:

Yermia 49

1

Ngeunaan perkara bangsa Amon, kieu timbalan PANGERAN, "Ka marana ari perjurit-perjurit Israil? Kutan teu aya pisan anu bisa ngabela lemah caina? Ku naon diarantep bae tanah kaom Gad dirampas jeung diandih ku umat Dewa Milkom?

2

Tapi aya piwaktueunana engke Raba, ibukota nagara maranehanana ku Kami sina eundeur ku perang, sina tumpur, desa-desana ge sina beak dihuru. Ari Israil sina ngarebut deui lemah caina ti nu ngarampas.

3

Eh urang Hesbon, pek geura tingjarerit! Kota Ai geus tumpur! Awewe-awewe urang Raba geura aluk-alukan, geura midangdam, jeung marake baju karung nandakeun prihatin! Pek lalumpatan teu puguh nu dijugjug. Dewa maraneh si Milkom bakal digusur ka pangbuangan katut imam-imamna jeung jalma-jalma anu parentingna.

4

Adigung ku naon maraneh teh, eh jalma-jalma serong hate? Tanaga maraneh geus midek. Ku naon kalah ka gumagah, boga rasa moal aya anu wani?

5

Maraneh ku Kami rek sina dironom ku nu sarwa pikasieuneun ti unggal juru. Tungtungna kalabur kabeh, tingbalecir ngabelaan nyawa. Balad maraneh moal bisa kumpul deui.

6

Tapi hiji mangsa bangsa Amon ku Kami rek dimenyatkeun deui. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

7

Perkara bangsa Edom kieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, "Ari urang Edom naha geus teu baroga pamilih anu bener? Ari juru-juru nasehatna naha geus teu bisa mere nasehat, geus teu barisaeun deui mikir bener?

8

Eh urang Dedan, mending oge kalabur! Nyarumput! Turunan Esau ku Kami rek ditumpurkeun, geus waktuna ku Kami dihukum.

9

Jalma-jalma ari maretik anggur teh sok nyesakeun keneh saeutik dina tangkalna. Jeung lamun peutingna aya nu maling, nu dipalingna ngan saperluna bae.

10

Ari turunan Esau mah ku Kami rek sina nepi ka ngaligincing, patempatanana anu rarekep baruni rek dibuliklakkeun, nyumputna moal bisa lila-lila. Kabeh urang Edom bakal tumpes moal aya anu nyesa.

11

Tapi randa-randana meunang nyalindung ka Kami. Kitu deui kaom pahatuna serenkeun ka Kami supaya kaurus.

12

Cacakan anu teu pantes dihukum teu burung dicekok ku hukuman. Na boga panyangka yen maneh baris lolos tina hukuman? Maneh komo, kudu nginum eta cekok hukuman!

13

Kami pribadi geus sumpah yen kota Bosra bakal suwung jadi tegalan, sina matak keueung anu nenjo. Sina pada ngalelewe, ngaranna sina diparake panyapa ku batur. Desa-desana anu dareukeut bakal tumpur saendeng-endeng. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

14

Ceuk kaula, "Eh Edom, Kami nampa timbalan PANGERAN. Mantenna geus ngintun utusan, nguaran bangsa-bangsa sina ngahijikeun balad-balad, sina sasadiaan pikeun ngarurug ka maneh!

15

Maneh ku PANGERAN bakal disina hengker, moal aya anu ngahargaan.

16

Maneh geus katipu ku diri sorangan lantaran takabur. Saenyana maneh teh euweuh nu mikasieun. Ceuk rarasaan sorangan bae pada mikasieun soteh, dumeh tempat maneh ayana di puncak gunung luhur, di luhur cadas-cadas anu nangtawing. Tapi sanajan nyayang di nu luhur kawas manuk galudra ge, ku PANGERAN maneh mo burung digejretkeun. Kitu timbalan PANGERAN."

17

Timbalan PANGERAN, "Edom bakal pohara ruksakna nepi ka matak hookeun, matak keueung anu ngaliwat ka dinya.

18

Anu bakal karandapan ku Edom sarua jeung anu karandapan ku Sadumu jeung Gomora, basa eta dua nagri katut kota-kotana anu dareukeut ka dinya ditumpurkeun. Saendeng-endeng moal dicicingan deui, kitu timbalan Kami, PANGERAN.

19

Cara singa anu norojol ti leuweung kai anu rekep di sapanjang Walungan Yordan, terus nonggoh ka sampalan-sampalan anu ngemploh hejo, Kami baris norojol ka tempat urang Edom, sina kalabur sapada harita, ngarejat ti nagrina. Satuluyna Kami rek ngangkat hiji pamingpin pikeun ngatur eta nagri. Cik saha anu bisa nandingan Kami? Saha anu wani nangtang ka Kami? Raja anu kumaha anu pikuateun ngalawan Kami?

20

Ku sabab kitu, bandungan ieu niat Kami perkara urang Edom. Bandungan ieu pangersa Kami perkara pangeusi kota Téman. Nepi ka barudakna pisan bakal diseredan, jalma-jalma baris guyur tagiwur.

21

Upama Edom geus rugrug, sorana gumuruh matak oyag jagat, tingjareritna kadenge ka nu jarauh nepi ka Teluk Akaba.

22

Musuh bakal ngaranggeum Bosra lir manuk galudra nu nyirorot ti awang-awang bari meberkeun jangjang. Hate serdadu-serdadu Edom poe eta teu beda ti hate awewe anu rek ngajuru, pinuh kapaur jeung karisi."

23

Perkara Damsik kieu timbalan PANGERAN, "Pangeusi kota Hamat jeung Arpad ngarasa hariwang jeung salempang, lantaran nampa beja-beja goreng. Rasa kasalempangna lir ombak laut anu daratang pagulung-gulung, nepi ka maranehna teu bisa ngarasa tengtrem.

24

Tanagana geus leuseuh, tuluy kabur bakating ku tagiwur. Hatena sarumeblak asa aya kanyeri cara awewe nu rek ngajuru.

25

Nagrina anu sakitu alusna jeung pikagenaheunana teh ngadadak suwung.

26

Taruna-tarunana poe eta bakal tumpes diparaehan di jalan-jalan, serdadu-serdaduna bakal tumpur.

27

Tembok kuta kota Damsik jeung karaton-karaton Raja Benhadad ku Kami baris dihuru. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa."

28

Ngeunaan perkara kaom Kedar jeung distrik-distrik nu dibawah ku kota Hasor, anu geus eleh ku Raja Nebukadnesar ti Babul tea, kieu timbalan PANGERAN: "Tarajang urang Kedar, jeung tumpes jalma-jalma urang tatar wetan!

29

Kemah-kemahna, ingon-ingonna, tenda-tenda kemahna jeung sagala eusi kemahna rampas, kitu deui onta-ontana. Bejakeun ka maranehna, ‘Maraneh geus kalingkung balahi!’

30

Eh urang Hasor, Kami PANGERAN ngabejaan, maraneh mending kalabur, nyarumput sing jauh. Sabab Raja Nebukadnesar ti Babul geus niat narajang. Carekna,

31

‘Eta bangsa urang gempur. Kotana anu majar aman santosa teh geus ngemplong-molongpong euweuh pantoan, euweuh tulakna.’

32

Onta-onta jeung ingon-ingonna baris rampaseun. Eta bangsa anu buukna ditarukungan teh ku Kami rek dipabalencarkeun, sina dironom ku balahi ti unggal juru.

33

Kota Hasor pijadieun suwung salalanggengna. Anu araya di dinya ngan ajag, moal dicicingan deui ku jelema. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

34

Waktu Sidkia anyaran jadi raja di Yuda, PANGERAN Nu Maha Kawasa nimbalan ka kaula perkara nagri Elam.

35

Kieu dawuhana-Na, "Pasukan gondewa nu jadi inti kakuatan nagri Elam, ku Kami rek dibasmi.

36

Elam sina katebak angin ti unggal juru, sina pabalencar ka mana-mendi, nepi ka taya hiji nagri anu henteu kadatangan ku nu ngarungsi ti Elam.

37

Urang Elam sina gimir ku musuh-musuhna anu keur ngarah-ngarah. Amarah Kami bakal ngagugudag. Urang Elam sina ditumpes digempur ku musuhna nepi ka beak.

38

Para raja jeung para pamingpinna ku Kami rek ditumpes, geus kitu Kami rek ngadegkeun tahta Kami di dinya.

39

Tapi ka hareupna mah urang Elam ku Kami rek dimenyatkeun deui. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

Link: