Yermia 5
Eh urang Yerusalem, jig papay ka jalan-jalan! Ilik-ilik sakuriling! Saksian sorangan! Teang, kotektak di pasar-pasar! Bisa maneh manggihkeun saurang bae jalma nu bener lampahna, anu daek ihtiar seja satia ka Allah? Bagja lamun bisa, Yerusalem tangtu ku Kami dihampura.
Najan maneh majar ngabakti ka PANGERAN, omongan maneh saenyana lain kitu maksudna.
Anu dipundut ku PANGERAN tangtu kasatiaan. Maneh ku Mantenna digebug, tapi maneh tetep bandel; ku Mantenna dikekesek, tetep embung narima pangwarah. Maneh wangkelang, embung ninggalkeun dosa.
Ceuk pikiran kaula, "Nu karitu teh tangtu nu mariskin jeung barodo. Nu matak kalakuanana sabodoan teh lantaran teu nyarahoeun, naon anu dipundut ku Allahna, teu nyarahoeun, naon pangersa PANGERAN ka maranehna.
Ku sabab kitu, aing rek ka para gegeden, rek nyarita ka maranehna. Piraku nu karitu mah teu nyarahoeun kana pangersa Allahna, kana pangersa PANGERAN." Sihoreng maranehna ge arembungeun diparentah ku PANGERAN arembungeun nurut ka Mantenna.
Ku sabab eta maranehna bakal paraeh ku singa ti leuweung, direweg ku ajag ti gurun keusik, sarta maung tutul bakal tinggalaur di kota-kota maranehna. Ana maranehna kalaluar tangtu disasaak, sabab dosana geus numpuk, nukangna ti Allah geus pirang-pirang kali.
Nu matak saur PANGERAN, "Naon dasarna eta umat ku Kami kudu dihampura? Maranehna geus naringgalkeun Kami, heug susumpahan demi brahala. Ku Kami geus diparaban nepi ka sareubeuheun, ari geus sareubeuheun bet tuluy jarinah, waktuna dipake pelesir ka awewe palacuran.
Kalakuanana lir kuda jalu anu beuteungna geus seubeuh, jaraham-jerehem hayang jalangan, pinuh birahi ka pamajikan batur.
Naha kalakuan kitu teh ku Kami moal dihukum? Naha bangsa nu kitu teh ku Kami moal dibales?
Kami arek ngirim musuh, sina nuaran tangkal anggur umat Kami, tapi ulah sina diruksak sama sakali, sina ditilasan dahan-dahanna bae, da dahan-dahanna mah lain boga Kami.
Urang Israil jeung urang Yuda geus pohara ngahianatna ka Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."
Eta umat PANGERAN teh geus mungkir ti Mantenna, sarta aromongna, "Saenyana Anjeunna moal nanaon. Urang moal katarajang musibat, moal katarajang perang, moal nyorang kalaparan."
Jeung carek maranehanana, nabi-nabi teh lain nanaon salian ti tukang ngomong, lain ngemban pangandika PANGERAN.
Ku sabab eta kieu timbalan PANGERAN, Allah Nu Maha Kawasa, ka sim kuring, "Yermia, ku sabab eta umat kitu ngaromongna, ucapan-ucapan Kami tina biwir maneh ku Kami rek dijieun ibarat seuneu; ari maranehanana ibarat nu jadi suluhna, sina kaduruk ku eta seuneu nepi ka beak."
Eh urang Israil, PANGERAN rek ngadatangkeun hiji bangsa ti nu jauh, sina narajang ka aranjeun. Eta teh bangsa kahot tur baredas, basana ku aranjeun moal kaharti.
Tukang-tukang panahna kabeh serdadu anu garagah, ana maehan taya rasrasan.
Paneneun jeung dahareun aranjeun ku eta bakal dibeakeun; anak aranjeun awewe lalaki bakal diparaehan. Domba jeung sapi aranjeun bakal dipareuncitan, pelak anggur jeung pelak kondang bakal ludes. Kota-kota anu dibenteng, anu ku aranjeun dijieun andelan, ku eta balad bakal tumpur.
Timbalan PANGERAN, "Tapi eta umat Kami teh harita mah moal dibeakkeun kabeh.
Upama maranehna naranyakeun naon sababna Kami midamel kitu, bejakeun ku maneh, Yermia, bejakeun yen sakumaha maranehna geus murtad ti Kami tuluy ngarabdi ka allah-allah bangsa sejen di tanahna sorangan, nu matak maranehna oge baris ngawula ka bangsa lian di tanah anu lain milikna."
PANGERAN nimbalan, "Bejakeun ka anak incu Yakub, bejakeun ka urang Yuda, kieu:
Raregepkeun, eh nu garejul, nu baroga mata teu nenjo, baroga ceuli teu ngadenge!
Kami teh PANGERAN, naha maraneh teu sarieun? Naha teu ngadaregdeg di payuneun Kami? Kami geus masangkeun keusik di basisir jadi wates laut, wates anu ku laut henteu bisa diliwatan. Sanajan laut teh nyuruwuk, teu bisaeun ngaliwatan eta wates; sanajan ombakna ngagulugur, tapi hamo bisa limpas.
Tapi maraneh barandel, warangkelang, nyalingkir ninggalkeun Kami.
Tara pisan baroga niat ngahormat ka Kami, sakitu ku Kami dibere hujan unggal musim muguran jeung musim semi, sarta saban taun dibere musim panen.
Tapi sabalikna dosa-dosa maraneh ngalantarankeun eta sagala anu harade teh kahalangan ti maraneh.
Umat Kami kacicingan ku jalma-jalma jahat, anu gawena ngintip cara nu rek newak manuk ku jaringna, tapi anu ditaheunan ku maranehna teh jelema.
Kawas tukang moro manuk ngeusian kurungna pinuh ku manuk, maranehna minuhan imahna ku barang beunang rarampas. Puguh bae jadi baleunghar jeung karawasa,
awakna lalintuh, nyaratuna cukup. Kajahatanana taya watesna. Hak barudak yatim pahatu ku maranehna tara dibikeun, nu digencet tara dibere kaadilan.
Tapi Kami, PANGERAN, moal teu ngahukum kalakuan maranehna; ieu bangsa ku Kami tangtu dibales.
Di ieu tanah geus aya kajadian anu matak ngabirigidig jeung ngagebeg:
nabi-nabi gawena taya deui salian ti ngabohong; imam-imam diaturna nurutkeun parentah eta nabi-nabi, sarta hal sarupa kitu teh ku umat Kami bet ditarima. Tapi cik maranehna rek kumaha upama hal eta geus nepi ka ahirna?"