Yesaya 34
Eh jalma-jalma sagala bangsa, ka darieu kumpul, darengekeun! Sakuliah bumi jeung pangeusina, ka darieu kumpul, darengekeun!
PANGERAN bendu ka sakabeh bangsa jeung balad-baladna. Ku Mantenna geus dipastikeun bakal dibasmi.
Bangke-bangkena moal dikubur, diantep sina baruruk barau. Gunung-gunung bakal cipruk ku getih.
Panonpoe, bulan, bentang-bentang, bakal ngeprul jadi lebu. Langit bakal leungit, ngagulung kawas samak. Bentang-bentang tingkoleang maruragan kawas daun anggur atawa daun kondang.
PANGERAN di sawarga geus nyabut pedang, rek nyabetan urang Edom. Eta jelema-jelema ku PANGERAN geus ditakdirkeun bakal dibasmi.
Pedang Mantenna bakal lelemberan ku getih jeung gajih maranehna, teu beda ti lamokot ku getih jeung gajih anak domba jeung embe anu dipeuncitan dijieun kurban. Maranehna ku PANGERAN dijagal di kota Bosra. PANGERAN di tanah Edom bakal ngayakeun jagal gede.
Jalma-jalma bakal tinggareblug lir banteng leuweung jeung sapi jalu rubuh. Bumi bakal cipruk ku getih jeung gajih.
Nya harita waktuna PANGERAN bakal ngajait Sion, sarta musuh-musuh Sion dibales.
Walungan-walungan di Edom bakal jadi ter, taneuhna jadi walirang. Nagrina sakuliahna jadi kawas ter anu diduruk.
Ngagedurna beurang peuting, haseupna meleketek teu eureun-eureun. Eta nagri bakal jadi ruruntuhan turun-tumurun, moal aya anu ngaliwat-liwat acan ka dinya.
Sakuliah eta tanah bakal jadi enggon bueuk jeung gagak. Ku PANGERAN disina suwung jeung kosong deui, sakumaha tadina basa samemeh jaman ngajadikeun.
Di dinya moal aya deui raja, para pamingpinna bakal musna.
Urut karaton-karaton jeung kota-kota anu make kuta bakal pinuh ku cucuk jeung jukut cucuk, jadi pangabetah ajag jeung anjing leuweung,
enggon sato galak tinggulandang, enggon setan-setan silih geroan, ririwa lenga-lengo neangan keur enggon hees.
Bueuk-bueuk nyarieun sayang, ngarendog jeung megarkeun sarta ngajaga anak-anakna. Manuk bangke bakal daratang pasusul-susul, kumpul di dinya.
Teangan dina kitab PANGERAN anu medar hal sagala mahluk anu kumelip, baca kumaha unina. Eta mahluk-mahluk sarupa ge moal aya nu leungit, tur masing-masing katut papasanganana, kitu ditimbalkeunana ku PANGERAN. Mantenna ku anjeun nu bakal ngumpulkeunana.
Nya PANGERAN anu ngabagi-bagi eta tanah keur enggon eta mahluk-mahluk, sabagianana-sabagianana. Ngarenggonna di dinya turun-tumurun ti jaman ka jaman deui, eta tanah enggon pangabetahna salalanggengna.