Yermia 4
PANGERAN nimbalan, "Eh urang Israil, upama enya harayang mulang, hiap geura marulang ka Kami. Upama maraneh miceun arca-arca kaijid Kami sarta satia ka Kami,
maraneh diidinan sumpah demi jenengan Kami. Lamun geus kitu, kabeh bangsa-bangsa bakal marenta berkah ka Kami sarta baris muji ka Kami."
PANGERAN nimbalan ka urang Yuda jeung ka urang Yerusalem, "Lahan-lahan maraneh anu dianggurkeun ayeuna geura wuluku; ulah melak bibit di antara cucuk-cucuk.
Kudu satia kana jangji maraneh jeung Kami, PANGERAN maraneh, pasrahkeun diri ka Kami, eh urang Yuda jeung urang Yerusalem! Lamun teu kitu, amarah Kami baris hurung lir seuneu ku tina dosa-dosa nu dilampahkeun ku maraneh. Tangtu amarah Kami ngagedur tur moal aya nu bisa mareuman."
Tiup tarompet di sakuliah tanah! Celukkeun sing tarik, sing tetela! Bejaan urang Yuda jeung urang Yerusalem kudu maruru ka kota-kota nu aya bentengna.
Tuduhkeun jalan ka Sion! Geura kalabur sangkan salamet! Tong kaleked. PANGERAN ngadatangkeun picilakaeun ti kaler, nu bakal ngagempur ngaburak-barik.
Tukang numpes bangsa-bangsa geus indit, lir singa kaluar tina panyumputanana, geus tereh datang rek ngagempur Yuda. Kota-kota Yuda bakal burak-barik, hamo bisa deui dicicingan.
Geura dibaraju karung, geura careurik tingjarerit, sabab bendu PANGERAN anu ngagegedur acan sirna ti Yuda.
Dawuhan PANGERAN, "Poe eta raja-raja jeung para pajabat bakal leungit wawanenna, imam-imam tingrarenjag, nabi-nabi bararengong."
Ti dinya kaula miunjuk, "Nun PANGERAN Nu Maha Agung, atuh urang Yerusalem teh ku Gusti dibobodo! Ongkoh saur Gusti bakal aman, nanging beuheung maranehna diancam ku pedang."
Mangsana tereh datang, urang Yerusalem bakal dibarejaan yen bakal katarajang ku angin panas ti gurun keusik. Lain angin anu ngahiliwir anu ngan matak hiber huut,
tapi angin anu tarik liwat saking, anu narajangna kalawan timbalan PANGERAN! Nya PANGERAN ku manten anu ngaragragkeun eta hukuman ka umat-Na.
Tuh, musuh teh geus datang kawas mega mendung. Kareta-kareta perangna jeg angin puyuh, kudana leuwih gancang alah batan heulang. Cilaka urang teh! Pasti urang binasa.
Eh Yerusalem, beresihan hate maneh, piceun dosana, sangkan bisa salamet. Naha moal eureun-eureun boga pikiran anu jahat teh?
Utusan-utusan ti kota Dan jeung ti pagunungan Epraim marawa beja goreng.
Daratangna ngingetan ka bangsa-bangsa jeung mere nyaho ka Yerusalem yen keur kadatangan musuh ti nagri jauh. Eta musuh bakal tinggorowok ka kota-kota di Yuda,
jeung bakal ngalingkung kota Yerusalem kawas jalma-jalma keur ngajaraga pahumaan, lantaran urang Yuda geus ngalawan ka PANGERAN. Kitu timbalan PANGERAN.
Eh Yuda, maneh katarajang kitu teh ku sabab salah sorangan, tina kalakuan jeung pagawean maneh keneh. Eta kasangsaraan teh nya ku sabab dosa maneh; ayeuna eta dosa teh nubles kana angen maneh.
Tobat nyerina! Teu kuat nangankeunana! Ieu angen ratug tutunggulan! Hate henteu daek tengtrem ngadenge sora tarompet jeung gorowok-gorowok perang.
Balai daratang pasusul-susul, kota sakuliahna geus burak-barik. Kemah-kemah urang diruksak ngadadak, tenda-tendana dijejewet.
Nepi ka iraha kuring kudu nyaksian kamurkaan perang jeung ngadenge sengekna sora tarompet?
Timbalan PANGERAN, "Umat Kami barodo, teu nyarahoeun ka Kami. Kawas barudak boloho, euweuh pangartina. Maranehna arahli nyieun kajahatan, gagal nyieun kahadean."
Kaula neuteup bumi, geuning suwung jeung keri, neuteup langit, teu aya pisan cahaya.
Neuteup ka gunung-gunung, keur aringgeung, kitu deui pasir-pasir aroyag.
Taya pisan jelema, manuk ge geus haliber nyaringkah.
Eta tanah subur geus jadi tanah keusik, kota-kotana geus burak-barik, ku sabab PANGERAN kacida benduna.
(PANGERAN memang geus ngandika, yen bumi sakuliahna bakal dijadikeun tanah gurun, tapi saur-Na moal dibasmi sama sakali.)
Ieu bumi bakal prihatin, langit bakal jadi poek. Kitu timbalan PANGERAN, tur Mantenna hamo ngarobah kersa-Na. Mantenna geus ngadamel putusan, nu moal dirobah deui.
Jalma-jalma bakal kalabur, ngadenge gumuruhna pasukan kuda jeung pasukan gondewa. Sawareh bakal kalabur ka leuweung, sawareh deui bakal naraek ka gunung-gunung batu. Kota-kota kabeh bakal suwung, moal aya nu nyicingan deui.
Duh Yerusalem, anjeun teh cilaka! Jang naon dangdan make baju beureum, jang naon make perhiasan, jang naon panon make disipat sagala? Ngageulis ge taya gawena, da ku kabogoh-kabogoh enggeus dipiceun, malah arek dipaehan.
Kaula ngadenge aya nu humarurung, sora awewe keur nandangan kanyeri, kawas jeritna awewe nu ngajurukeun anak nu cikal. Geuning jerit Yerusalem, anu keur tibeberegeg narik napas. Pokna teh bari leungeunna ngopepang, "Aduh cilaka! Itu aya nu daratang rek maehan kuring!"