:

Yermia 2

1

PANGERAN miwarang sim kuring

2

ngumumkeun timbalana-Na ka sakur nu araya di Yerusalem. Kieu, "Kami inget, maneh teh keur ngora keneh kacida satiana; basa urang mimiti ngajodo, maneh kacida mikacintana ka Kami, daek nunutur ka gurun keusik, ngambah tanah anu tara pisan dipelakan.

3

Eh Israil, maneh teh ngan pikeun Kami, milik anu ku Kami dipupusti. Saha bae anu nganiaya ka maneh, ku Kami didatangan kasangsaraan jeung balai. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

4

Regepkeun ieu timbalan PANGERAN, eh anak putu Yakub, eh kaom Israil!

5

Kieu timbalan PANGERAN, "Naon salah Kami nepi ka didakwa ku karuhun maneh? Naon lantaranana maranehna naringgalkeun Kami? Maranehna ngabarakti ka arca-arca nu taya hartina, nepi ka dirina sorangan leungit pangaji.

6

Ka Kami geus tara malire deui, sakitu geus dijait ti tanah Mesir, ditungtun-tungtun ngasruk tanah gurun, nyorang gurun keusik jeung lombang-lombangna anu jarero, tanah garing sarta pinuh ku bahaya, taya nanaon nu hirup, taya anu nyorang-nyorang acan.

7

Kami mawa maranehna ka hiji tanah anu subur, sina sareubeuh ku hasilna, jeung ku sagala nu harade di dinya. Tapi maranehna kalah ka ngaruksak eta tanah Kami, eta nagri pamere Kami teh ku maranehna dinajiskeun.

8

Imam-imamna tara naranyakeun: ‘Di mana PANGERAN?’ Imam-imam Kami geus teu warawuheun ka Kami. Pangereh-pangerehna ngaralawan ka Kami, nabi-nabina ngawejangna teh demi ngaran Baal, jeung ngabaraktina ka arca-arca anu taya gunana."

9

"Ku sabab kitu Kami, PANGERAN, arek ngadakwa deui ka umat Kami. Arek nagih ka anak incuna.

10

Los dongdon ka kulon, ka pulo Siprus, bral kirim utusan ka wetan, ka tanah Kedar, engke maneh nyaho, yen hal anu saperti kieu mah ti baheula ge tacan aya.

11

Tacan aya bangsa sejen anu kungsi ngaganti allahna, najan allahna lain Allah enyaan. Tapi umat Kami mah geus ngaganti Kami, Allah anu mere kahormatan ka maranehna, ku allah-allah nu teu bisa nanaon.

12

Ku sabab kitu, Kami rek nimbalan ka langit, sina inggeung pikasieuneun, sing matak pikahelokeun, sing matak hookeun,

13

lantaran umat Kami geus nyieun dua rupa dosa: maranehna geus miceun Kami, nu jadi sumber cinyusu hirup, jeung tuluy nyieun balong-balong, balong-balong anu balocor, anu sama sakali teu bisa nahan cai."

14

"Israil teh lain badega, dijurukeunana teh lain pikeun ngabadega. Tapi ku naon nepi ka jadi mangsa musuh-musuhna?

15

Musuh-musuhna ka manehna tinggalaur kawas singa. Tanahna ku musuh dijieun gurun keusik, kota-kotana burak-barik, kalantar jeung suwung.

16

Malah sirahna rengat, digetok ku jalma-jalma ti Mempis jeung Tahpanes.

17

Eh Israil, eta teh bongan maneh sorangan! Maneh geus ninggalkeun Kami, PANGERAN Allah maneh, sabot ditungtun ku Kami di perjalanan.

18

Rek ngarah naon maneh rek indit ka Mesir teh? Arek nginum cai Walungan Nil? Rek ngarah naon maneh rek indit ka Asur teh? Arek nginum cai Walungan Eprat?

19

Maneh bakal kahukum ku kajahatan sorangan, bakal kasiksa lantaran ingkar ti Kami. Engke ku maneh karasa, kumaha paitna jeung salahna ninggalkeun Kami, Allah PANGERAN maneh, sarta teu satia deui ka Kami. Kitu timbalan Kami Nu Maha Agung, PANGERAN Nu Maha Kawasa."

20

PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan, "Eh Israil, geus ti baheula maneh teh nolak kakawasaan Kami, embung anut ngabakti ka Kami. Di saban pasir anu luhur jeung di handapeun kai-kai anu daunna gomplok, maneh nyembah ka dewa-dewa kasuburan.

21

Maneh teh ibarat tangkal anggur petingan, beunang Kami melak, beunang milih tina bibit panghadena. Tapi kumaha buktina? Teu beda ti tangkal anggur anu buruk, teu kaarah.

22

Najan maneh mandi make sabun pangalusna, daki kasalahan maneh katenjo keneh ku Kami.

23

Kumaha rek majar teu ngarurujit diri, majar teu nyembah ka Baal? Tenjo, kumaha dosana maneh basa di lebak, kumaha kalakuan maneh harita. Teu beda ti onta bikang giras keur beger, lulumpatan kukurilingan teu dikadalian,

24

ngaberengbeng muru ka gurun keusik. Ana eta geus ngarasa pangseng, saha anu bisa nyandet? Jalu anu hayangeun teu kudu hese-hese, da bikangna saban usum lakian ge merean sorangan.

25

Eh Israil, suku ulah dipake ngapruk, bisi tikoro maneh garing lantaran ngudag-ngudag ilah-ilah sejen. Tapi carek maneh, ‘Moal, moal balik deui, kuring cinta ka ilah-ilah batur, arek terus nuturkeun itu.’"

26

PANGERAN nimbalan, "Sakumaha bangsat diera-era ana katewak, maneh oge urang Israil, raja-raja, para pajabat, para imam, para nabi, bakal aya anu ngera-ngera.

27

Maraneh kabeh, anu miindung ka batu mibapa ka tangkal, bakal diera-era. Tangtu baris kitu, lantaran maraneh ti batan baralik ka Kami anggur ingkar. Rajeun sasambat menta tulung ka Kami ari eukeur kabalangsak.

28

Cik mana eta allah-allah beunang nyieun maraneh teh? Sina nulungan ari maraneh keur kasusahan teh, ari enya mah barisaeun! Eh Yuda, allah-allah maneh sarua lobana jeung kota maneh.

29

Naon kateusuka maneh ka Kami? Naon sababna ngalawan ka Kami?

30

Ku Kami maneh dihukum, tapi hukuman ge nambag, maneh embung dibebener. Saibarat singa ngamuk, maneh geus maehan nabi-nabi sorangan.

31

Eh urang Israil, darengekeun ieu timbalan Kami. Na Kami teh pikeun maraneh geus kawas gurun keusik, kawas tanah anu poek jeung bahaya? Ku naon nepi ka nyebutkeun mending ge sakarep-karep, moal marulang deui ka Kami?

32

Naha sok aya mojang nu poho kana perhiasanana, atawa panganten awewe anu poho kana baju pangantenna? Tapi umat Kami mah geus pohara lilana mopohokeun ka Kami, poena geus teu kaitung.

33

Maraneh memang geus palinter neangan kabogoh, nepi ka bisa dipiguru ku awewe bangor nu pangbangorna.

34

Papakean maneh ceda ku getih, lain getih bangsat tukang ngabongkar, tapi getih jelema-jelema anu mariskin tur taya salahna. Sangkilang kitu,

35

ceuk maneh, ‘Kuring teu salah, PANGERAN ge tangtu geus leler benduna ka kuring.’ Tapi Kami, PANGERAN, moal teu ngahukum ka maneh, lantaran maneh mungkir majar teu boga dosa.

36

Maneh geus ngamumurah diri sorangan anut ka allah-allahna bangsa sejen. Maneh bakal dikuciwakeun ku Mesir, sakumaha geus dikuciwakeun ku Asur.

37

Maneh bakal malik ti Mesir bari tungkul ngaheluk. Sakur anu ku maneh dijieun panyaluuhan, geus dipiceun ku Kami, PANGERAN. Maneh hamo beubeunangan naon-naon ti maranehna."

Link: