Yesaya 2
Ieu timbalan Allah, anu didawuhkeun ka Yesaya putra Amos, perkara Yuda jeung Yerusalem:
Engke ka hareup, gunung tempat Bait Allah ngadeg bakal muncul pangluhurna, mucunghul ngaluhuran pasir-pasir, bakal kasaba ku loba bangsa.
Rahayat eta bangsa-bangsa bakal silih ajak: "Hayu urang naranjak ka pasir, pangcalikan PANGERAN, urang ka Baitna Allah Israil. Engke urang ku Mantenna diwulang pilampaheun, sangkan napak kana jalan pituduh-Na. Sabab piwulang PANGERAN teh datangna ti Yerusalem, ngandika-Na ka umat-Na teh ti Sion."
Mantenna bakal memeres perkara bangsa-bangsa galede. Maranehna bakal ngarobah pedangna jadi wuluku, tumbakna dijieun arit. Bangsa-bangsa moal perang deui, moal tatahar perang deui.
Eh turunan Yakub, hayu urang nyorang jalan anu caang panuduhan PANGERAN!
Nun Allah, Gusti parantos miceun umat ku anjeun, turunan Yakub. Tanahna pinuh ku tukang sihir ti wetan sareng ti tanah Pelisti. Rahayatna biluk kana adat bangsa batur.
Tanahna pinuh ku emas perak, harta sisimpenanana teu aya watesna. Kudana kacida seueurna, kareta perangna parantos henteu kaetang.
Tanahna pinuh ku brahala, maranehna nyarembah kana barang buatanana sorangan.
Kabehanana bakal direndahkeun jeung dihinakeun. Nun PANGERAN, mugi ulah dihampura maranehna teh!
Maranehna bakal marubus ka guha-guha di gunung-gunung cadas, atawa ngarali liang nyingkiran PANGERAN anu keur bendu, nyingkahan pangawasa jeung kamulyaana-Na.
Hiji waktu katakaburan jeung kaangkuhan manusa bakal eureun, dibasmi. Ngan PANGERAN anu bakal diagungkeun.
Dina waktu eta PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal ngarendahkeun sakur anu aragung, anu aradigung.
Tangkal-tangkal kiputri di Libanon anu laluhur, kitu deui tangkal-tangkal kiara di tanah Basan ku PANGERAN bakal dibasmi.
Gunung-gunung nu laluhur kitu deui pasir-pasir bakal diratakeun jeung taneuh.
Kitu deui munara-munara anu laluhur jeung sakabeh kuta puri benteng.
Malah kapal-kapal anu panggaledena jeung pangalusna ge bakal dikarem-karemkeun.
Katakaburan manusa bakal eureun, kaadigungan bakal dibasmi. Brahala-brahala bakal beak. Dina waktu eta ngan PANGERAN anu bakal diagungkeun.
(2:17)
Jalma-jalma bakal nyarumput di guha-guha di gunung-gunung cadas, atawa ngarali liang nyingkiran PANGERAN anu keur bendu, nyingkahan pangawasa jeung kamulyaana-Na, mangsa Mantenna rawuh seja ngoyagkeun jagat.
Dina waktu eta jalma-jalma bakal ngalung-ngalungkeun brahala-brahala tina perak jeung emas bubuatanana sorangan, sina diruksak ku beurit cantung jeung lalay.
Lamun PANGERAN geus sumping rek ngoyagkeun jagat, jalma-jalma bakal nyarumput kana guha-guha di gunung-gunung cadas nyingkiran PANGERAN anu keur bendu, nyingkahan pangawasa jeung kamulyaana-Na.
Nu matak ge ulah sok sumender ka manusa. Bisa naon manusa mah!