Yermia 39
Dina bulan kasapuluh, taun kasalapan Sidkia ngarajaan nagri Yuda, Raja Nebukadnesar ti Babul datang mawa balad narajang Yerusalem.
Dina tanggal salapan bulan kaopat taun kasabelas pamarentahan Raja Sidkia, kuta Yerusalem geus bobol,
(Sanggeus Yerusalem direbut, sakabeh pajabat luhur raja Babul, kaasup Nergal Sareser, Samgar Nebu, Sarsekim, Nergal Sareser saurang deui, jeung nu sejen-sejenna daratang, sarta ngandih tempat-tempat di bagian Gapura Tengah.)
Ningali kaayaan geus kitu, peutingna Raja Sidkia jeung pasukan pangawalna nyoba-nyoba lolos ti jero kota. Jalanna norobos ka kebon raja, terus mapay lolongkrang anu dihapit ku dua jajar tembok kuta, kebat ngabujeng ka Lebak Walungan Yordan.
Tapi diudag ku balad Babul, seug kacerek di tanah lapang deukeut Yeriho. Sidkia dibawa ka kota Ribla di wilayah Hamat, ka Raja Nebukadnesar. Ku Raja Nebukadnesar diragragan hukuman.
Putra-putrana anu pameget kabeh dipareuncit di Ribla, di payuneun socana pisan. Para pajabat Yuda ge teu aya anu luput, kabeh dipareuncit.
Ari Raja Sidkia dicokel socana, geus kitu dirante baris diboyong ka Babul.
Sajeroning kitu, karaton raja jeung imah-imah rahayat dihuru ku serdadu-serdadu Babul, kuta-kuta Yerusalem direbah-rebahkeun.
Rahayat anu araya keneh di kota ditawan ku Nebusaradan anu jadi kapala pasukan, dihijikeun jeung jalma-jalma anu geus taraluk ti heula, tuluy diboyong ka Babul.
Anu disesakeun ngan jalma-jalma anu pangmalaratna, anu henteu boga naon-naon. Eta mah malah ditinggalan kebon anggur jeung dibere lahan.
Aya timbalan Raja Nebukadnesar ka Nebusaradan kapala pasukan. Timbalanana,
"Teang Yermia, cokot. Poma ulah diganggu, naon pamentana tedunan."
Nebusaradan indit, dibarengan ku pangagung, nya eta Nebusasban jeung Nergal Sareser, katut perwira-perwira Babul.
Sim kuring dikaluarkeun ti jero tahanan di buruan karaton, tuluy dititipkeun ka Gedalya bin Ahikam incu Sapan, anu diparentah nguruskeun kaula supaya bisa balik kalawan salamet. Ku sabab eta kaula bisa deui hirup babarengan jeung jalma rea.
Sajeroning kaula dipanjara keneh di palataran karaton, ku PANGERAN dipiwarang
mere terang ka Ebed Melek, urang Sudan, yen Allah Israil, PANGERAN Nu Maha Kawasa, geus ngandika kieu, "Sakumaha anu ku Kami bareto geus disebutkeun, ieu kota ku Kami rek diancurkeun, lain rek dimakmurkeun. Hal eta kajadianana bakal katenjo ku maneh di dieu.
Tapi maneh mah bakal ditangtayungan ku Kami, PANGERAN, moal nepi ka beunang ku urang Babul anu ku maneh dipikasieun.
Maneh mah ku sabab ngandel ka Kami. Tangtu ku Kami disalametkeun, tangtu hirup sarta luput ti nu rek maehan. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."