:

Yesaya 42

1

Timbalan PANGERAN, "Ieu abdi Kami, beunang Kami ngukuhkeun, beunang milih, cocog jeung lelembutan, jeung geus dieusian roh Kami. Tangtu adil ka sakabeh bangsa.

2

Anjeunna moal huak-haok garawak-gorowok, moal pidato di jalan-jalan.

3

Moal nepi ka miteskeun kaso anu geus ngulapes, moal mareuman palita anu hurungna geus kakalincesan. Jembar adil ka sakabeh, sarta moal barobah.

4

Moal leutik hate atawa leungit kawani, nanjeurkeun kaadilan di bumi. Pangajaranana dipikabutuh ku nagri-nagri nu jarauh."

5

Allah ngadamel jeung mentangkeun langit, ngawangun bumi katut sagala nu aya di dinya, sarta maparin nyawa jeung napas ka sakabeh mahluk nu hirup di dinya. Ayeuna, Allah PANGERAN ngadawuh ka abdi-Na,

6

"Maneh disaur ku Kami, PANGERAN, diserenan kawasa ngajalankeun kaadilan di dunya. Ku jalan maneh Kami meungkeut perjangjian jeung sakabeh manusa. Ku jalan maneh Kami rek mere caang ka sakabeh bangsa.

7

Anu lolong ku maneh bakal dibeuntakeun, sakitan-sakitan dikaluarkeun ti jero panjara nu poek.

8

Allah maneh teh ngan Kami, PANGERAN. Kaagungan Kami moal dibagikeun ka saha-saha, Kami moal ngantep arca kabagi kamashuran Kami.

9

Perkara anu diwejangkeun ku Kami, ayeuna geus bukti. Ayeuna Kami rek ngadawuhkeun perkara anyar, sanajan eta tacan ngajadi."

10

Pujikeun pupujian anyar ka PANGERAN! Paruji kamulyaan Mantenna di sajagat! Paruji, eh mahluk pangeusi laut! Paruji, eh nagri-nagri nu jarauh jeung nu caricing di dinya!

11

Gurun keusik jeung kota-kotana, mangka maruji ka Allah; urang Kedar mangka maruji ka Mantenna! Nu maratuh di kota Sela kudu sarurak ti puncak-puncak gunung!

12

Anu maratuh di nu jarauh, kudu maruji ngagungkeun ka PANGERAN!

13

Allah geus jengkar lir prajurit maju perang, tatandang hoyongeun geura prung. Lajeng ngahucuhkeun perang, ngahucuhkeun jurit mintonkeun kakawasaan ka musuh.

14

Timbalan Allah, "Geus lila Kami bungkem bae, teu ngawaler ka umat Kami. Ayeuna geus waktuna Kami meta bijil sora, rek ngagero lir awewe ngajuru.

15

Pasir-pasir, gunung-gunung, rek digempur. Jujukutan jeung tatangkalan sina gararing. Lengkob-lengkob walungan sina jadi gurun keusik, situ-situ sina saraat.

16

Umat Kami anu lalolong rek ditungtun ka jalan anu ku maranehna tacan kasorang. Dunyana nu poek rek disina caang. Tincakeunana anu garokgek rek disina rata. Kitu jangji-jangji Kami, nu geus pasti dilaksanakeun.

17

Sakur nu percaya ka arca-arca, anu miallah ka brahala-brahala, bakal direndahkeun jeung dihina."

18

PANGERAN nimbalan, "Eh nu tarorek, dengekeun! Telek-telek, eh nu lalolong!

19

Naha aya kitu anu leuwih lolong ti batan abdi Kami, anu leuwih torek ti batan utusan Kami?

20

Eh Israil, geus loba anu ku maraneh ditenjo, kumaha geus dihartikeun? Maraneh baroga ceuli pikeun ngadenge, tapi naon bae anu geus kadarenge teh?"

21

PANGERAN teh Allah anu kacida hoyongeunana nyalametkeun. Ku sabab kitu Mantenna ngayakeun hukum jeung pangajaran, anu kudu dihormat ku umat-Na.

22

Tapi ayeuna umat-Na teh geus dirampog, ditutup di jero tahanan handapeun taneuh, dikerem di jero panjara-panjara. Maranehna geus dirampog jeung diranjah, euweuh nu datang pikeun ngajait.

23

Daraek maraneh ngaregepkeun ieu? Kumaha ayeuna daraek ngadenge sing bener?

24

Saha nu nyerenkeun Israil nepi ka Israil aya nu ngaranjah? PANGERAN ku manten, lantaran urang dosa ka Mantenna! Hirup urang teu sapagodos jeung pangersa-Na, arembung nurut kana pangajaran-pangajaran Mantenna.

25

Nu Matak urang ku Mantenna dibenduan sakieu hebatna, nandangan siksaan perang. Bendu-Na lir seuneu ngahuru sakuliah Israil. Parandene kitu urang tetep henteu daek eling, urang arembung nyokot hikmahna.

Link: