:

Yermia 27

1

Henteu lila ti sanggeus Sidkia putra Yosia jadi raja di nagri Yuda, PANGERAN nimbalan ka kaula,

2

miwarang supaya kaula nyieun sawed tina kulit, jeung pasanganana tina kayu, sarta kudu dipake ku kaula dina punduk.

3

Geus kitu PANGERAN miwarang kaula ngirim pesen pikeun raja-raja di tanah Edom, Moab, Amon, Tirus jeung Sidon, supaya ditalatahkeun ka duta-dutana anu keur araya di Yerusalem, natamu di Raja Sidkia.

4

Kaula ku PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, dipiwarang nitah maranehna ngabejakeun ka rajana masing-masing, yen PANGERAN geus nimbalan kieu,

5

"Ku daya pangawasa jeung kakuatan anu maha perkasa, Kami ngadegkeun alam dunya, manusa, jeung sakabeh sasatoan di sakuliah jagat. Eta kabeh ku Kami diserenkeun ka hiji jelema anu ku Kami kapilih.

6

Bangsa maraneh kabeh ku Kami geus diserenkeun ka abdi Kami, nya eta Raja Nebukadnesar ti Babul. Malah sato-sato galak sina taraluk ka manehna.

7

Sakabeh bangsa bakal taluk ka manehna, malah tuluy tunduk ka anakna jeung ka incuna, nepi ka cunduk waktuna bangsana sorangan tijungkel. Bangsana sorangan ahirna bakal ngawula ka bangsa-bangsa anu karuat, ka raja-raja anu perkasa.

8

Sanajan kitu, bangsa atawa karajaan mana bae anu ayeuna embung taluk kana pamarentahanana, tangtu ku Kami diruksak ku perang, ku kalaparan jeung ku pagebug, tungtungna beak sama sakali ditumpes ku Nebukadnesar.

9

Nu matak ulah palercaya ka nabi-nabi maraneh, atawa ka nu ngakukeun bisa norah pikahareupeun, boh ku lantaran meunang alamat tina impian, boh ku lantaran nyalukan arwah jalma anu geus paeh, atawa ku sihir, anu nyaram sangkan maraneh ulah taluk ka raja Babul.

10

Bohong wungkul panorahna teh, anu bakal ngalantarankeun maraneh diboyong batur jauh ti lemah cai, dibuang ku Kami, temahna tumpes pisan.

11

Sabalikna, bangsa anu daek taluk jeung ngawula ka raja Babul, ku Kami baris diidinan tumetep di lemah caina, bisa jongjon hirup bari ngolah tanahna. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

12

Geus kitu kaula mihatur ka Raja Sidkia raja Yuda, sual eta keneh. Kieu: "Kedah kersa taluk ka raja Babul, kersa ngabdi ka anjeunna katut rahayat sadaya, supados salamet.

13

Naha Sang Raja kitu deui rahayat make kudu tumpes ku perang, atanapi ku kalaparan, atanapi ku pagebug? Kapan timbalan PANGERAN oge bakal kitu temahna bangsa anu embung taluk ka raja Babul teh.

14

Sang raja ulah ngadangu kana omongan nabi-nabi, anu ngajak ulah taluk ka eta raja. Bararohong piwejangna eta nabi-nabi teh.

15

Lahiran PANGERAN oge eta nabi-nabi teh henteu diutus, jadi ngawejangna anu majar ngabantun pajenengan PANGERAN teh palsu. Temahna tangtos ku Mantenna dibuang, boh Sang Raja, boh nabi-nabi tukang ngawejang bohong tea."

16

Ti dinya ceuk kaula ka imam-imam jeung jalma rea, kieu timbalan PANGERAN: "Ulah palercaya ka nabi-nabi anu nujum yen paparabotan Bait Allah bakal tereh dipulangkeun ti Babul. Bohong eta teh.

17

Tong dipalercaya! Mending taluk ka raja Babul, sangkan saralamet! Naha kajeun ieu kota ruksak burak-barik?

18

Ari enya mah maranehna teh nabi, jeung lamun enya maranehna ngemban pangandika Kami, atuh kudu nunuhun ka Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa sangkan paparabotan anu ngari keneh di Bait Allah jeung di karaton raja ulah nepi ka diakut ka Babul."

19

(Waktu Yoyakin putra Yoyakim raja Yuda katut para pamingpin Yuda jeung para pamingpin Yerusalem ku Nebukadnesar diboyong ka Babul, barang-barang Bait Allah aya anu teu milu kabawa, nya eta pilar-pilar, tahang tambaga, padati-padati, jeung sajabana deui barang sisimpenan Bait Allah.)

20

(27:19)

21

"Darengekeun ieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah urang Israil, ngeunaan barang-barang sisimpenan anu kari di Bait Kami jeung di karaton raja di Yerusalem:

22

Kabeh bakal diakut ka Babul, tetep di ditu, nepi ka Kami kersa deui malire. Geus kitu kakara ku Kami dipulangkeun, terus disimpen di dieu. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

Link: