Yermia 48
Hal tanah Moab, kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa: "Urang Nebo cilaka, ruksak kotana! Kiryat Yarim geus karampas, bentengna anu tohaga geus rebah, pangeusina ngarasa era.
Tanah Moab geus teu boga pamor, Hesbon geus karebut, bangsa Moab kaancam tumpur. Kota Madmen ngan bisa ngadedempes kadatangan balad musuh.
Urang kota Horonaim tingkoceak, ‘Binasa! Tumpur lebur!’
Moab geus diburak-barik, barudakna ear careurik.
Rahayatna tingaringhak bari naranjak ka Luhit, careurik patingrarahuh bari marudun ka Horonaim.
Jeung carekna, ‘Hayu urang kabur ngabela nyawa, ngacir kawas kalde gurun pasir.’
Moab, maneh takabur pedah kuat pedah beunghar. Kari-kari bakal tumpur. Dewa maneh, si Kamos bakal dibuang, kitu deui imam-imamna, katut jalma-jalmana anu parenting.
Kota-kota Moab moal aya anu teu diruksak. Lebak jeung tegalanana ge bakal pasiksak. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.
Moab geura pangnyieunkeun padung, sabab sakeudeung deui ge ancur. Kota-kotana bakal burakrakan, moal aya nu nyicingan."
(Sing cilaka jelema anu henteu enya-enya ngalampahkeun padamelan PANGERAN! Sing cilaka anu embung milu ngagempur jeung maehan.)
Timbalan PANGERAN, "Hirup Moab salawasna tumaninah, acan kungsi ngasaan jadi boyongan. Ibarat anggur anu tara digomeng-gomeng, tara dieurihkeun kana goci sejen, seungitna angger, ngeunahna angger.
Ku sabab kitu, nya ayeuna waktuna Kami ngirim jelema-jelema nu bakal mahekeun Moab kawas anggur. Maranehna bakal ngosongkeun eta goci anggur, tuluy gocina dibantingkeun nepi ka remuk.
Urang Moab bakal ngarasa kuciwa ku dewana, si Kamos, cara urang Israil geus ngarasa kuciwa ku si Betel, dewa sesembahanana.
Eh urang Moab, baruk maraneh teh pahlawan, perjurit sakti jago perang?
Moab jeung kota-kotana geus ancur. Taruna-taruna andelanana kabeh beak kasambut ku pedang. Kitu timbalan Kami, PANGERAN, Raja Nu Maha Kawasa.
Moab geus tereh cilaka, tereh lebur burakrakan.
Eh tatangga-tatangga Moab, anu nyaraho kana kamashuran eta bangsa, hempek geura mikawatir! Ucapkeun, ‘Kakawasaan Moab geus reuntas, kamulyaanana jeung kakuatanana geus peunggas.’
Eh anu anegleng di Dibon, geura turun tina tempat anu kahormat, tuluy andiprek dina taneuh kebul! Logojo pikeun Moab geus jogo, sarta geus ngaruntuhkeun benteng-benteng Moab.
Eh urang Aroer! Geura maregat di sisi jalan, tanyakeun ka nu keur kalabur, tanyakeun ka maranehna aya kajadian naon.
Tangtu ngajarawabna teh, ‘Moab geus ambrug, geus hina, ceungceurikeuneun. Bewarakeun sapanjang Walungan Arnon, yen Moab geus burantakan!’
Kota-kota tanah padataranana geus nandang hukuman: Holon, Yahsa, Mepaat,
Dibon, Nebo, Bet Diblataim,
Kiryat Yarim, Bet Gamul, Bet Maon,
Keriot jeung Bosra. Sakabeh kota di Moab, nu jauh, nu deukeut, geus dihukum.
Kakuatan Moab geus remuk, kajayaanana geus runtuh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."
Timbalan PANGERAN, "Moab sina mabok ongkek-ongkekan, sabab geus ngalawan ka Kami. Sina gugulingan dina utahna, sina pada nyeungseurikeun.
Eh Moab, inget maneh bareto nyeungseurikeun ka Israil? Israil ku maneh geus disaruakeun jeung tukang rarampog.
Eh anu ngarancik di kota-kota Moab, tinggalkeun tempat maraneh! Geura marubus ka gunung-gunung cadas! Itung-itung jadi japati, anu nyarayang di sisi jungkrang.
Moab kacida gumedena! Kami nyaho tabeat jelema-jelemana: takabur, arangkuh, arolo-olo, arieu aing pisan.
Kami, PANGERAN, nyaho, memang maranehna teh kamagungan. Tapi kalah ka rahul, da buktina mah euweuh nanaonna. Beubeunangan digawena moal aya nu awet umurna.
Ku sabab kitu Kami arek midangdam nyeungceurikan urang Moab jeung urang Kir Heres.
Kami arek jejeritan nyeungceurikan urang Sibmah, leuwih ti batan nyeungceurikan urang Yaser. Nagri Sibmah ibarat tangkal anggur anu ngarambatna nepi ka meuntasan Laut Paeh, malah terus nepi ka Yaser. Kari-kari ayeuna mah maneh dina usum panas moal buahan. Buah anu geus aya ge diluluh ku batur.
Di tanah Moab nu subur, geus euweuh nu suka seuri. Di tempat-tempat pameresan anggur geus moal aya deui anu hahaleuangan, lantaran moal aya deui anu nyarieun anggur. Tempat-tempat pameresanana ku Kami rek digaringkeun, moal aya deui cianggur nu ngocor ti dinya.
Urang Hesbon jeung Eleale tingjarerit. Sora jejeritanana kadenge nepi ka Yahas, kadenge ku urang Soar, malah kadenge nepi ka Horonaim jeung Eglat Selisia. Maranehna tingjarerit lantaran anak Walungan Nimrim geus garing euweuh caina.
Di tempat-tempat pamujaanana, urang Moab ku Kami rek dieureunkeun merena kurban beuleuman jeung kurban peuncitan ka dewa-dewana. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.
Manah Kami bati ngahelas, lir nu nyuling melas-melis, laguna lagu sedih, karunya ka Moab jeung ka urang Kir Heres, lantaran hartabandana geus musna.
Sirah maranehna kabeh digundulan, janggotna dikarurud, leungeunna ditarurihan, sarta kabeh marake baju karung, nandakeun prihatin.
Di mana-mana, di sakuliah tanah Moab, di imah, di alun-alun, euweuh deui nu kadenge iwal ti sora ceurik aluk-alukan. Sabab Moab geus remuk dibantingkeun ku Kami, kawas goci anu geus euweuh nu mikabutuh.
Moab geus burakrakan. Pek careurik! Moab geus diapeskeun, geus tumpes, kari dilelewe ku bangsa-bangsa sakurilingeunana. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."
Hiji bangsa bakal ngaranggeum Moab, nyamber lir manuk galudra, jangjangna meber,
ngarampas kota-kota jeung benteng-benteng Moab. Kitu ikrar PANGERAN. Ari serdadu-serdadu Moab harita bakal pinuh ku kasieun kawas awewe rek ngajuru.
Moab bakal ajur lebur moal mangrupa deui bangsa, lantaran geus wani ngalawan ka Kami.
Urang Moab keur didodoho ku nu pikasieuneun, ku lombang-lombang jeung ku pitapak. Kitu timbalan PANGERAN.
Anu kabur nyingkiran pibahlaeun, bakal tigebrus ka jero lombang. Anu bisa keneh hanjat ti jero lombang, bakal karingkus ku eurad. Sabab geus ninggang waktuna Moab ku PANGERAN diancurkeun.
Para pangungsi anu geus paregat harepan, nyoba-nyoba arek nyalindung ka Hesbon. Tapi eta kota anu kungsi dirajaan ku Raja Sihon teh keur kahuruan. Daerah-daerah tapel wates jeung pagunungan di nagrina jelema-jelema anu resep perang teh geus beak ku seuneu.
Urang Moab matak watir! Jalma-jalma tukang nyarembah ka Dewa Kamos teh geus tumpur, kari anak-anakna bae awewe lalaki digiring ka tempat boyongan.
Tapi hiji mangsa bangsa Moab teh ku PANGERAN bakal dimenyatkeun deui. Tah sakitu timbalan PANGERAN perkara tanah Moab.