:

Yesaya 35

1

Tanah keri bakal suka seuri. Tegal garing bakal pinuh ku kekembangan.

2

Gurun keusik bakal ngawih jeung surak, jadi endah lir gunung-gunung di Libanon, lendo lir kebon-kebon di Karmel jeung Saron. Kamulyaan Allah, agung-Na, kawasa-Na, bakal tembong ka unggal jalma.

3

Tegerkeun leungeun nu ngaplek, jagjagkeun tuur anu nyorocod.

4

Bejakeun ka anu keur laleutik hate: "Sing teger, tong sieun! Allah sumping baris ngajait, jeung ngahukum musuh maraneh."

5

Nu lolong bakal bisa nenjo, nu torek bakal bisa ngadenge.

6

Nu lumpuh bakal bisa luncat jeung ngigel, nu pireu bakal bisa susurakan. Kocoran-kocoran cai bakal ngalocor di gurun keusik.

7

Keusik anu semu hurung bakal jadi talaga, tanah kelang bakal pinuh ku cinyusu, jadi pangabetah ajag, manjah jeung kaso jaradi.

8

Bakal aya jalan ngabulungbung, ngaranna "Jalan Kasalametan". moal katincak ku jalma jahat. Anu nyorang eta jalan, moal kasasabkeun ku anu gejul.

9

Singa jeung sato galak lianna, moal aya nu liwat ka dinya. Sakur anu geus dijait ku PANGERAN, marulangna make eta jalan.

10

Bakal narepi ka Yerusalem bari barungah, ngarawih, garerah. Maranehna bakal bagja salalawasna, moal nandangan deui kasusah jeung kanalangsaan.

Link: