Yesaya 36
Dina taun kaopat belas Hiskia jadi raja Yuda, kota-kota benteng Yuda dirurug ku Sanherib raja Asur sarta karebut.
Geus kitu Raja Asur ngirim pajabat luhurna ti Lakis ka Yerusalem mawa pasukan gede, menta supaya Hiskia taluk. Sanggeus nepi ka kota, eta pajabat jeung pasukanana eureun di hiji jalan tempat tukang-tukang minatu digarawe, deukeut solokan anu ngocor ti empang girangeunana.
Tuluy ditepungan ku urang Yuda tiluan, ku Elyakim bin Hilkia, mantri karaton, Sebna, panitera karaton, jeung Yoah bin Asap, bendahara karaton.
Eta pajabat Asur nyarita yen rajana palay uninga, naon nu jadi andelan Raja Hiskia nu matak wani ngalawan.
Kieu deui carekna, "Marukan ari kakuatan jeung kaahlian perang teh beunang ku omong wungkul? Rek menta dibantu ku saha nu matak wani barontak ka Asur?
Maraneh ngaharep ka raja Mesir anu teu beda ti iteuk kaso, babari pites, ari geus pites tuluy nojos kana leungeun sorangan. Siga kitu kaayaan raja Mesir anu diarep-arep pitulungna teh."
Terus deui, "Atawa sugan rek ngaku boga andelan PANGERAN, Allah maraneh tea? Kapan eta mah altar-altar jeung kuil-kuilna geus diruksak ku Hiskia, da carek eta raja urang Yuda jeung urang Yerusalem teh mun ngabakti kudu make saaltar bae.
Ayeuna, kalawan asmana gusti kami raja Asur, kami daek mere ka maraneh dua rebu kuda, asal maraneh sanggup ngayakeun prajuritna.
Pamohalan maraneh kuat ngelehkeun perwira-perwira Asur, najan perwira Asur nu panghandapna. Parandene make hayang dikirim kareta perang jeung pasukan kuda ku urang Mesir.
Dikira kami nempuh nagri maraneh nepi ka tumpur teh henteu dibantu ku PANGERAN? Malah PANGERAN anu marentah nempuh jeung ngagempur oge."
Elyakim, Sebna jeung Yoah mihatur ka eta gegeden, "Saena mah sasauran ku basa Aram bae, kaula ngarti. Ulah ku basa Ibrani, margi kakuping ku rahayat anu di luhur kuta."
Ari jawabna, "Dikira kami diutus ku raja nepikeun ieu hal teh ngan ka maraneh bae? Lain! Kami nyarita teh ka maraneh jeung ka itu nu dariuk dina kuta, anu engke bakal ngahakan kotoran sorangan jeung ngarinum cikiihna sorangan, sakumaha niat maraneh."
Geus kitu eta gegeden teh nangtung tuluy ngagorowok ku basa Ibrani, "Darengekeun timbalan raja Asur!
Raja kami ngelingan, maraneh ulah kabawakeun ku Hiskia. Hiskia moal bisa nyalametkeun maraneh.
Ulah kawujuk ku manehna anu ngajak nyarandu ka PANGERAN. Tong ngaharep PANGERAN bakal nulungan atawa nyegah balad Asur ngarebut kota maraneh.
Tong narurut ka Hiskia! Parentah raja Asur, maraneh kudu kalaluar ti jero kota, pasrahkeun diri ka kami. Maraneh bakal diidinan ngahakan anggur ti kebon sorangan, buah kondang tina tangkal pelak sorangan, ngarinum ti sumur sorangan,
nepi ka maraneh engke dibere tempat ku raja kami, anu leuwih ti batan ieu kota. Hayang nginum anggur, kebon anggurna aya. Harayang nyieun roti, kebon gandumna aya.
Ulah kabobodo ku Hiskia. Ulah malikir bakal disalametkeun ku PANGERAN. Dewa bangsa mana anu geus bisa nyalametkeun nagrina tina panangan raja Asur?
Coba, mana dewana urang Hamat jeung dewana urang Arpad? Mana dewana urang Separwaim? Aya anu bisa nyalametkeun kota Samaria?
Cik iraha dewa-dewa eta kota-kota, nyalametkeun kotana ti panangan raja kami? Jadi naon dasarna maraneh boga pangira yen PANGERAN sanggupeun nyalametkeun Yerusalem?"
Jalma-jalma mani jempling, turug-turug memang kitu ditimbalanana ku Raja Hiskia, jadi teu aya nu kecet-kecet.
Elyakim, Sebna jeung Yoah nyosoeh pakeanana bawaning ku nalangsa, tuluy arasup deui ka jero kota rek ngunjukkeun ka rajana ucap-ucapan eta pajabat Asur.