Yermia 8
Harita tulang-taleng raja-raja, para pajabat nagara Yuda, kitu deui tulang-taleng nabi-nabi, para imam jeung urang Yerusalem sejenna, bakal dikali dikaluar-luarkeun tina kuburan.
Lain rek dikumpulkeun terus dipendem deui, tapi diantep bae sina acak-acakan jadi gemuk, ambacak katungkulan ku panonpoe, bulan jeung bentang-bentang nu ku maranehna diparuja disarembah.
Jalma-jalma ieu bangsa jahat nu harirup keneh, anu ku Kami geus dipabalencarkeun ka mana-mana, suka keneh marilih paeh tinimbang hirup. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa."
PANGERAN nimbalan ka sim kuring, miwarang ngomong kieu ka umat-Na, "Ari jelema labuh lain sok hudang deui? Ari anu salah jalan lain sok balik deui?
Tapi maraneh, umat Kami, sanggeus naringgalkeun Kami teh ku naon teu baralik deui? Maraneh anggur montel ka brahala-brahala, embung baralik deui ka Kami.
Kami teu weleh ngadedengekeun sugan maraneh sok ngomongkeun hal anu bener, tapi lapur. Saurang ge euweuh nu kaduhung ku kajahatanana. Taya saurang-urang acan anu nanya ka dirina, ‘Aing teh geus dosa naon?’ Saban jalma haben bae nurutkeun kahayang sorangan, kawas kuda anu mangprung muru ka medan perang.
Manuk bango ge nyahoeun iraha waktuna balik deui. Manuk tikukur, kapinis jeung kucica, nyarahoeun iraha kudu pindah ka daerah sejen. Tapi maraneh, umat Kami, teu nyaraho kana hukum-hukum Kami anu dipake ngatur maraneh.
Kumaha rek bisa ngaku majar bijaksana jeung nyaraho kana hukum-hukum Kami? Tenjo, hukum-hukum Kami geus dirobah ku tukang-tukang nyalin anu teu jujur.
Jalma-jalma bijaksana di maraneh bakal diera-era, bakal laleungit akal jeung kajiret. Maranehna nolak dawuhan-dawuhan Kami; jadi, kabijaksanaan naon anu ayeuna nyampak keneh di maranehna?
Ku sabab kitu lahan-lahanna ku Kami rek diserenkeun ka nu sejen, sarta pamajikan-pamajikan maranehna rek dibikeun ka nu sejen. Kabeh jalma, nu gede, nu leutik, pabisa-bisa nyiar kauntungan nu teu halal; malah nabi-nabi jeung para imam ge nipuan rahayat.
Raheut-raheut umat Kami dianggapna ngan ukur bared. ‘Teu naon-naon, aman,’ carekna, padahal sama sakali teu aman.
Areraeun henteu dumeh eta kalakuanana teh kacida nistana? Teu, teu areraeun; teu nyahoeun-nyahoeun acan beureum beungeut teh kumaha. Ku sabab kitu lamun ku Kami geus diterapan hukuman, tangtu bakal tigejret kawas anu sejen-sejen, nya harita pitungtungeun maranehna teh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.
Kami teh hayang ngumpulkeun umat, kawas juru tani ngumpulkeun hasil pepelakanana. Tapi umat Kami teh lir tangkal anggur atawa tangkal kondang anu teu buahan, malah daunna ge parerang. Nya ku sabab kitu eta tanah ku Kami dikajeunkeun sina dicokot ku urang piluaran."
Ceuk umat Allah, "Ku naon urang caricing bae di dieu? Hayu urang marubus ka kota-kota anu dibenteng, urang ngaradon paeh di dinya. Urang teh geus disina paraeh ku PANGERAN Allah urang, dibere racun kudu diinum, lantaran doraka ka Anjeunna.
Ngarep-ngarep pisenangeun, ngarep-ngarep bisa menyat, kalah ka ditarajang pikasieuneun.
Musuh geus aya di kota Dan, kudana geus bebenger. Ana kudana bebenger tingharoang, ieu tanah mani asa eundeur. Musuh geus datang rek ngaruksak tanah urang jeung sagala eusina, kota urang jeung jelema-jelemana."
Lahiran PANGERAN, "Awas, Kami rek ngaleupas-leupaskeun oray anu maratih, anu teu tunduk ku jampe, sina maracok ka maraneh."
Kuring gering sajeroning pikir, nalangsa teu daek paler.
Tah dengekeun, di sakuliah nagri bangsa kuring tingjarerit, "Naha kitu PANGERAN teh geus teu linggih di Sion? Naha kitu raja di Sion teh geus teu aya di dinya?" PANGERAN, raja maranehna, ngawaler, "Naha atuh maraneh ngajengkelkeun Kami, nyarembah ka arca-arca, sarujud ka dewa-dewa asing anu euweuh pisan gunana?"
Rahayat sasambat, "Usum panas jeung usum dibuat geus liwat, tapi urang acan salamet keneh bae."
Hate kuring ajur, lantaran bangsa kuring ancur, pikiran nguluwut marungkawut.
Naha di tanah Gilad teh taya pisan ubar? Taya pisan doktor? Ku naon bangsa kuring henteu cageur-cageur?