Yesaya 38
Meh sawaktu jeung eta, Raja Hiskia teu damang mehmehan pupus. Sumping Nabi Yesaya, sasauran ka anjeunna, "Sang Raja ku PANGERAN ditimbalan mereskeun sagala rupi urusan, margi moal tiasa damang deui, sakedap deui bakal pupus."
Hiskia ebogna malik kana tembok, ngadoa,
"Nun PANGERAN, sing emut ka abdi. Abdi parantos ngesto ka Gusti kalayan satia, parantos sakiat-kiat ngajalankeun pangersa," saurna bari terus nangis sesegruk.
PANGERAN nimbalan ka Yesaya,
miwarang supaya anjeunna ka Hiskia deui sarta kudu sasauran kieu, "Kami, PANGERAN, Allahna Daud karuhun maneh, geus ngadangu panyambat maneh, jeung ningali cipanon maneh. Maneh meunang keneh hirup lima belas taun deui.
Maneh jeung Yerusalem tangtu dirahayukeun tina ancaman raja Asur. Yerusalem bakal terus ditangtayungan ku Kami." Ku Yesaya disaurkeun yen bisul raja teh kudu dipopokan ku buah kondang, tangtu damang. Hiskia mariksa, "Naon tawisna keur ngabuktikeun yen kaula bakal bisa deui datang ka Bait Allah?
Waler Yesaya, "Kangge ngabuktikeun yen Mantenna moal geseh tina jangji, PANGERAN bakal maparin tandana, nya eta:
Kalangkang tangga anu dipidamel ku Raja Ahas, ku PANGERAN bade diundurkeun sapuluh lengkah." Seug kalangkang tangga teh ngeser, undur sapuluh lengkah.
Sanggeus damang, Hiskia nyerat ieu guguritan:
Waktu umur kami tengah tuwuh, meh bae mulang ka enggon nu paeh, kudu ajal paturay jeung nyawa.
Panyana teh di ieu dunya anu harirup, kami geus moal nenjo-nenjo deui PANGERAN, moal nenjo-nenjo deui jelema.
Kudu puput umur eureun hirup, lir kemah nu geus diruag, lir lawon diteukteuk tina tinunan, panyana teh ku Allah tereh dipundut umur.
Unggal peuting nangankeun kanyeri, tulang-tulang asa dikerekeb singa. Panyana teh ku Allah tereh dipundut umur.
Sora geus haroshos, meh leungit, balas humaregung kawas japati ngaderuk. Panon celong, dipake melong ka langit. Nun PANGERAN, jait abdi tina hukuman.
Kami rek bisa unjukan naon, da eunggeus kersaning PANGERAN. Bati ceurik dina hate, boro-boro bisa mondok.
Nun PANGERAN, abdi bade hirup kangge Gusti, mung kangge Gusti. Cageurkeun abdi, widian hirup.
Kaprihatinan abdi bakal jadi katengtreman Gusti nyalametkeun hirup abdi tina sagala bahaya Gusti ngahapunten sadaya dosa abdi.
Di dunyana nu maot mah moal aya nu muji ka Gusti. Nu maot mah moal ngarep-ngarep kasatiaan Gusti.
Anu muji ka Gusti teh jalmi anu hirup, sapertos abdi ayeuna, muji ka Gusti. Bapa-bapa nyarita ka anak-anakna, nerangkeun kumaha satiana Gusti teh.
Nun PANGERAN, abdi parantos dicageurkeun. Abdi-abdi bade narabeuh kacapi, sareng ngidungkeun pamuji. Muji saumur-umur di lebet Bait Gusti.
(38:6)
(38:6)