:

Yermia 38

1

Aya opat pajabat, nya eta Sepaca bin Matan, Gedalya bin Pashur, Yukal bin Selemya, jeung Pashur bin Malkia. Maranehna ngadarenge ucapan kaula ka jalma rea,

2

yen PANGERAN ngandika kieu, "Sing saha anu rek tetep bae di jero kota tangtu paeh, mun teu ku perang, ku kalaparan, atawa ku pagebug. Anu kaluar masrahkeun maneh ka urang Babul moal dipaehan, paling apesna hirup mah geus tangtu."

3

Jeung ceuk kaula, PANGERAN ngalahir kieu, "Ieu ibukota tangtu karebut ku urang Babul, sabab ku Kami rek diselehkeun."

4

Eta opat pajabat ngadareuheus ka raja, ngalaporkeun kaula, pokna, "Eta jalmi kedah dipaehan, margi ucap-ucapanana matak leutik hate perjurit, matak rentag ka jalma rea nu araya keneh di kota. Sanes upaya keur pisalameteun rahayat, malah bade nyilakakeun."

5

Waler Raja Sidkia, "Pek rek dikukumaha ge kumaha maraneh, kami teu bisa ngahalang-halang."

6

Ku sabab kitu kaula ku maranehna diasupkeun ka jero sumur, diulur ku tambang. Eta sumur kagungan Malkia, putra raja, geus teu aya caian tapi pinuh ku leutak. Kaula tipetek di dinya.

7

Kadenge bejana ka Ebed Melek, urang Sudan anu digawekeun di karaton raja, yen kaula ku eta opat pajabat diasupkeun ka jero sumur. Raja harita keur aya di Gapura Binyamin.

8

Ebed Melek datang ka dinya, tuluy unjukan ka raja, pokna,

9

"Nun Sang Raja, eta juragan-juragan teh lepat, ngalebetkeun Yermia ka jero sumur, tangtos anjeunna maot langlayeuseun, margi di kota parantos teu aya tedaeun."

10

Raja nimbalan supaya Ebed Melek mawa batur tiluan, saurna kaula kudu buru-buru dihanjatkeun bisi kaburu paeh.

11

Los Ebed Melek sabaturna arasup ka gudang karaton nyokot bubututan, tuluy diulurkeun ka kaula ku tambang.

12

Eta bubututan carekna kudu dikepit ku kaula dina kelek, supaya ari ditarik ka luhur kaula ulah nepi ka raheut. Ku kaula diturutkeun.

13

Tuluy kaula ditarik kaluar ti jero sumur, sarta saterusna kaula ditahan di buruan karaton.

14

Dina hiji waktu deui kaula ku Raja Sidkia dicandak ka lawang paranti asup ka Bait Allah, lawang anu katilu. Kieu saurna di dinya, "Kula aya tanyakeuneun ka Bapa, jeung menta dijawab satarabasna."

15

Piunjuk kaula, "Nanging upami diunjukkeun satarabasna, tangtos abdi tiwas ku Sang Raja. Sareng upami abdi nyanggakeun nasehat, tangtos abdi moal dipalire."

16

Ti dinya Raja Sidkia maparin jangji, tapi lalaunan, saurna, "Kula sumpah demi Allah anu jumeneng, anu maparin hirup ka urang, hamo kula nyelehkeun Bapa ka jalma-jalma anu harayangeun maehan."

17

Seug ku kaula diunjukkeun yen kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, "Lamun maneh daek masrahkeun diri ka perwira-perwira balad Babul, tangtu salamet moal dipaehan, jeung ieu kota moal nepi ka dihuru. Maneh sakulawarga bakal salamet.

18

Tapi lamun embung taluk, ieu kota tangtu beunang ku urang Babul tuluy dihuru, sarta maneh moal bisa ngejat."

19

Saur raja, "Kula sieun ku bangsa urang anu geus ti hareula belot ka urang Babul, sieun diselehkeun ka maranehna, meureun kula dipergasa."

20

Piunjuk kaula, "Moal dugi ka kitu. Panuhun pisan, mugi Sang Raja tumut kana kersa PANGERAN, tangtos sae pijadieunana.

21

Abdi parantos kenging titingalan ti PANGERAN, kumaha pijadieunana upami Sang Raja teu kersa taluk.

22

Dina eta titingalan sadaya wanita anu araya keneh di karaton raja Yuda digiring ka para perwira raja Babul. Bari laleumpang eta wanita-wanita teh nyaranggem kieu: ‘Sang raja kaperdaya ku mitra-mitrana, eleh ku pangaruh maranehna. Sanggeus sampeanana tibebes kana leutak, leos pada naringgalkeun.’"

23

Piunjuk kaula deui, "Garwa-garwa Sang Raja sadayana, kitu deui putra-putra, bakal digiring ka urang Babul. Raja ku anjeun moal iasa ngejat. Sang Raja bakal ditawan ku raja Babul, sareng ieu kota tangtos dihuru dugi ka rata sareng taneuh."

24

Raja nimbalan, "Ieu paguneman urang, kade kabuka ku batur, bisi Bapa cilaka.

25

Lamun para pajabat nangenan yen kula geus gunem catur jeung Bapa, tangtu Bapa dipariksa bari dijangjian yen moal dipaehan, asal terus terang tas ngomongkeun naon jeung raja.

26

Sebutkeun bae tas nyanggakeun panuhun supaya henteu diasupkeun deui ka panjara di imah Yonatan, sieun paeh di dinya."

27

Enya bae para pajabat teh daratang papariksa ka kaula. Ku kaula dijawab sakumaha anu dipesenkeun ku raja. Maranehna henteu barisaeun naon-naon, lantaran perkarana teu sidik.

28

Ari kaula tetep keneh ditahan di buruan karaton, nepi ka Yerusalem ragrag ka musuh.

Link: