:

Yermia 9

1

Hayang teh ieu sirah ngajadi sumur anu caian panon ngajadi cinyusu cimata, sangkan bisa ceurik beurang peuting, nyeungceurikan bangsa kuring anu enggeus dibinasa.

2

Hayang teuing boga tempat di gurun keusik, keur nyingkiran bangsa kuring, bangsa anu teu satia, jalma-jalma hianat,

3

anu siap salilana kana ngabohong; kasaestuan di ieu nagri geus diganti ku kateujujuran. Timbalan PANGERAN, "Kalakuan umat Kami ngan goreng jeung goreng bae, jeung carekna Kami teh lain Allahna."

4

Unggal jalma ka pada batur kudu curiga, dulur oge taya anu beunang dipercaya, sabab tiap dulur tabeatna licik kawas Yakub, tiap jalma silih pitenah.

5

Saban jalma silih tipu, taya pisan nu ngomongna saenyana. Sungutna geus tuman ngabohong, geus teu barisaeun ngeureunan dosana.

6

Lampahna tina telenges kana telenges, tina nipu kana nipu. Lahiran PANGERAN, umat-Na henteu ngaku ka Mantenna.

7

Ku sabab kitu, kieu lahiran PANGERAN Nu Maha Kawasa, "Umat Kami rek diuji saperti logam, rek disina murni deui. Eta umat geus nyieun kajahatan, jadi naon deui anu ku Kami kudu dilampahkeun ka maranehna?

8

Letahna ibarat jamparing matih matak paeh, ucap-ucapanana bohong malulu. Tiap jalma ngomongna lumah-lameh, tapi saenyana mah naheunan.

9

Piraku eta kalakuanana teh moal dihukum ku Kami? Piraku bangsa nu kitu moal dibales ku Kami? Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

10

Piunjuk kaula, "Gunung-gunung, tegal-tegal pangangonan, ku abdi bade diceungceurikan, jalaran parantos burindil, garundul, tara aya nu ngaliwat-liwat acan. Sora ingon-ingon tara kakuping deui. Manuk sareng sato leuweung ge parantos aringkah ti dinya."

11

PANGERAN nimbalan, "Yerusalem ku Kami rek dijieun ruruntuhan, enggon ajag, kota-kota tanah Yuda bakal kosong, bakal jempling moal aya nu nyicingan."

12

Piunjuk kaula, "Nun PANGERAN, ku naon eta tanah teh dugi ka burak-barik sareng garing sapertos gurun keusik, dugi ka teu aya anu ngaliwat-liwat acan ka dinya? Saha pijalmieunana anu arif, nu bakal ngartos kana eta kajadian? Saha anu ku Gusti parantos dicariosan hal eta supados ku eta jalmi dicarioskeun deui ka anu sanes?"

13

Waler PANGERAN, "Eta kajadian teh lantaran umat Kami geus naringgalkeun pangajaran Kami. Geus teu narurut, timbalan Kami teu dilalampahkeun.

14

Anggur ngaralawan ka Kami jeung nyarembah ka arca-arca Baal, nurutkeun papatah bapana masing-masing.

15

Ku sabab eta dengekeun ieu anu baris dilampahkeun ku Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allahna urang Israil: Umat Kami rek dibere pepelakan anu parait geusan dahareunana, arek dibere racun keur inumeunana.

16

Arek disina pabalencar, sina caricing di bangsa-bangsa anu ku maranehna kitu deui ku karuhunna acan kadenge ngaran-ngaranna acan. Tuluy sina ditarajang ku hiji balad, sarta tungtungna tumpur pisan ku Kami."

17

PANGERAN Nu Maha Kawasa nimbalan, "Awaskeun anu bakal kajadian! Calukan jelema-jelema purah nalangan ceurik, calukan awewe-awewe purah ngawihkeun lagu sungkawa."

18

Ceuk jalma-jalma, "Sina buru-buru daratang, nalangan urang ngawihkeun lagu sungkawa nepi ka urang rambay cipanon, nepi ka panon carindul balas careurik."

19

Tah, dengekeun sora anu sasambat di Sion, "Urang geus tumpur, sarta pohara nandang hinana! Kudu arindit ti lemah cai, imah urang geus raruntuh."

20

Ceuk kaula, "Aranjeun, kaom wanita, dengekeun, perhatikeun timbalan-timbalan PANGERAN. Papatahan anak, kuma petana nalangsa. Papatahan babaturan, kudu kumaha ngawihkeun lagu sungkawa.

21

Maot geus datang, asup tina jandela-jandela, ngasupan karaton-karaton urang. Anak urang ku eta dibabadan di jalan-jalan, barudak ngora dibabadan di pasar-pasar.

22

Bangke patulayah di mana-mana, kawas berak di tegal tingtarumpuk, kawas kebon jagong dicacar, geus dicacar ditinggalkeun, diantep teu dikumpulkeun. Tah, timbalan eta anu ku PANGERAN dipiwarang diucapkeun ku kaula teh."

23

PANGERAN nimbalan, "Jalma ulah agul ku kabijaksanaanana, jalma bedas ulah agul ku kabedasanana, jalma beunghar ulah agul ku kabeungharanana.

24

Lamun hayang aya agulkeuneun, kudu agul teh lamun wawuh ka Kami, sarta ngarti kana pangersa Kami. Sabab kanyaah Kami taya watesna, sarta Kami salawasna midamel nu bener jeung nu saenyana. Nya kalakuan kitu karesep Kami. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

25

PANGERAN nimbalan, "Engke datang mangsana Kami baris ngahukum urang Mesir, urang Yuda, urang Edom, urang Amon, urang Moab, jeung urang gurun keusik anu buukna dicalukur pondok. Maranehna kabeh oge disunat cara urang Israil, tapi boh maranehna boh urang Israil, kalakuanana saperti kalakuan jalma-jalma anu teu disunat, sabab henteu nyekel kana perjangjian anu dilambangkeun ku eta sunat."

26

(9:25)

Link: