:

Yesaya 30

1

PANGERAN geus ngadawuh: "Cilaka anu marentah di Yuda! Ngaralawan ka Kami! Marake tarekah lain ti Kami, nanda perjangjian anu teu cocog jeung Kami, nambah-nambah bae dosa.

2

Maranehna arindit menta pitulung ka Mesir, teu menta nasehat heula ka Kami.

3

Padahal eta teh moal bisaeun nulung, panangtayunganana bakal goreng balukarna.

4

Utusan maranehna geus narepi ka Mesir, geus araya di Soan jeung Hanes.

5

Urang Yuda bakal kaduhung geus mercayakeun maneh ka bangsa anu taya kamampuhna, anu bakal ngabuyarkeun harepanana dina waktuna butuh ku pitulung."

6

Kieu pangandika Allah ngeunaan sasatoan gurun keusik beulah kidul: "Aya utusan-utusan ngambah tempat-tempat bahaya, enggon singa jeung oray matih jeung naga hiber, mawa barang nu marahal dimuatkeun kana kalde jeung onta, pikeun tanda-mata ka bangsa anu moal bisaeun nulung naon-naon.

7

Pitulung Mesir moal aya gawena. Anu matak Mesir ku Kami dilandi ‘Naga lumpuh’."

8

Allah miwarang supaya sim kuring nyatet kalakuan eta jelema-jelema dina kitab, siga kumaha kalakuanana teh, supaya salawasna kacatet kumaha darorakana.

9

Kalakuanana ngan ngalawan bae ka Allah, arembungeun nurut kana pituduh-pituduh PANGERAN.

10

Nabi-nabi dititah baralem. Carekna, "Ka kuring mah tong ngomong naon nu bener. Mending oge ngomong perkara kahayang kuring. Geus, geura ka ditu, kuring rek mikiran panglamunan.

11

Haling, ulah ngaheurinan jalan! Kuring teu hayang ngadenge perkara Allah Israil nu suci."

12

Tapi dawuhan Allah Israil nu suci kieu: "Timbalan Kami ku maraneh teu didenge, kalah ka mihapekeun maneh ka nu nya bengis nya panipuan.

13

Salah eta! Maraneh teh ibarat tembok luhur anu geus rengat ti luhur ka handap, bakal ujug-ujug ngagebru.

14

Moal teu remuk kawas pariuk, bubuk pisan, sesemplekanana ge moal aya nu cukup gedena keur paranti nyiuk ruhak atawa cai tina kobokan."

15

PANGERAN Nu Maha Agung, Allah Israil nu suci, nimbalan kieu ka eta umat, "Geura baralik ka Kami, pihapekeun diri ka Kami, tan wande maraneh kuat jeung reugreug." Tapi maraneh arembung!

16

Kalah ka mikir arek kalabur ti musuh, lumpat tarik make kuda pedah boga kuda nu tarik lumpatna. Nu ngudag mah komo kudana leuwih tarik!

17

Maraneh sarebu, ku serdadu musuh hiji ge geus ngacir. Kakara ku lima serdadu ge maraneh moal teu jicir. Balad maraneh moal nyesa, kari gagang bandera sahiji culangeuk di luhur pasir!

18

Sangkilang kitu ge maraneh mo burung dihampura ku PANGERAN, mo burung diajeng-ajeng jeung dipikawelas, da Mantenna mah dina sagala perkara bener sapapanjangna. Bagja sakur anu nyalindung ka PANGERAN.

19

Maraneh anu di Yerusalem moal ceurik-ceurik deui, PANGERAN anu ngalilipur. Ana maraneh sasambat ka Mantenna tangtu didangu.

20

Maraneh bakal disorangkeun kana jaman anu werit, tapi bakal diaping jeung dipaparin pituduh ku Pangeran. Jadi maraneh teu kudu culak-cileuk neangan Mantenna.

21

Mun maraneh nyimpang ka kenca atawa ka katuhu, Mantenna bakal ngagentraan ti tukangeun, "Ieu jalanna, tuturkeun!"

22

Brahala-brahala maraneh anu dilapis ku perak jeung emas, ku maraneh bakal dipiceunan kawas bubututan. Ceuk maraneh ka eta brahala-brahala, "Jor ka ditu!"

23

Mun maraneh melak bibinihan, Pangeran bakal nurunkeun hujan sangkan pepelakan maraneh marontok, supaya loba hasilna. Sampalan pikeun sapi moal kurang.

24

Sapi jeung kalde pikeun ngawuluku, parabna harade.

25

Dina mangsa eta, sanggeus benteng-benteng musuh maraneh geus kajabel sarta jelema-jelemana geus diparaehan, ti saban gunung jeung pasir bakal cur-cor walungan.

26

Bulan caangna lir panonpoe, panonpoe caangna tujuh kalieun, lir caang pikeun tujuh poe disapoekeun. Pijadieunana kitu teh upama PANGERAN geus ngabeberan jeung nyageurkeun raheut-raheut umat-Na tapak mantenna ngarangketan.

27

Kakawasaan jeung kamulyaan PANGERAN bakal tembong ti kajauhan. Ana Mantenna bendu tembong seuneu jeung haseup. Ana ngadawuh, kalimah-kalimah-Na lir seuneu anu ngahuru.

28

Mantenna nginditkeun angin di payuneuna-Na, lir cai caah malidkeun sagala rupa. Bangsa-bangsa dikebut diubrak-abrik, pegat sagala paniatanana anu jarahat.

29

Tapi maraneh mah, eh umat Allah, bakal barungah jeung bakal nyaranyi kawas dina pesta suci, halegar kawas nu keur baris dipirig ku sora suling ngajugjug Bait Allah. PANGERAN teh panulung Israil.

30

Unggal jalma ku PANGERAN bakal disina ngadenge gentra-Na nu agung, jeung disina ngarasa kahebatan bendu-Na. Bendu-Na bakal nimbulkeun seuneu, ngabedah mega, hujan es, jeung hujan angin.

31

Urang Asur tagiwur ku gentra PANGERAN jeung ku kahebatan hukuman ti Mantenna.

32

Waktu maranehna ku PANGERAN disiksa teu eureun-eureun, umat Mantenna teu eureun-eureun narabeuh tambur jeung kacapi. Allah ku manten anu bakal merangan urang Asur.

33

Ti baheula keneh geus aya hiji tempat enggon seuneu anu ngagegedur, anu bakal ngaduruk raja Asur. Tempatna jero jeung lega, suluhna ngabugbrug kari nyundut ku seuneu anu bijil tina napas PANGERAN.

Link: