Picilakaeun nu keur arindit ka Mesir rek marenta tulung teh! Ngarepna ka Mesir dumeh Mesir boga balad anu kuat, boh pasukan kudana, boh pasukan karetana, boh prajurit-prajuritna. Percayana lain ka PANGERAN, Allah suci Israil. Menta tulungna lain ka Mantenna.
2
Mantenna uninga kana salampah-lampah maranehna. Mantenna ngadatangkeun bahla. Eta bangsa anu goreng kalakuanana, kitu deui anu nangtayunganana bakal dihukum.
3
Urang Mesir lain dewa-dewa, manusia ilahar bae. Pasukan kudana lain kuda sakti. Lamun PANGERAN enggeus ngawitan, najan eta bangsa teh kuat tangtu bakal ngudupung, kitu keneh bangsa lemah anu ditulunganana. Duanana ge bakal binasa.
4
PANGERAN ngadawuh ka kaula, "Teu paduli kumaha tingjareritna jeung tinggorowokna para pangangon, singa moal sieuneun nepi ka ngalesotkeun mangsa beunang maehanana; Kami oge, PANGERAN Nu Maha Kawasa, moal beunang dihalang-halang enggoning nangtayungan Gunung Sion.
5
Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa rek ngaraksa jeung ngabelaan Yerusalem, kawas manuk anu kekeleperan deukeut sayangna ngabelaan anakna."
6
PANGERAN nimbalan, "Eh urang Israil! Maraneh teh baheula, baha ka Kami. Tapi hiap baralik deui!
7
Bakal aya mangsa maraneh bakal miceunan arca-arca beunang maraneh nyieunan tina perak atawa emas.
8
Nagri Asur bakal tumpur perangna, tapi lain ditumpurkeun ku manusa. Urang Asur bakal kalabur ti medan perang, jalma-jalmana anu ngarora teh bakal jaradi badega.
9
Rajana bakal kabur bari tagiwur. Para panglima bakal kaeunteupan ku kasieun anu pohara nepi ka cul bandera perang." Kitu timbalan PANGERAN anu disembah jeung dihaturanan kurban beuleuman di Yerusalem.