:

Yermia 26

1

Barang Yoyakim bin Yosia jadi raja Yuda,

2

PANGERAN nimbalan ka kaula. Timbalana-Na, "Maneh kudu nangtung di buruan Bait Allah. Sagala timbalan anu geus diandikakeun ka maneh, umumkeun ka jalma-jalma anu arek sarembahyang ka dinya ti kota-kota Yuda. Sakecap ge ulah aya nu tinggaleun.

3

Malakmandar maranehanana daraekeun ngadenge tuluy tarobat. Upama kitu, Kami moal tulus ninggangkeun bahla keur ngabasmi maranehna anu sakitu jarahatna."

4

Kieu deui timbalan PANGERAN anu kudu ditepikeun ku kaula: "Kami, PANGERAN, geus mundut maraneh kudu narurut, nya eta kudu aranut kana pangajaran Kami,

5

sarta kudu ngagarugu kana pitutur abdi-abdi Kami, nya eta nabi-nabi, anu tara towong-towong diutus ka maraneh. Tapi maraneh teu ngagarugu.

6

Ayeuna upama tetep henteu daraek ngagugu, ieu Bait Allah ku Kami rek disaruakeun jeung Silo, sarta ngaran ieu kota bakal dijieun sasapaan ku sakabeh bangsa di saalam dunya."

7

Anu ngabarandungan kaula cacatur di Bait Allah nya eta para imam, nabi-nabi, jeung jalma rea.

8

Barang anggeus kaula ngumumkeun sagala timbalan PANGERAN tea, maranehna tuluy nyerek ka kaula bari tingharaok, pokna, "Dipaehan maneh wani kitu peta!

9

Naon eta teh mamawa jenengan PANGERAN, nyebut-nyebut ieu Bait Allah bakal dijadikeun kawas Silo, jeung ieu kota bakal dibasmi nepi ka moal aya nu nyicingan deui?" Geus kitu kaula pada ngalingkung.

10

Barang para pamingpin Yuda ngadarenge hal eta, buru-buru arindit ti karaton raja, muru ka Bait Allah, tuluy dariuk di Gapura Anyar.

11

Geus kitu imam-imam jeung nabi-nabi ngaromong ka para pamingpin jeung ka jalma rea, kieu, "Ieu jalma manjing dihukum paeh, lantaran ngomongkeun picilakaeun kota urang. Bapa-bapa ngadarangu ku anjeun kumaha omonganana."

12

Ceuk kaula, "Kaula diutus ku PANGERAN. Mantenna miwarang ngumumkeun kitu, sakumaha anu kabarandungan tadi, nya eta kajadian anu bakal ninggang ka ieu Bait Allah jeung ka ieu kota.

13

Aranjeun kudu ngarobah tabeat jeung kalakuan, kudu narurut ka PANGERAN, Allah aranjeun. Upama kitu, Mantenna tangtu ngarobah pangersa-Na, aranjeun moal jadi dibasmi.

14

Ayeuna kaula geus aya dina leungeun aranjeun, mangga teh teuing rek dikumahakeun oge, kumaha ceuk timbangan aranjeun bae.

15

Tapi mangka waspada, upama kaula nepi ka dipaehan, aranjeun katut jalma-jalma sakota ieu bakal nanggung dosa, maehan jelema anu teu salah, sabab kaula teh diutus ku PANGERAN sangkan ngelingan ka aranjeun."

16

Ceuk para pamingpin, kitu deui ceuk jalma rea ka imam-imam jeung nabi-nabi, "Eta jalma teu manjing dihukum paeh, margi sasanggemna ngabantun pajenengan PANGERAN Allah urang."

17

Geus kitu aya sababaraha urang kokolot, ngomong ka nu karumpul,

18

"Hiji mangsa, waktu Hiskia jadi raja Yuda, Nabi Mika urang Moreset ngawejang kieu ka rahayat sakumna: Kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, ‘Nagri Sion bakal diwuluku kawas tegalan, Yerusalem bakal runtuh jadi tumpukan, Bait Allah bakal jadi leuweung.’

19

Mika ku Raja Hiskia, kitu deui ku urang Yuda, henteu dikukumaha. Malah sabalikna, Raja Hiskia jadi mikasieun ka PANGERAN, sarta satekah polah ngalap manah Mantenna. Geuning buktina Allah kersaeun ngarobah pangersa-Na, henteu cios ninggangkeun bahla. Ayeuna, upama ieu jelema dihukum paeh, urang teh sasat ngabahlakeun diri sorangan."

20

(Harita aya hiji jelema, nya eta Uria bin Semaya ti Kiryat Yarim, ngawejang cara Yermia ngeunaan eta kota jeung bangsa, kalawan nyebut pajenengan PANGERAN.

21

Barang kadangu bejana ku Raja Yoyakim jeung ku prajurit-prajurit, kitu deui ku para ponggawa, seug raja teh milari jalan seja maehan Uria. Tapi kaburu kadenge ku Uria, seug Uria kabur ka Mesir.

22

Tapi Raja Yoyakim marentah Elnatan bin Akbor jeung sawatara jelema deui, sina ngudag Uria ka Mesir.

23

Uria kacerek tuluy dibawa ka Raja Yoyakim, seug dipaehan, mayitna dialungkeun ka tanah pakuburan cacah.)

24

Kaula berekah teu sakara-kara, teu kungsi nemahan pati, henteu kungsi ragrag ka jalma rea, lantaran ditulungan ku Ahikam bin Sapan.

Link: