:

Yesaya 41

1

Dawuhan Allah, "Eh pulo-pulo, rarepeh! Dengekeun ieu Kami! Asongkeun perkara maraneh di pangadilan. Pek di dinya ngomong, padu jeung Kami, urang tangtukeun saha anu bener.

2

Saha nu ngondang si tukang nalukkeun ti wetan, anu geus ngersakeun manehna jaya ka mana bae iangna? Ku saha manehna bisana meunang, bisa ngelehkeun raja-raja jeung bangsa-bangsa? Saban lawanna rubuh ku pedangna, lir lebu, paburisat ku jamparingna lir jarami ditiup angin?

3

Saban ngudag ngabeledig ngan rahayu bae, lumpatna ngabelesat meh teu napak kana taneuh.

4

Ku saha eta teh bisana kitu? Ku saha sajarah ditangtukeunana? Ku Kami, PANGERAN, anu geus jumeneng ti awalna. Nya Kami, PANGERAN, Allah nu bakal aya di ahir.

5

Ti pulo-pulo anu jarauh, jalma-jalma geus narenjo padamelan Kami, seug sarieuneun, ngararompod. Tuluy karumpul ngahiji, sarta daratang.

6

Tukang-tukang kayu nyarieun karajinan, silih bantuan, silih hatean.

7

Tukang-tukang kayu ngahatean kamasan-kamasan, pokna, ‘Alus eta arca teh!’ Tukang neupa ngahatean ka tukang ngaranjing-ranjing, pokna, ‘Alus patrianana!’ Seug arcana ditangtungkeun, dipageuhan ku paku.

8

Tapi maneh mah, eh Israil abdi Kami, maneh mah umat Kami, beunang Kami milih. Maneh mah turunan Ibrahim, sahabat Kami.

9

Maneh ku Kami dicandak ti unggal tungtung jagat, disaur ti juru-juru anu jarauh, bari ceuk Kami, ‘Maneh teh abdi Kami, ku Kami moal ditampik, malah ngahaja dipilih.’

10

Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon-naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun.

11

Sakur anu ambek ka maneh bakal ngarasa kumaha erana nu eleh. Anu narajang ka maneh tangtu paraeh.

12

Maraneh bakal neangan jalma-jalma anu geus ngamusuhan ka maraneh, tapi moal kapanggih. Jalma-jalma anu merangan ka maraneh, ayeuna geus binasa, leungit ti alam dunya.

13

Kami teh PANGERAN, Allah maneh, anu nguatkeun leungeun katuhu maneh. Timbalan Kami, ‘Ulah sieun, maneh ku Kami rek dibantu.’"

14

Timbalan Allah, "Eh Israil, maneh teh nya lembut nya hengker. Tapi tong salempang, tangtu ditulungan. Kami teh Allah Israil nu suci, Kami anu bakal ngarahayukeun.

15

Maneh ku Kami rek dijadikeun ibarat parud, huntuna alanyar, sareukeut, gunung-gunung barubuk diparudan, pasir-pasir jadi lebu.

16

Tuluy ku maneh dipangpengkeun ka awang-awang, ngoleang kabawa angin, ngarapeng paburisat. Maneh tangtu bakal genah, sabab manutan ka Kami, Allah maneh. Maneh geus tangtu bakal muji ka Kami, Allah Israil nu suci.

17

Lamun umat Kami tigerat cai nepi ka tikorona garing kahalabhaban, panyambatna tangtu diwaler. Kami, Allah Israil, moal ngantep.

18

Kami rek nyieun walungan-walungan, sina ngalocor ti pasir-pasir bulistir. Lebak-lebak sina pinuh ku cinyusu, gurun keusik sina ngaremplang caraian, tanah keri sina pinuh ku cinyusu.

19

Tengah gurun keusik sina pinuh ku tatangkalan, kiputri, kipilang, kihiang, jeung jetun, sina jadi leuweung, leuweung camara, kihuru, kijamuju.

20

Jalma-jalma bakal narenjo eta, seug nyaraho ka anu ngadamelna. Bakal ngahalartieun yen dijadikeunana teh ku Kami, Allah Israil nu suci."

21

PANGERAN, Raja bangsa Israil nimbalan, "Eh brahala-brahala, hayu urang padu, ngadu perkara. Pek asongkeun alesan nu pangkuatna.

22

Ka dieu, coba ramal, naon anu bakal kajadian, sangkan sarerea nyaho, sangkan saradia ti anggalna. Pek pedar kajadian-kajadian nu geus kaliwat, terangkeun hartina.

23

Jeung terangkeun naon anu bakal kajadian! Tangtu engke kanyahoan, maraneh teh Allah atawa ngan aallahan! Pek hojah kumaha pihadeeunana, atawa coba datangkeun naon bae anu pibahlaeun, nepi ka matak ngompod sarerea!

24

Hamo, maraneh kabeh hamo bisa! Sakur anu ngabakti ka maraneh, engke malik ngajejeleh!

25

Kami ngahaja geus milih hiji jalma, urang wetan, sina narajang ti beulah kaler. Raja-raja ku eta bakal diidek kawas leutak, lir taneuh diidek ku panjunan.

26

Coba mana ti maraneh anu bisa norah yen bakal kitu, sangkan sarerea nyaho yen maraneh awas! Euweuh, hiji ge euweuh nu bisa ngomong naon-naon, teu sakecap-kecap acan. Saurang ge euweuh anu ngadenge maraneh ngaramal, anu ngadenge maraneh ngucapkeun ramalan!

27

Ieu Kami, PANGERAN, anu pangheulana nepikeun eta warta ka Sion. Kami ngirim utusan ka Yerusalem, ngabejaan: ‘Rahayat maneh tereh daratang! Tereh marulang!’

28

Diilik-ilik ku Kami, eta brahala-brahala hiji ge taya nu ngomong sakemek, euweuh pisan anu bisa ngajawab pananya Kami.

29

Eta brahala-brahala kabeh euweuh gunana, kabeh euweuh pisan guamna, ngaranna ge brahala, euweuh tanagana, euweuh kawasana."

Link: