Yesaya 21
Ieu pangandika perkara Babul. Aya bahla keur ngancam, datangna ti hiji nagri anu pikagimireun, ngahiuk ngaliwatan gurun keusik, nyapu lir angin puyuh.
Kaula boga tetenjoan ngeunaan kajadian-kajadian anu kacida telengesna, hal nu hianat jeung ngaruksak. Eh balad Edom, geura narajang! Eh balad Media, geura kepung kota-kota! Allah bakal namatkeun kasangsaraan anu dilantarankeun ku Babul.
Eta tetenjoan katingalna jeung kadengena matak gimir, kaula kacida sieunna. Jeung awak asa rocop kawas awewe rek ngajuru.
Sirah asa muter, awak ngadaregdeg bawaning ku sieun. Ngarep-ngarep geura peuting, geus peuting malah jadi lelenyapan.
Nu katenjo teh dahareun beunang ngatur, tamu-tamu dariuk dina pramedani dalahar nginum. Sabot kitu ngadak-ngadak aya sora anu marentah kieu, "Para perwira, siap tameng!"
Ti dinya PANGERAN nimbalan ka kaula, "Maneh kudu nempatkeun prajurit jaga, sina ngalaporkeun tetenjoanana.
Lamun geus nenjo anu tarumpak kuda ngarendeng dua-dua, jeung anu tarumpak kalde jeung onta, awaskeun terus."
Prajurit jaga ngagero, "Kuring geus aya di pos jaga, taki-taki beurang peuting!"
Ujug-ujug, tuh geus daratang! Tarumpak kuda ngarendeng dua-dua. Prajurit jaga ngagero, "Babul geus rubuh! Brahala-brahala sesembahanana balencar mayak dina taneuh!"
Leuh Israil bangsa kaula, aranjeun geus diluluh, kawas gandum diirik. Ieu kaula mere warta pikabungaheun, asalna ti PANGERAN Nu Maha Kawasa, Allah panutan Israil.
Ieu pangandika perkara nagri Edom. Aya anu ngagero ka kaula ti Edom, pokna, "Prajurit jaga! Lila keneh ieu peuting teh? Iraha rek enggeusna?"
Tembal kaula, "Sakeudeung deui ge isuk. Tapi engke oge peuting deui. Bisi rek nanyakeun deui heug bae, engke ka dieu deui!"
Ieu pangandika perkara Arab. Eh kapilah urang Dedan nu mareuting di tegal tanah Arab!
Bere cai sakur nu datang kahalabhaban. Eh urang Tema, bere dahareun sakur anu keur ngungsi.
Maranehna keur kalabur nyingkahan pedang anu geus rek nyabet, nyingkiran jamparing nu geus dipentang, nyingkahan sagala bahya perang.
Geus kitu PANGERAN nimbalan ka kaula, "Moal kungsi sataun deui ge kaagungan kaom-kaom Kedar teh musna.
Jalma-jalma pasukan panahna panggaragahna, tapi engke mah ngan tinggal saeutik. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa."