Yesaya 23
Ieu pangandika perkara nagara Tirus. Geura maridangdam, eh tukang-tukang balayar anu keur di tengah laut! Kota palabuan maraneh geus bejad. Imah-imah jeung palabuanana geus burak-barik. Upama kapal-kapal maraneh geus marulang ti Siprus, ieu beja tan wande nyata.
Eh para sudagar Sidon, geura maridangdam! Maraneh ngiang-ngiangkeun jelema
mareuntasan laut sina jual beuli gandum hasil bumi Mesir, sina ngayakeun usaha jeung sakabeh bangsa.
Eh nagri Sidon, maneh geus jadi hina! Dasar-dasar laut jeung nagri ka maneh geus henteu ngaku. Pokna, "Kami mah teu boga anak, teu awewe teu lalaki."
Barang nyarahoeun yen Tirus geus diruksak, urang Mesir ge tingrarenjag karageteun.
Eh urang Penesia, geura maridangdam! Geura kalabur sabisa-bisa, ka Sepanyol.
Na enya eta teh nagri Tirus, nu ngadegna ti baheula tur pinuh ku nu matak suka? Na enya eta teh nagri anu sok ngiang-ngiangkeun rahayatna mareuntasan laut sina ngawangun babakan-babakan?
Saha nu ngersakeun ieu kajadian narajang ka Tirus, nagri anu diparentah ku raja gede, anu sudagar-sudagarna jalma-jalma anu pangmulyana di dunya?
PANGERAN Nu Maha Kawasa nu ngersakeunana. Mantenna nu ngersakeun, pikeun ngeureunkeun sipatna nu adigung ku beubeunangan usahana, jeung pikeun ngarendahkeun jalma-jalma anu marulya.
Eh jalma-jalma anu keur bubuara di Sepanyol, mending geura ngagarap tanah kawas jalma-jalma di sisi Walungan Nil. Ayeuna mah maraneh geus teu boga pamuntangan.
PANGERAN geus ngangkat panangan rek ngagebruskeun karajaan-karajaan ka laut. Puseur-puseur perdagangan di Penesia geus dipiwarang digempur.
Eh nagri Sidon, maneh moal bisa senang-senang deui. Rahayat maneh geus digencet. Najan kalabur ka Siprus tetep moal saralamet.
(Anu nyerenkeun Tirus sina diranjah ku sato-sato galak teh urang Babul, lain urang Asur. Nya urang Babul anu ngepung Tirus ku munara-munara pangepungan, anu ngaburak-barikna, anu ngarubuhkeun puri-purina.)
Eh tukang-tukang balayar nu keur di laut, geura maridangdam! Nagri anu ku maraneh dipiandel teh geus tumpur.
Tirus bakal dipopohokeun nepi ka tujuh puluh taun, nurutkeun umur hiji raja. Sanggeus liwat waktu eta, Tirus pijadieun saperti hiji awewe dayang dina ieu lagu:
He dayang jomlo! Jig ngamen mawa kacapi, ngider-ngider kota. Sing genah ngacapina, sing getol ngawihna, ambeh maneh payu deui.
Sanggeus liwat tujuh puluh taun, Tirus ku PANGERAN rek disina malikan usahana nu baheula, sarta ngalacurkeun dirina ka karajaan-karajaan di sadunya.
Tapi duit beubeunanganana mah pikeun PANGERAN, lain keur pakeeun dirina, tapi keur kaperluan hakan jeung pake sakur anu ngabarakti ka PANGERAN.