Meh sawaktu jeung eta, Raja Babul, Merodak Baladan putra Baladan, ngadangu warta yen Raja Hiskia geus sae tina teu damangna, tuluy kikintunan dibarengan ku surat.
2
Utusanana ku Hiskia ditampi, malah dicandak ningalian dunyabranana, emas, perak, bahan seuseungitan kitu deui sagala kaperluan tentarana. Kamar-kamar tempat rajabrana, kitu deui nu aya di tempat-tempat sejen di karajaanana, kabeh ditembongkeun teu aya anu kaliwat.
3
Ti dinya sumping Nabi Yesaya ka Raja Hiskia, mariksakeun, "Eta jalmi-jalmi ti mana sareng naon sanggemna ka Sang Raja?" Waler Hiskia, "Ti nu tebih, ti nagri Babul."
4
"Dicandak ningalian naon di karaton?" saur Yesaya. Waler Hiskia, "Sagala rupi bae. Kamar-kamar dunyabrana sadayana ditembongkeun, teu aya anu kalangkung."
5
Saur Yesaya, "Timbalan PANGERAN Nu Maha Kawasa,
6
engke dina hiji waktos sagala rupi anu aya di karaton Raja, sagala rupi anu kenging ngempelkeun karuhun Raja dugi ka wangkid ieu, bakal diakut ka Babul, moal aya anu kantun.
7
Putra Sang Raja ku anjeun oge sapalih bakal diboyong dijadikeun gandek karaton raja Babul."
8
Eta kasauran kitu kahartoseun ku Raja Hiskia, yen anjeunna mah sapanjang hirupna bakal santosa. Ku sabab eta walerna, "Eta timbalan PANGERAN anu disaurkeun ku Bapa, sae maksadna."