:

Yermia 41

1

Dina bulan katujuh taun eta keneh, Ismail bin Netanya incu Elisama, salah saurang perwira luhur karajaan tur wargi raja keneh, natamu ka Gedalya. Sabot keur bareng dalahar,

2

Ismail sabatur-baturna nyarabut pedang, tuluy narajang ka Gedalya. Gedalya maot.

3

Malah urang Israil anu reureujeungan jeung Gedalya di Mispa, kitu deui sawatara serdadu Babul anu keur araya di dinya, eta oge dipaehan kabeh.

4

Isukna, memeh maotna Gedalya kanyahoan,

5

aya aleutan jelema ti Sekem, Silo jeung Samaria, dalapan puluh urang. Janggotna beunang nyukuran, papakeanana beunang nyosoeh, sarta awakna beunang nurihan maneh. Marawa bahan pikurbaneun, gandum jeung dupa, baktikeuneun di Bait Allah.

6

Ismail mapagkeun ti Mispa bari ceurik sajajalan. Sanggeus tepung, pok manehna ngomong, "Sae urang ngalayad ka Gedalya."

7

Barang eta jalma-jalma narepi ka jero kota, ku Ismail jeung babaturanana ditarajang, dipaehan, mayitna dialung-alungkeun ka jero sumur.

8

Aya sapuluh urang anu henteu kungsi dipaehan, lantaran melas-melis ka Ismail pokna, "Kuring ulah dipaehan. Kuring boga pependeman, diruang di kebon, aya tarigu, aya gandum, minyak jetun, jeung madu."

9

Sumur anu dipake ngunclung-ngunclungkeun mayit teh gede, beunang ngadamel Raja Asa, basa keur ditempuh ku Raja Baasa, raja Israil. Eta sumur ku Ismail dipinuhan ku mayit-mayit.

10

Ti dinya Ismail nangkepan putri-putri raja, kitu deui sakabeh jalma di Mispa, anu ku kapala pasukan Nebusaradan dipercayakeun ka Gedalya. Geus kitu bral Ismail indit mawa para tawanan, ngajugjug ka wewengkon tanah Amon.

11

Eta kajahatan Ismail geus katarima bejana ku Yohanan sabatur-batur, para kapala perjurit.

12

Tuluy Ismail diudag, kasusul deukeut hiji talaga di Gibon.

13

Barang para tawanan Ismail narenjoeun ka pasukan Yohanan, kacida aratoheunana,

14

tuluy lalumpatan nyalampeurkeun.

15

Tapi Ismail jeung batur-baturna dalapan urang bisa ngejat, tuluy kabur ka tanah Amon.

16

Geus kitu para tawanan anu ku Ismail dibawa ti Mispa sabada Gedalya tiwas, ku Yohanan jeung ku kapala-kapala perjurit diurus, nya eta serdadu-serdadu, wanita-wanita, barudak jeung ponggawa-ponggawa karaton.

17

Tapi ku sabab Gedalya geus tiwas ku Ismail, mangkaning Gedalya teh beunang ngangkat raja Babul jadi gupernur di dinya, maranehna jadi sarieuneun ku urang Babul. Ku sabab kitu tuluy nyalingkir ti dinya, kebat laleumpang nepi ka Kimham deukeut Betlehem. Di dinya areureun heula, baris terus ka Mesir, nyingkiran urang Babul.

18

(41:17)

Link: