Yesaya 32
Engke bakal aya hiji raja anu ngarajaanana satuhuna, jeung bakal aya pamingpin-pamingpin bangsa anu marentahna adil.
Aranjeunna ibarat tempat nyalindung ari keur hujan jeung angin, ibarat kokocoran cai di tanah keri, ibarat batu gede di tengah tegal garing pikeun ngiuhan.
Panon jeung ceulina maruka kana kasusah-kasusah rahayat.
Marentahna lain ku sentak jeung haok. Asak sasar, ana nyarita dipikir heula.
Anu burung ku aranjeunna moal disebut luhung, anu baragajul moal disebut jelema jujur.
Anu burung, omonganana ngacapruk, eusi hatena ge goreng. Lampah jeung ucapna ngagogoreng ka PANGERAN, jeung cadu mere dahar ka nu lapar mere cai ka nu hanaang.
Nu gejul, adat jeung lampahna goreng, karepna ngan ngarah jeung macikeuh ka nu eukeur kasangsara, megatan hak jalma malarat.
Sabalikna nu berbudi mah lampahna satuhu, teguh dina perkara nu bener.
Eh awewe-awewe anu keur garenah hirup, anu taya kasalempang, dengekeun ieu omongan.
Maraneh ayeuna keur garenah, tapi taun hareup mah bakal rarumahuh. Sabab moal aya anggur alaeun.
Hirup maraneh ayeuna gampang, taya kahariwang. Engke malah bakal pinuh ku kasieun! Geura ganti pakean ku karung.
Teunggeulan harigu, tembongkeun ulat susah. Sabab tanah lendo jeung kebon-kebon anggur geus lebur,
sakuliahna geus pinuh ku rungkun cucuk jeung jukut cucuk. Geura ceungceurikan imah paranti maraneh senang-senang. Geura ceungceurikan kota tempat maraneh suka-suka.
Karaton ge bakal sepi, ibu kota bakal jempling. Puri-puri jeung munara-munara anu ngawal maranehna bakal rata jeung taneuh, jadi tempat liar kalde alas, tempat nyaratuan domba.
Tapi Allah bakal maparin deui sumanget ka urang. Tanah anu geus kalantar teh bakal lendo deui, lahan-lahan bakal pinuh deui ku pepelakan.
Di sakuliah tanah, di mana-mana pinuh ku perkara anu bener jeung adil.
Ku lantaran unggal jalma lampahna bener, tanah teh bakal aman santosa sapapanjangna.
Umat Allah bakal bebas tina kasalempang, rumah tanggana bakal repeh-rapih reugreug pageuh.
(Tapi leuweung-leuweung bakal katinggang ku hujan es, sarta kota bakal ruksak.)
Unggal jelema bakal ngarasa bagja, pepelakanana sugih ku cai, loba sampalan pikeun kalde jeung sapi, tur aman.