:

Yesaya 1

1

Ieu kitab eusina dawuhan-dawuhan Allah ngeunaan nagara Yuda jeung Yerusalem, anu diwahyukeun ka Yesaya putra Amos jaman eta nagara diparentah ku Raja Usia, Raja Yotam, Raja Ahas, jeung Raja Hiskia.

2

PANGERAN ngadawuh, "Eh bumi jeung langit, darengekeun ieu dawuhan Kami. Barudak anu ku Kami digedekeun geus ngalawan ka Kami.

3

Sapi wawuheun ka anu bogana, kalde ingeteun dibawa nyatuan ka mana ku dununganana. Eta leuwih harideng ti batan umat Kami Israil, anu henteu nganyarahokeun ka Kami."

4

Cilaka maneh eh bangsa anu doraka, eh jalma-jalma anu garoreng jeung jarahat! Maraneh bakal ngarempeyek katindihan ku dosa-dosa! Maraneh nampik ka PANGERAN Allah Israil anu suci, geus mariceun.

5

Ku naon ngan ngaralawan bae? Harayang dihukum anu leuwih keras? Eh Israil, sirah maneh geus pinuh ku borok, hate jeung pikir teu waras.

6

Awak saluluar tina sirah nepi ka dampal suku geus teu aya anu walagri, barisul, carenang, baroleksek. Borok-borok maneh can diberesihan, can dibulenan, can diubaran.

7

Nagara maneh geus ruksak, kota-kotana jadi lebu. Tanah direbut ku batur, eusina diburak-barik, maneh ngan bisa nenjokeun.

8

Tinggal Yerusalem, tapi eta ge enggeus kakepung, geus taya hahalangna, kawas saung di kebon anggur, kawas pondok di kebon bonteng.

9

Cacak lamun PANGERAN Nu Maha Kawasa teu kersa nyesakeun sawatara urang sina salamet, tangtu Yerusalem oge geus tumpur cara Sadumu jeung Gomora.

10

Eh Yerusalem, kalakuan rahayat maneh, jeung kalakuan anu karawasa, teu beda ti kalakuan urang Sadumu jeung Gomora. Dengekeun ieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, regepkeun piwulang-Na.

11

Dawuhana-Na, "Marukan Kami rek kabita ku kurban-kurban maraneh? Kami ge boga domba, leuwih loba ti batan anu diduruk ku maneh dikurbankeun ka Kami. Gemukna ge leuwih alus ti batan gemuk sato-sato anu ti maneh. Kami geus seubeuh teuing ku getih sapi, getih domba, jeung getih embe.

12

Dititah ku saha maneh mawa tanda bakti anu karitu ka Kami teh? Dititah ku saha maneh nincakan Bait Kami?

13

Teu guna maneh mawa pangabakti oge. Kami ijid kana bauna eta beubeuleuman maneh! Kami ijid kana Pesta Bulan Anyar, kana Sabat, jeung kana kumpulan-kumpulan ibadah maneh, lantaran geus kalampud ku dosa maneh.

14

Kami geus ijid kana eta Pesta Bulan Anyar jeung kana hari-hari besar maraneh, ngabangbaluhan bae Kami, nyapekeun.

15

Kami arek ngabalieur lamun maraneh nadahkeun doa. Rek ngadaroa sakumaha rosana ge ku Kami moal ditolih. Sabab maraneh nadahkeun leungeun anu lamokot ku getih.

16

Beresihan heula diri. Eureunan kalakuan anu doraka teh. Eureun nyieun dosa,

17

lampahkeun anu bener. Usahakeun sangkan kaadilan terap. Belaan anu sangsara. Belaan hakna budak pahatu. Tangtayungan randa-randa."

18

PANGERAN nimbalan, "Hayu urang padukeun. Maraneh teh geus lestreng ku dosa, tapi ku Kami rek disina bodas beresih. Najan dosa maneh nepi ka beureum kawas getih, bakal jadi bodas kawas kapas.

19

Lamun narurut ka Kami, sagala pibagjaeun nu aya di ieu tanah ku maraneh tangtu kapetik.

20

Sabalikna lamun teu narurut, cilaka, tangtu dibasmi. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

21

Kota anu bareto sakitu satiana teh kalakuanana geus kawas dayang! Bareto eusina teh jelema-jelema anu balener, ari ayeuna ngan tinggal jalma-jalma tukang maehan.

22

Eh Yerusalem, bareto maneh teh ibarat perak, ayeuna mah geus teu hargaan. Bareto mah saibarat anggur hade, ayeuna mah cai biasa bae.

23

Para pamingpin anu aya di maneh ayeuna kabeh tukang rusuh, ngabaturna ka penjahat, darolog kana panyogok, lalapar ku pangruruba. Di pangadilan cadu nulung ka nu pahatu, paliyas nyoreang ka pangaduan randa-randa.

24

Ku sabab kitu dengekeun ieu timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah Israil, "Maraneh musuh Kami, ku Kami arek dibales supaya ulah musingkeun bae.

25

Kami arek meta. Maraneh arek dimurnikeun sina beak karahana, sina leungit kokotorna,

26

rek dibere deui pamingpin-pamingpin jeung juru-juru nasehat anu hadena kawas nu ti heula-heula. Mun geus kitu Yerusalem bakal disebut kota ibadah, kota anu satia."

27

Ku sabab PANGERAN mah adil, kersaeun nyalametkeun Yerusalem katut sakabeh anu tarobat.

28

Sabalikna anu daroraka jeung ngalawan, ku Mantenna tangtu ditundung, ditumpes.

29

Maraneh bakal kaduhung geus nyarembah ka tatangkalan jeung nyieun kebon-kebon anu husus pikeun dewa-dewa.

30

Maraneh bakal ngarangrangan cara tangkal karamat anu geus rek paeh, lir kebon teu meunang cai.

31

Lir kalakay bisa beak ku seuneu saenyay, jalma-jalma anu karawasa tea oge bakal beak ku kadorakaanana sorangan, moal aya anu bisa ngeureunkeun ruksakna.

Link: