:

Yesaya 27

1

Dina mangsa eta PANGERAN bakal metakeun kakawasaan jeung pedang-Na anu pikagimireun, bakal ngahukum ka Lewiatan, naga tukang rungkal-ringkel luar-leor, jeung bakal ngabinasakeun mahluk raksasa anu ayana di laut.

2

Harita Mantenna bakal sasauran kieu ngeunaan kebon anggur-Na anu pikaresepeun,

3

"Rek dikemitan ku Kami jeung moal elat diseboran. Beurang peuting moal elat dijaga-jaga, supaya ulah aya anu ngaganggu.

4

Ayeuna ieu kebon teh matak rudet. Nu bakal ngaganggu hirupna, najan ngan cucuk atawa jukut cucuk tangtu diduruk.

5

Kajaba lamun musuh-musuh umat Kami teh harayangeun nyalindung ka Kami, kajeun ari rek akur jeung Kami mah, pek akur jeung Kami."

6

Ka hareup mah urang Israil turunan Yakub teh pijadieun lir tangkal, bakal akaran, pucukan jeung kembangan, buahna bakal minuhan saalam dunya.

7

PANGERAN ngahukumna ka Israil teh henteu cara ngahukum ka musuh-musuhna, tur anu tariwasna henteu sakumaha lobana.

8

Eta umat dihukumna ku PANGERAN teh dipiceun ka pangbuangan, dibawa jauh ku angin tarik ti wetan.

9

Dosa-dosa Israel bakal dihampura, nya eta upama batu altar-altar bangsa anu nyembah brahala geus marekplekan kawas apu, jeung altar-altar pangukusan atawa titironan Dewi Asera geus taya nu nyesa.

10

Kota anu dibenteng teh bakal rubuh, tuluy jadi suwung kawas leuweung kosong, dipake enggon sapi nyatuan jeung enggon ngaubna.

11

Dahan-dahan kakayonna geus pareunggas jeung gararing, diparulungan ku awewe pikeun suluh. Ku sabab eusina teh jelema-jelema anu henteu kapanjingan budi, ku Allah Khalik maranehna teu dipikawelas, teu dihampura.

12

Dina mangsa eta PANGERAN bakal ngempelkeun umat-Na ti Walungan Eprat nepi ka Mesir, dicandakan saurang-saurang kawas misahkeun beas tina gabah.

13

Dina waktuna urang Israil anu di pangbuangan di Asur jeung di Mesir bakal dicalukan ku tarompet, dititah marulang. Seug maranehna marulang, daratang ka Yerusalem, ngabakti ka PANGERAN anu calik di gunung suci.

Link: