Yermia 40
Sanggeus kaula dikaluarkeun ku Nebusaradan tina tahanan di Ramah, PANGERAN nimbalan. Barang mimiti mah kaula oge dirante, cara urang Yerusalem jeung urang Yuda anu keur diakut ka Babul jaradi tawanan.
Geus kitu kaula dipisahkeun ka sisi ku kapala pasukan, sarta manehna ngomong kieu ka kaula, "Ieu nagri kapungkur diancam bade dibasmi ku PANGERAN, Allah panutan Bapa.
Eta ancaman ayeuna parantos bukti, lantaran bangsa Bapa boga dosa ka PANGERAN, teu narurut ka Anjeunna.
Bapa ayeuna bebas, eta rante urang buka tina panangan. Bilih Bapa bade ngiring ka Babul mangga, tangtos diperyogikeun. Kajabi ari teu kersa nya sawios bade ka mana oge. Di ieu tanah Bapa laluasa milih bade linggih di mana."
Ku sabab kaula teu ngajawab, Nebusaradan ngomong deui, "Saena Bapa mulih teh ka Gedalya bin Ahikam, putu Sapan. Anjeunna ku raja Babul parantos diangkat jadi gupernur di tanah Yuda. Nanging eta mah kumaha kersa, naha bade di anjeunna sareng urang dinya, naha bade di mana." Kitu carekna bari sok mere pisangueun, tuluy ngajurung laku.
Bral kaula indit ka Mispa, ka bumi Gedalya, rek ngahiji jeung rahayat anu araya keneh di nagri Yuda.
Aya sababaraha urang perwira urang Yuda katut perjurit-perjuritna anu henteu taraluk ka urang Babul. Mareunang beja yen Gedalya ku raja Babul diangkat jadi gupernur, ngurus rahayat anu teu diboyong ka Babul, rahayat anu pangmalaratna di eta tanah.
Seug daratang katut perjurit-perjuritna ka Gedalya, di Mispa: Ismail bin Netanya, Yohanan bin Kareah, Seraya bin Tanhumet, anak-anak Epai urang Netopa, jeung Yesanya urang Maaka.
Ari saur Gedalya ka maranehna, "Tong asa-asa tunduk ka urang Babul, ku Bapa ditanggung. Sing jarongjon hirup di ieu nagri bari kumawula ka raja Babul, tangtu jamuga.
Ari Bapa mah tetep di dieu di Mispa, ngawakilan aranjeun ari urang Babul ka darieu. Kawajiban aranjeun nya eta ngumpulkeun anggur, bubuahan, jeung minyak jetun. Pek sing jarongjon sadesana-sadesana."
Beja yen raja Babul ngidinan sabagian urang Israil caricing di tanah Yuda, tur geus ngangkat Gedalya jadi gupernurna, kadarenge ku urang Israil anu bacacar di tanah Moab, tanah Amon, tanah Edom, jeung di tempat sejenna.
Seug maranehna marulang ka tanah Yuda, ninggalkeun tempat masing-masing, tuluy daratang ka Gedalya di Mispa. Maranehna oge dibere kawajiban ngumpulkeun anggur jeung bubuahan masing loba.
Yohanan jeung kapala-kapala perjurit anu henteu taraluk, daratang ka Mispa nepungan Gedalya.
Tuluy arunjukan, pokna, "Kumaha Bapa parantos uninga? Bapa nuju diarah bade ditelasan ku Ismail, dititah ku Raja Baalis, raja urang Amon." Tapi Gedalya teu percayaeun.
Seug Yohanan unjukan rerencepan pokna, "Idinan abdi, Ismail urang paehan. Ditanggel moal aya nu terangeun. Bapa ulah ngantep salira, nu hasud ulah diantep. Bilih urang Yahudi anu araya di Bapa pabalencar, tangtos matak bahla ka sadayana anu araya keneh di Yuda."
Ari waler Gedalya, "Ulah! Bapa teu percaya Ismail kitu!"