maha Agung dipiwarang nepikeun timbalana-Na ka Gog, kieu, "Sabot umat Kami Israil jarongjon tur aman, maneh sasadiaan terus budal

15

ti tempat maneh anu jauh di kaler, ngerid wadyabalad gede tur kuat, perjurit-perjuritna rupa-rupa bangsa, kabeh tarumpak kuda.

16

Maneh arek ngarurug ka umat Kami Israil, datang lir angin ribut anu ngagelebug nyorang ka eta tanah. Mangsa eta maneh ku Kami diinditkeun sangkan ngarurug ka tanah Kami, sabab maneh ku Kami rek dipake nembongkeun ka bangsa-bangsa, saha Kami teh. Rek dipake nembongkeun kasucian Kami.

17

Sabab nya maneh anu ku Kami bareto disebut-sebut waktu Kami nitah ngumumkeun ka abdi-abdi Kami, nya eta nabi-nabi di Israil, yen di mana geus cunduk waktuna, Kami rek ngadatangkeun hiji jelema anu bakal ngarurug ka Israil." Kitu anu ditimbalkeun ku PANGERAN Nu Maha Agung.

18

PANGERAN Nu Maha Agung ngadawuh, "Dina waktu Gog ngarurug Israil, Kami rek ngabudalkeun amarah.

19

Ieu Kami ngabejaan, yen dina waktu eta di tanah Israil bakal aya lini kacida gedena.

20

Lauk-lauk, manuk-manuk, sasatoan gede leutik jeung manusa sakuliah bumi, kabeh bakal ngadegdeg sieun ku Kami. Gunung-gunung tangtu urug, cadas-cadas balalencar, kuta-kuta bakal rebah.

21

Gog rek dikeunaan sagala rupa balahi, sangkan geumpeur. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung. Balad-baladna bakal silih kadek pada batur.

22

Gog arek dihukum ku Kami ku kasakit jeung sina mandi getih. Manehna jeung baladna, kitu deui rupa-rupa bangsa anu ngabantuan bakal ditinggang ku hujan guntur jeung hujan buah campur seuneu jeung walirang.

23

Kitu peta Kami pikeun nembongkeun ka sakabeh bangsa, yen Kami teh agung jeung suci. Maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN."

Link: