:

Yermia 28

1

Dina taun eta, nya eta taun kaopat Sidkia jadi raja, dina bulan kalima, aya hiji nabi ti kota Gibon, nya eta Hananya bin Asur, ngajak ngomong ka kaula di Bait Allah. Ngomongna di hareupeun para imam jeung jalma rea.

2

Carekna, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah urang Israil, ngandika kieu, "Kami geus meunggaskeun kakawasaan raja Babul.

3

Dua taun deui barang-barang Bait Kami anu ku Nebukadnesar diakut ka Babul, ku Kami rek dipulangkeun ka ieu tempat.

4

Kitu deui Yoyakin anak Yoyakim raja Yuda, katut sakabeh urang Yuda anu diboyong ka Babul, ku Kami bakal dipulangkeun deui ka dieu. Geus pasti, kakawasaan raja Babul dipeunggaskeun ku Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

5

Tembal kaula, kasaksian ku para imam jeung jalma rea,

6

"Amin! Mugi leres kitu pangersa PANGERAN! Kacida kaula ngamuga-mugana, mugi Mantenna leres ngabuktoskeun panorah saderek, mulangkeun ti Babul sagala rupi barang Bait Allah, kitu deui dulur-dulur anu kapungkur diboyong jaradi tawanan.

7

Nanging kieu pihatur kaula ka saderek kitu deui ka sadayana.

8

Kapungkur pisan, memeh kaula sareng memeh anjeun, nabi-nabi ngawarejangna teh kieu saurna: bangsa rea kitu deui karajaan-karajaan anu karuat, bakal katarajang ku perang, ku kalaparan, ku pagebug.

9

Jadi upama aya nabi anu norah pisalameteun, nembe tiasa disebat nabi sajati, anu leres-leres diutus ku PANGERAN, upama panorahna tea bukti."

10

Kek Hananya nyekel kana pasangan dina punduk kaula, dilaan terus dipinggeskeun,

11

bari pok ngomong ka jalma rea, "Timbalan PANGERAN, kieu petana Mantenna bakal minggeskeun pasangan anu diterapkeun ku Raja Nebukadnesar kana punduk sakabeh bangsa. Ku Mantenna baris dibuktikeun dua taun deui." Geus kitu kaula indit ti dinya.

12

Henteu lila ti harita, PANGERAN nimbalan ka kaula,

13

miwarang nepungan deui Hananya sarta kudu ngomong kieu, "Pasangan tina kai geus bisa ku maneh dipinggeskeun, tapi ku Kami rek diganti ku pasangan tina beusi.

14

PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah urang Israil nimbalan, yen eta sakabeh bangsa bakal diterapan pasangan tina beusi, sarta kabeh sina ngawula ka Raja Nebukadnesar ti Babul. Malah sato-sato galak oge, timbalan PANGERAN, sina taraluk ka Nebukadnesar."

15

Eta timbalan ku kaula diomongkeun ka Hananya, disambung kieu, "Saderek Hananya! PANGERAN henteu ngutus anjeun. Jalma rea ku anjeun sina percaya kana bohong.

16

Ku sabab eta, timbalan PANGERAN, anjeun ku Mantenna bakal disirnakeun ti dunya. Memeh tutup taun ieu, anjeun bakal maot, sabab anjeun ngajak jalma rea ngalawan ka PANGERAN."

17

Bukti, dina taun eta keneh, dina bulan katujuh, Hananya maot.

Link: