:

Yesaya 26

1

Pidatangeun hiji mangsa, sakur anu araya di nagri Yuda ngarawihkeun ieu lagu: Kota urang tohaga! Allah ku manten bentengna!

2

Buka panto-panto kota, bere asup bangsa anu satia, anu rahayatna hade lampahna.

3

Gusti maparin kasantosaan, nun PANGERAN, ka sugri nu pangger tujuanana, sarta gaduh kapercayaan ka Gusti.

4

Sing percaya ka PANGERAN salalawasna, anu nyarengan ka urang sapapanjangna.

5

Nu aradigung ku Mantenna direndahkeun, kotana nu tohaga geus ditumpurkeun, kuta-kutana tingburulu jadi lebu.

6

Diparake leumpang ku anu tadina dikaniaya, ditarincakan ku sarerea.

7

Nun PANGERAN, nu balageur ku Gusti dipangdamelkeun jalan, nya leucir nya rata.

8

Abdi sadaya seja tumut kana pangersa, sareng muntangkeun harepan. Sugri panyileukan abdi di Gusti ayana.

9

Ari wengi hate kumejot ka Gusti. Upami Gusti parantos ngahakiman ieu bumi saeusina, nembe maranehna terang naon ari adil.

10

Nu jarahat, najan ku Gusti disabaran ge tetep teu daek migarwa nu bener. Di dieu ge, di nagrina umat anu ibadah, tetep kalakuanana bakal awon, arembungeun ngaku kana kaagungan Gusti.

11

Musuh-musuh Gusti teu gaduh pangira yen ku Gusti bakal dihukum. Sina areraeun nun PANGERAN, sina sangsara, sina nandangan nyerina hukuman, anu ku Gusti parantos dipastikeun. Pintonkeun kumaha nyaahna Gusti ka umat Gusti.

12

Gusti nu bakal maparin kasantosaan ka abdi-abdi. Margi sugri anu kahontal ku abdi-abdi, sayaktosna berkah tina padamelan Gusti.

13

Nun PANGERAN, Allah abdi sadaya, abdi-abdi tadina dikawasaan ku batur. Nanging ari panutan mah mung Gusti, PANGERAN.

14

Ayeuna maranehna parantos tariwas, pamohalan harirup deui. Arwah-arwahna moal harudang deui, ku Gusti parantos ditumpes, moal aya anu ngemut-ngemut deui.

15

Bangsa abdi ku Gusti didamel jembar, nun PANGERAN, wawatesan wilayahna di unggal jihat dilegaan, jadi kamulyaan ka salira Gusti.

16

Umat Gusti ku Gusti dihukum, nanging sajeroning sangsarana, mung ka Gusti sasambatna, nun PANGERAN.

17

Abdi sadaya ku Gusti disiksa, dugi ka jejeritan sapertos awewe anu sabroleun ngajuru pinuh ku kanyeri.

18

Abdi-abdi nandangan kanyeri, nanging henteu ngalahirkeun naon-naon, ka nagri teu tiasa ngabaktikeun kaunggulan, teu tiasa ngarengsekeun naon-naon.

19

Umat Gusti anu parantos tariwas, tangtos bakal harudang deui, mayit-mayitna bakal harirup deui. Sanaos parantos sirna di jero kubur, bakal nyararing deui, lajeng maruji kalawan suka. Anu maraotna parantos lami ge tangtos ku PANGERAN dihirupkeun deui, lir ciibun anu ngagarenclang nyegeran bumi.

20

Eh umat, arasup heula maraneh ka jero imah, panto tulakan. Nyarumput heula sakeudeung, bari ngadago lelerna bendu Allah.

21

Mantenna bakal mios ti panglinggihana-Na di sawarga, kersa-Na ngahukum jalma-jalma eusi bumi ku karana dosa-dosana. Anu maraehan pasti kabitur sanajan sakumaha bunina, kitu deui bumi oge moal ngabunikeun sakur anu enggeus dipaehan.

Link: