Yesaya 29
Cilaka Yerusalem, kota nu disebutna Altar Allah! Cilaka eta kota pakemahan Daud teh! Ingkeun heula katut sagala pesta jeung perayaanana sataun dua taun deui.
Eta kota nu disebut "Altar Allah" teh bakal katarajang bahla ti Allah. Sakuliahna pijadieun lir altar anu lamokot ku getih, pinuh ku nu tingkoceak tingharegung.
Ku Allah bakal dikepung, ditarajang.
Yerusalem pijadieun lir jurig anu keur ah-eh ti jero taneuh hayangeun nyoara, sorana lapat-lapat kaluar ti jero taneuh ngebul.
Tapi eh Yerusalem, musuh-musuh nu narajang teh bakal beresih kawas kekebul dikebut ku angin. Musuh anu pikagimireun teh bakal tingkoleang kawas kalakay. Sabab kalawan teu kasangka-sangka
PANGERAN Nu Maha Kawasa bakal ngadadak ngaluputkeun maneh ku guludug tingbeledag jeung ku lini. Mantenna bakal ngebut angin ribut jeung nurunkeun seuneu anu ngalebur.
Pasukan-pasukan musuh anu keur nempuh kota Altar Allah teh bakal sirna katut pakarang-pakarang jeung sagala kaperluanana, lir hiji impian, lir tetenjoan goreng ti peuting.
Bangsa-bangsa anu arek ngagempur Yerusalem pijadieun ibarat anu keur lapar ngimpi dahar, ari lilir angger lapar, ibarat nu keur halabhab ngimpi nginum, ari lilir tikorona angger garing.
Pek terus kitu, sing jadi bodo! Pek terus kitu, sing lolong! Sing dalugdag-daligdeug najan teu nginum anggur sakeclak.
Maneh ku Allah diragragan tunduh, hees ngaguher. Nabi-nabi maneh nu minangka panon maneh ku Allah geus dipeungpeunan.
Jadi mun aya tetenjoan teh moal aya nu muka maksudna, ibarat surat nu disegel. Sanajan lamun dibawa ka nu bisa maca ge bakal dijawab teu bisa, sabab disegel.
Menta dipangmacakeun ka nu teu bisa komo, jawabna teu ngarti.
Dawuhan Pangeran, "Ieu bangsa majar ngaku ka Kami teh ngan semet biwir, teu terus jeung hatena. Agamana taya lian ti aturan-aturan jeung tali paranti beunang nyieun jalma. Eta bae anu diarapalkeunana teh.
Ku sabab kitu ku Kami rek disina kalabur pangacianana, moal eureun-eureun dibere pikareuwaseun. Ahli-ahlina anu palinter bakal leungit pangartina, kapinteranana moal aya gawena."
Cilaka sakur anu nyumputkeun pakarepan ti PANGERAN! Ceuk pamikir maranehna sagala niat jeung sagala kalakuanana teh moal aya nu nenjoeun, moal aya nu nyahoeun, rikip.
Sagala perkara ku maranehna diputer balik. Ari pariuk naha leuwih ti batan anu nyieunna? Bisaeun hiji barang ngomong ka anu nyieunna, "Kuring lain beunang nyieun anjeun"? Atawa, "Anjeun euweuh kabisa"?
Aya basa, "Sakeudeung deui ge leuweung rembet bakal jadi kebon, kebon jadi leuweung deui."
Lamun waktuna geus cunduk, nu torek bakal bisa ngadengekeun kalimah-kalimah kitab anu dibaca tarik. Nu lalolong, anu panonna poek bae, bakal bareunta barisa nenjo.
Anu mariskin jeung nu salangsara bakal ngarasa deui bagja ti PANGERAN, Allah Israil nu suci.
Tukang-tukang nganiaya sasama hirup sarta ngahina ka Allah bakal dieureunkeun. Anu jarahat kabeh bakal dibasmi.
Tukang-tukang mitenah, tukang-tukang nyegah ragragna hukum ka nu jarahat, tukang-tukang ekol sangkan anu jujur eleh perkara, tangtu ditumpes ku Allah.
Ku sabab kitu, kieu timbalan PANGERAN Allah Israil anu ngajait Ibrahim tina kasusahanana, "Eh umat, ayeuna maraneh teh moal nandangan deui kahinaan, moal parias ku kaera.
Ana maraneh nenjo ka anak paparin ti Kami, bakal ngaraku yen Kami teh Allah panutan Israil. Maraneh bakal ngamulyakeun ka Kami, bakal alajrih.
Nu barodo bakal dialajar pangarti, tukang-tukang gegelendeng bakal mareunang pangajaran, bakal aratoheun."