Samemeh raja Mesir ngagempur kota Gasa di nagri Pelisti, PANGERAN nimbalan ka kaula perkara eta nagri.
2
Kieu timbalana-Na, "Aya nu merul ti kaler, kawas cai ngagulidag, lir walungan caah. Bakal ngalembak ieu nagri saeusina, kota-kota jeung jelema. Pribumina tingkoceak, sajagat sasambat tulung-tulungan.
3
Ceulina teu paruguh dedengean: tingbeletrak sora kuda lumpat, tinggurudug sora kareta, tingcarekit sora kikiping. Bapa enggeus teu tolih ka anak, leungeunna ngaraplek kawas nu keked.
4
Geus waktuna Pelisti dibasmi, pegatkeun hubunganana ti Tirus jeung Sidon, ti sakabeh anu osok ngabantu. Urang Pelisti nu datang ti pulo Kreta ku Kami baris ditumpes.
5
Urang Gasa sarungkawa, urang Askelon henteu nyoara. Sabaraha pililaeunana sesa bangsa Pelisti bakal tunggara?
6
Maneh ngagoak, ‘Duh pedang PANGERAN, iraha rek eureun amuk-amukan? Geura ngampih kana sarangka, sing genah-genah di dinya.’
7
Rek eureun ngamuk kumaha, mun ceuk Kami kudu terus? Geus diparentah kudu ngagempur Askelon jeung bangsa-bangsa anu di basisir."