Yesaya 24
PANGERAN bakal ngaruksak ieu bumi, rek dikosongkeun. Bumi rek diputer balik, pangeusina sina paburisat.
Jalma-jalmana — imam-imam, awam, badega, dunungan, tukang ngajual, nu mareuli, nu boga hutang, nu ngahutangkeun, nu beunghar, nu miskin — kabeh bakal sarua nasibna.
Bumi bakal pasiksak burak-barik. Kitu PANGERAN timbalana-Na, nya kitu pijadieunana.
Bumi bakal garing, alum, sajagat bakal leuseuh, bumi nguyung, langit nguyung.
Jalma-jalma geus ngarurujit ieu bumi ku ngarempak hukum-hukum Allah, jeung alingkar tina perjangjian Mantenna anu langgeng.
Nu matak Allah teh ngaragragkeun panyapa ka bumi. Jalma-jalma kudu nebus sagala dosana, beuki lila jelema teh beuki saeutik.
Pelak anggurna aralum, anggur jadi langka. Jalma-jalma nu asalna sarenang, ayeuna jadi prihatin.
Lalaguanana anu sok dikacapikeun geus tara kadenge deui.
Nu ngarinum anggur geus teu jeung hahaleuangan, da ari ngarinum taya nu ngarasa ngeunahna.
Nagri jadi kusut. Jalma-jalma ngarerem maneh, nyarumput di imahna masing-masing.
Jalma-jalma di jalan tinggarero lantaran geus taya anggur. Kabagjaan geus indit ti dinya, leungit salalawasna.
Nagri jadi suwung, panto-pantona geus ngagaloler raruksak.
Kitu pijadieunana ka saban bangsa di dunya, lir tangkal jetun anu geus rugul, buahna geus beak diala, lir anggur kari areuyna, buahna mah geus beak dipetikan.
Jalma-jalma anu saralamet bakal ngarawih gumbira. Ceuk jalma-jalma anu di kulon estu agung PANGERAN.
Anu caricing di wetan bakal maruji ka Mantenna. Anu caricing di sapanjang basisir bakal maruji ka PANGERAN Allah Israil.
Ti dunya bagian-bagian nu pangjauhna kadenge anu maruji ka Israil, bangsa anu bener jeung ibadah. Tapi ari kaula mah geus teu boga harepan, hate sangsara. Tukang hianat teu eureun-eureun ngahianat, beuki lila beuki banget.
Darengekeun ku sarerea ieu omongan kaula! Aranjeun keur didago-dago ku rasa kasieun, ku liang jero, jeung ku pitapak.
Sakur nu kabur nyingkahan kasieun bakal beunang ku liang jero. Anu luput tina liang jero, bakal beunang ku pitapak. Langit bakal bedah, hujan gede ngucur terus ti langit, dasar-dasar bumi aringgeung.
Bumi bakal rengat, seug muruhpuy, terus beulah.
Bumi galuang-galeong kawas jalma mabok, ruag-rieg kawas saung katebak ku angin gede. Jagat ngarempeyek beurateun ku dosa-dosana, tuluy ngedeprek moal cengkat-cengkat deui.
Dina mangsa eta pangawasa-pangawasa nu di angkasa jeung raja-raja anu di bumi ku PANGERAN bakal dihukum.
Raja-raja teh bakal dikumpulkeun ku Allah kana hiji liang gede, dijieun sakitan, dipanjara di dinya ngadago mangsa hukumanana.
Bulan beuki poek, panonpoe henteu ngempray, sabab PANGERAN Nu Maha Kawasa anu bakal jadi raja. Mantenna bakal marentah di Yerusalem, calikna di Gunung Sion, bakal tembong kamulyaana-Na ka sakabeh pamingpin bangsa.